Skip to content
Opens in a new window

[1] Ieu Injil Kasalametan anu ngawartakeun Yesus Kristus, Putra Allah.

[2] Ungel mimiti eta warta sakumaha anu diserat ku Nabi Yesaya, kieu: “Allah ngandika, ‘Ieu utusan Kami ku Kami rek diutus heulaeun Hidep, sina nyadiakeun jalan pikeun Hidep.’

[3] Aya nu cumeluk di gurun keusik, ‘Sadiakeun jalan pikeun Pangeran! Jieun jalan anu lempeng pikeun Mantenna!’ ”

[4] Nya bukti di gurun keusik aya nu muncul, ngabaptis jeung ngawulang, nya eta Yohanes. Piwulangna kieu, “Geura tarobat, geura dibaptis, geus tangtu dosa maraneh dihampura ku Allah.”

[5] Mangpirang-pirang jelema ti Yudea jeung ti kota Yerusalem daratang ngabarandungan piwulangna, terus ngaraku dosana, sarta tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.

[6] Anggoan Yohanes tina bulu onta jeung nganggo sabuk kulit. Ari barangtuangna simeut jeung madu leuweung.

[7] Anjeunna ngumumkeun kieu, “Engke, pandeurieun kami bakal aya anu sumping tur leuwih agung batan kami. Pikeun dongko di payuneuna-Na ge, ngudaran tali tarumpah-Na, kami ngarasa teu layak.

[8] Kami ngabaptis maraneh teh ku cai, tapi Anjeunna mah ngabaptisna ka maraneh engke ku Roh Suci.”

[9] Teu lila ti harita, Yesus oge ti Nasaret wewengkon Galilea sumping dibaptis ku Yohanes di Walungan Yordan.

[10] Barang timbul ti jero cai, Anjeunna ningali langit muka, sarta Roh Allah lungsur ka Anjeunna dina rupa manuk japati.

[11] Ti langit aya soara, ungelna, “Hidep teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami.”

[12] Harita keneh manah Yesus digerakkeun ku Roh Allah, Anjeunna tuluy angkat ka gurun keusik,

[13] cicing di dinya opat puluh poe opat puluh peuting, digoda ku Iblis. Di tempat eta loba oge sato alas, tapi Anjeunna dilalayanan ku para malaikat.

[14] Sanggeus Yohanes dipanjara, Yesus angkat ka Galilea ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah.

[15] Saur-Na, “Geura tarobat, geus waktuna, sabab Karajaan Allah geus meh ngadeg! Sing percaya kana ieu Injil Kasalametan!”

[16] Waktu Anjeunna keur angkat mapay sisi Talaga Galilea, ningali dua jelema adi lanceuk keur ngarala lauk, ngaranna Simon jeung Andreas.

[17] Ku Anjeunna diajak sareng, “Marilu ka Kami, engke ku Kami diajar ngala jelema.”

[18] Harita keneh duanana marilu, heurapna diculkeun.

[19] Yesus angkat deui. Angkat can pati jauh ti dinya ningali deui dua jelema adi lanceuk, Yakobus jeung Yohanes anak Sebedeus, keur ngaromean heurap dina parahu.

[20] Harita keneh disaur tuluy marilu, ninggalkeun bapana dina parahu jeung kuli-kuli.

[21] Yesus sumping ka kota Kapernaum jeung murid-murid. Dina poe Sabat Anjeunna lebet ka imah ibadah, ngawulang.

[22] Cara Anjeunna ngawulang estu pikaresepeun anu ngabarandungan, beda ti guru-guru agama maranehna. Anjeunna mah ngajarna teh gede wibawana.

[23] Sabot kitu, aya hiji jelema anu kasurupan roh jahat asup ka jero imah ibadah bari cocorowokan,

[24] “Arek naon datang ka urang, Yesus urang Nasaret? Rek ngabinasa? Kuring nyaho Anjeun teh utusan anu suci ti Allah!”

[25] “Repeh maneh!” saur-Na ka eta roh jahat. “Geuwat kaluar ti eta jelema!”

[26] Sanggeus ngageubig-geubig kacida nemenna ka eta jelema, eta roh jahat teh tuluy nyingkah.

[27] Anu nyaraksian mani harookeun sarta tuluy ngaromong pada batur, “Wah, naon ieu? Pangajaran anyar, kitu? Kawasa temen eta jelema teh, roh-roh jahat dititah kalaluar teh mani narurut kitu!”

[28] Beja hal Yesus gancang pisan nerekabna ka mana-mana di sakuliah daerah Galilea.

[29] Yesus jeung murid-murid-Na kaluar ti imah ibadah, tuluy ka imah Simon jeung Andreas. Yakobus jeung Yohanes ge milu.

[30] Ari mitoha awewe Petrus keur gering muriang, aya di enggon bae. Jadi barang Yesus sumping jeung anu ngariring terus bae diwartosan.

[31] Anjeunna terus ningalian mitoha Petrus, leungeunna diangkat terus dibantu dihudangkeun. Rep muriangna cageur, tuluy cakah-cikih ngalalayanan.

[32] Sanggeus panonpoe surup jeung mimiti peuting, loba anu daratang ka Anjeunna mawa anu garering jeung anu kasarurupan roh jahat.

[33] Urang kota eta tumplek mani ngagimbung di buruan eta imah.

[34] Yesus terus nyageur-nyageurkeun anu garering loba pisan sarta panyakitna rupa-rupa. Roh-roh jahat anu nyurup ge ku Anjeunna diusiran, loba pisan. Eta roh-roh jahat ku Anjeunna teu diidinan ngaromong naon-naon, sabab geus nyarahoeun saha Anjeunna.

[35] Poe isukna subuh-subuh keneh Yesus kaluar ti eta imah, ngabujeng hiji tempat sepi di luar kota, sembahyang.

[36] Simon sabatur-batur nareangan.

[37] Sanggeus kapanggih maranehna arunjukan, “Bapa dipilarian ku sadayana.”

[38] Tapi waler Yesus, “Urang kudu terus ka desa-desa sejen sakurilingeun ieu. Maranehna oge perlu ku Kami diwuruk, sabab kitu tujuan Kami datang teh.”

[39] Geus kitu Anjeunna ngider ka sakuliah Galilea, ngawulang di imah-imah ibadah jeung ngusir roh-roh jahat anu nyurup ka jelema.

[40] Aya jelema lepra datang ka Anjeunna, sujud ka payuneuna-Na menta ditulungan. Pokna, “Manawi Juragan kersa, Juragan iasa nyageurkeun abdi.”

[41] Manah Yesus welas pisan ka eta jelema, tuluy ngantelkeun panangana-Na kana awak eta jelema. “Heug, geura cageur,” saur-Na.

[42] Les leprana leungit, awakna pulih beresih.

[43] Ku Anjeunna dipiwarang buru-buru indit ti dinya sanggeus diomat-omatan heula,

[44] saur-Na, “Kade ulah cacarita ka saha-saha perkara ieu, terus bae ka imam menta dipariksa awak, tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa, supaya tetela ka sarerea yen maneh geus cageur.”

[45] Tapi eta jelema inditna teh terus cacarita ka ditu ka dieu teu eureun-eureun, nepi ka upama Yesus lebet ka kota moal iasa laluasa. Ku sabab eta Anjeunna di luar kota bae anu sarepi. Tapi jelema-jelema teu burung murubul ti mana-mana.

Markus — Chapters