[1] Simkuring, Paulus, dipajarkeun teh, rajeun wani ari jauh; ari adu hareupan mah, teu wani kitu kieu. Demi Al Masih anu lemes panggalih-Na, simkuring seja ngelingan ka aranjeun:
[2] Kahade, ulah ngajak simkuring keras ana adu hareupan. Ulah maksa simkuring kudu ngaweweleh jelema-jelema anu nuding yen ieu usaha simkuring teh, keur nyocokan pangabutuh jasmani.
[3] Memang simkuring oge jalma lumrah, nya eta tina daging jeung getih; tapi bajuangna simkuring teh, lain katarik ku pangabutuh jasmani.
[4] Pakarang anu dipake ku simkuring, lain buatan manusa; tapi kakawasaan Allah, anu sanggup ngancurkeun benteng-benteng, numpes akal-ekol palsu,
[5] sanggup ngabedah tiap-tiap hahalang anu mendetan usaha jalma pikeun nyaho saha Allah teh. Sanggup ngaboyong sagala pikiran jeung angen-angen manusa sina aranut ka Al Masih.
[6] Upama aranjeun enggeus kabeh tunduk ka Al Masih, simkuring sapara kanca geus sadia baris ngahukum ka sakur anu mungpang.
[7] Ari aranjeun nilik jelema teh tina lahirna bae? Sing saha anu boga angkeuh jadi milik-Na Al Masih, kudu nalek maneh bari mikir, yen simkuring sapara kanca ge, kagungan Al Masih cara manehna.
[8] Malah simkuring mah, najan rek agul-agul oge pantes; sabab simkuring, ku Gusti geus dipercaya pikeun ngolah aranjeun: Dipiwarang ngolah, lain dipiwarang ngancurkeun!
[9] Surat-surat simkuring oge, ulah disangka nyingsieunan wungkul.
[10] Bisa jadi, aya anu ngomongkeun kieu: ‹Surat-suratna mah, Paulus teh, memang ngareusi jeung aranteb. Tapi ari geus adu hareupan mah, teu pira jeung nyaritana ge, teu pati bisa.›
[11] Ka anu karitu, — ku aranjeun ge, engke kanyahoan — yen simkuring teh heunteu beda, boh dina surat, boh pahareup- hareup.
[12] Tapi simkuring mah, moal nurutan atawa nandingan jalma-jalma anu sok ngagul-ngagul maneh, anu ngukur dirina ku ukuran sorangan, jeung anu nandingkeun maneh kana dirina sorangan. Sabab jalma kitu teh, tetela bodo balilu!
[13] Simkuring mah, agul ge moal liwat wates: Moal kaluar ti jero lingkungan anu diwates ku Allah kaasup daerah aranjeun.
[14] Simkuring ngawawarkeun Injil Al Masih ka aranjeun teh, henteu ngaronjat-ronjatkeun maneh; — kawas nu sieun teu nepi bae — sabab aranjeun, teu burung kahontal.
[15] Di tempat-tempat anu geus dipigawe ku batur, paliyas simkuring rek agul-agul. Tapi di tempat cekelan sorangan, nya eta di aranjeun, — mun gawe simkuring mekarkeun iman aranjeun tea, geus hasil — simkuring pantes mun miharep leuwih dihargaan deui ku aranjeun teh.
[16] Upama iman aranjeun geus hirup hurip, tangtu simkuring bisa neruskeun gawe ngawawarkeun Injil ka tempat-tempat anu leuwih jauh, nya eta anu can digarap ku batur; da simkuring mah, embung agul ku pagawean batur.
[17] Ceuk Kitab oge: ‹Mun aya nu niat seja ngagungkeun, ngagungkeunana teh kudu ka Pangeran.›
[18] Jalma anu pujieun mah, lain anu sok muji maneh, tapi anu kapuji ku Pangeran.