[1] Sanggeus poe Sabat tutup, Maria Magdalena, Maria indungna Yakobus, jeung Salome, mareuli boreh seungit pikeun ngaboborehan layon Yesus.
[2] Arinditna ka makam poe Minggu isuk-isuk pisan barang meletek panonpoe.
[3] “Saha engke anu manggulingkeun batu tutup pajaratan?” ceuk maranehna bari leumpang. Batuna teh kacida gedena. Tapi batu tutup makam teh kasampak geus aya nu ngagulingkeun,
[5] tuluy bae arasup. Barang geus araya di jero, maranehna mani tinggarebeg, nenjo di beulah katuhu aya nu keur calik ngora-ngora, jubahna bodas.
[6] Pok nu keur calik teh ngalahir, “Tong sarieun! Nyai tangtu rek ngalayad Yesus urang Nasaret anu dihukum salib tea. Anjeunna geus teu di dieu, geus digugahkeun! Tuh, kari urut ebog-Na!
[7] Geura pupulihkeun bae ayeuna mah ka murid-murid-Na, ka Petrus oge. Bejakeun, ‘Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea sakumaha saur-Na tea, engke tangtu kapanggih ku aranjeun di ditu!’ ”
[8] Maranehna kaluar rurusuhan ti jero pajaratan tuluy lalumpatan. Maranehna teu ngomong naon-naon ka saha-saha oge lantaran sarieuneun. [
[9] Eta wanita-wanita tuluy nepungan Petrus jeung batur-baturna, sarta kalawan ringkes nyaritakeun anu dipesenkeun ka maranehna tea.
[10] Sanggeus eta mah Yesus ku Anjeun ku jalan murid-murid-Na ngawawarkeun eta amanat suci tur abadi, ti masrik nepi ka magrib, ngeunaan kasalametan anu langgeng.]
[11] Dibejaan yen Yesus geus hirup deui teh tur jeung Maria mah malah geus papanggih, maranehna teu palercayaeun.
[12] Geus kitu ku cara sejen Yesus nembongan ka dua jelema ti antara panganut-Na, nu keur di satengahing jalan rek ka hiji kampung.
[13] Eta anu duaan baralik deui ka kota bebeja ka nu sejen, tapi teu dipercaya.
[14] Panganggeusanana Yesus nembongan ka sawelas murid-Na waktu maranehna keur dalahar. Maranehna ku Anjeunna diweweleh lantaran teu baroga iman, jeung keukeuh teu percaya ka jelema-jelema nu geus narenjo sorangan Anjeunna hirup deui.
[15] Geus kitu saur-Na, “Datangan ku maraneh sakuliah dunya, siarkeun Injil Kasalametan ka sakabeh manusa.
[16] Salamet anu percaya kana eta wawaran sarta dibaptis. Sabalikna cilaka anu arembung percaya.
[17] Nu palercaya bakal dibere kakawasaan nyieun kaajaiban-kaajaiban; bakal barisa ngusir roh-roh jahat ku nyambat jenengan Kami; bakal barisa ngomong dina basa-basa sejen;
[18] lamun nyekel oray matih atawa nginum racun maranehna moal naon-naon; lamun nyabak ka nu gering, nu geringna tangtu cageur.”
[19] Tutup Gusti Yesus ngalahir-Na ka maranehna, Anjeunna terus diangkat ka sawarga, terus linggih di tengeneun Allah.
[20] Murid-murid-Na tuluy ariang nyiarkeun Injil Kasalametan ka suklakna ka siklukna, tur Gusti oge ngiring barangdamel nyarengan maranehna, ngayakeun kaajaiban-kaajaiban geusan ngabuktikeun yen hal anu disiarkeun ku maranehna teh sayaktina.] [