[1] Simkuring, anu ku Allah dipercanten ngabantu padamelana-Na, cumeluk; muga eta sih kurnia Allah teh, ku dulur-dulur ulah dibaekeun.
[2] Kieu timbalana-Na: ‹Upama geus tepi ka wanci, maraneh tangtu dikabul ku Kami. Samangsa cunduk waktu rahayu, maraneh tangtu dirahayukeun.› Nya kiwari, wancina sarta cunduk waktuning rahayu teh.
[3] Simkuring, lain rek ngabobodo, oge moal nyimpang tina papancen.
[4] Sabalikna, dina sagala perkara, nembongkeun yen simkuring sapara kanca teh enya-enya abdi Allah. Ku jalan tetep tawekal, dina kasusah, dina bahaya, dina panjara, dina panyiksaan,
[5] dina huru-hara, dina gawe beurat, dina kurang dahar, boh dina kurang mondok.
[6] Eta kabeh, ku simkuring, disanghareupan kalawan tekad anu buleud dibarengan ku sipat waspada, sabar, sareh, bari nyuhunkeun pangdeudeul Ruh Allah dina kanyaah anu sajati.
[7] Bari muntang kana kakawasaan Allah seja nyaturkeun kayaktian nurutkeun anu saenyana. Pikeun nyanghareupan lawan atawa pikeun ngabela diri, nu dipake pakarang nya eta kajujuran;
[8] jujur narima pamuji, panghina, panghargaan, kitu deui upama disapirakeun. Memang sok dicap tukang tipu najan ngomongkeun perkara nu bener.
[9] Sering disaha-saha sanajan geus pada wawuh. Geus dianggap paeh, sanajan hirup keneh. Sering keuna ku panyiksa, tapi tara nepi ka pegat nyawa.
[10] Sareatna sangsara, tapi karasana sugema. Hirup malarat, tapi bisa ngabeungharkeun ka batur. Sareatna taya kaboga; tapi boga sagala rupa.
[11] Dulur-dulur di Korinta! Simkuring geus nembrakkeun eusi hate sabalakana ka aranjeun.
[12] Hate simkuring, estu laluasa narima ka aranjeun; sabalikna, hate aranjeun anu sesek, enggoning narima simkuring.
[13] Cik atuh, hate aranjeun oge sing laluasa ka simkuring; sabab ka aranjeun teh, simkuring mah, geus asa ka anak.
[14] Ulah deudeukeutan jeung jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Sabab naon saruana kaadilan jeung kajahatan? Naon patalina caang jeung poek?
[15] Na iraha, Al Masih satujuan jeung Iblis? Dina naon samilikna antara nu palercaya ka Allah jeung anu henteu?
[16] Bisa kitu Bait Allah disajajarkeun jeung imah berhala? Kapan urang teh jadi bait suci-Na Allah anu jumeneng, sakumaha dawuhana-Na: ‹Kami rek ngancik di maranehna, marengan hirup kumbuhna. Kami anu baris jumeneng Allah nu disembah ku maranehna, ari maranehna jadi umat Kami.›
[17] Ku sabab kitu, dawuhan Pangeran: ‹Geura kaluar maraneh ti nu daroraka, ulah campur jeung jelema-jelema anu narajis. Tangtu maraneh ku Kami ditarima.
[18] Sarta Kami baris jadi Rama maraneh. Maraneh baris diaku anak ku Kami, boh nu awewe, boh nu lalaki.› Kitu timbalan Pangeran Nu Langkung Kawasa.