Skip to content
Opens in a new window

[1] Teopilus anu mulya, Seueur jalmi anu parantos sateka-teka nyeratkeun perkawis anu parantos kajadian di urang.

[2] Hal-hal anu diserat ku maranehna cocog sareng carios anu katampi ku urang ti jalmi-jalmi anu ngawawarkeunana, nya eta anu nyaraksian sorangan eta kajadian ti awalna.

[3] Sim kuring, ku margi parantos nyukcruk kalayan taliti eta perkawis ti awit kajadianana, gaduh emutan aya saena nyeratkeun eta hal kalayan beres jujutanana, kangge Paduka.

[4] Maksad sim kuring nya eta supados hal leresna sagala perkawis anu parantos diwulangkeun ka Paduka teh ku Paduka kauninga sadayana.

[5] Keur mangsa Herodes ngarajaan di Yudea, aya hiji imam ti golongan imam-imam Abia, jenenganana Jakaria. Istrina oge turunan imam, jenenganana Elisabet.

[6] Istri pameget mulus lampahna di payuneun Allah, kacida ta'atna kana hukum jeung parentah Pangeran.

[7] Teu karagunganeun putra lantaran Elisabet gabug, jeung deui duanana geus kacida sarepuhna.

[8] Dina hiji poe Jakaria barangdamel mangku kawajiban imam di Bait Allah, giliranana laladen poean.

[9] Numutkeun undian anu biasa dijalankeun ku para imam, anjeunna anu kapilih kudu ngukus dina altar. Anjeunna lebet ka Bait Allah.

[10] Sabot anjeunna ngukus meuleum menyan, jalma rea ngadaroa di luar.

[11] Breh malaikat Pangeran nembongan ka anjeunna, ngadeg di katuhueun altar paragi ngukus.

[12] Jakaria ngarenjag jeung kacida sieuneunana.

[13] Tapi malaikat teh ngalahir, “Ulah sieun, Jakaria! Paneda anjeun ku Allah enggeus didangu. Elisabet bojo anjeun bakal boga anak, lalaki, pingaraneunana Yohanes.

[14] Pisakumahaeun anjeun bagjana upama eta geus lahir, nu sejen oge loba anu bakal bungah!

[15] Eta teh bakal jadi jelema penting di payuneun Allah. Ulah sina nginum anggur atawa inuman keras lianna. Ti barang dijurukeunana bakal dilinggihan ku Roh Suci,

[16] jeung bakal nungtun urang Israil baralik deui ka Pangeran Allahna.

[17] Manehna ku Pangeran diutus ti heula, bakal kuat jeung kawasa cara Nabi Elias; bakal ngarapihkeun kaom bapa jeung anak-anakna; bakal nungtun tukang ngaralawan baralik deui kana pikiran anu bener. Jadi eta teh bakal nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu daraek ngabdi ka Mantenna.”

[18] Piunjuk Jakaria ka malaikat, “Perkawis eta kumaha bade buktosna? Abdi parantos kolot, pun bojo nya kitu keneh.”

[19] Waler malaikat, “Kaula teh Jabrail, purah aya di payuneun Allah anu ngutus kaula ayeuna ka anjeun, nepikeun ieu warta anu pikabungaheun.

[20] Ieu hal tangtu bukti dina waktuna, tapi ku anjeun teu dipercaya. Ku sabab anjeun henteu percaya, anjeun bakal pireu, moal bisa ngomong nepi ka mangsa anu diomongkeun ku kaula kajadian.”

[21] Jalma-jalma anu keur ngadaragoan Jakaria hareraneun dumeh anjeunna sakitu lilana di jero.

[22] Ari kaluar, Jakaria bet teu iasaeun sasauran. Ku jalma rea kajudi yen anjeunna di jero mendak titingalian. Ku sabab teu iasa sasauran pisan, anjeunna tuluy pepeta ku panangan.

[23] Sanggeus tutup giliran anjeunna laladen di Bait Allah, Jakaria mulih ka bumina.

[24] Teu lila ti harita Elisabet geureuhana ngandeg, terus ngerem anjeun nepi ka lima bulan,

[25] sarta misaur kieu, “Ahirna Pangeran kersa mitulung, ngaleungitkeun kahinaan diri kuring.”

[26] Sanggeus Elisabet ngandegna nincak genep bulan, Allah ngutus malaikat Jabrail ka Nasaret, hiji kota di Galilea, il 2,65,83C *Sumur di Nasaret (1:26)*

[27] nyandak amanat ka hiji parawan anu eukeur babakalan jeung Yusup turunan Raja Daud. Eta parawan ngaranna Mariam.

[28] Jabrail sumping ka Mariam tuluy ngalahir, “Salam rahayu! Pangeran nyarengan ka Nyai sarta pohara ngaberkahana-Na.”

[29] Mariam ngarenjag nguping kasauran eta malaikat, jeung henteu ngartoseun naon maksudna.

[30] Malaikat ngalahir deui, “Ulah sieun, Mariam! Nyai kenging kurnia ti Allah.

[31] Nyai bakal ngandeg, bakal puputra anu ku Nyai kudu dijenenganan Yesus.

[32] Eta putra Nyai bakal agung, jeung bakal disarebut Putra Allah Nu Maha Agung. Ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na,

[33] bakal ngarajaan ka turunan Yakub salalawasna, sarta karajaana-Na moal aya anggeusna.”

[34] Piunjuk Mariam ka eta malaikat, “Eta perkawis teh kumaha pitiasaeunana, margi abdi teh parawan keneh?”

[35] Malaikat ngawaler, “Nyai bakal disumpingan ku Roh Suci, bakal diliputan ku kakawasaan Allah. Ku sabab kitu eta putra anu bakal medal teh suci, bakal disebut Putra Allah.

[36] Sangkan Nyai terang, Elisabet baraya Nyai anu kacaturkeun gabug tur geus sakitu kolotna, ayeuna keur ngandeg geus kagenep bulan ieu.

[37] Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil.”

[38] Piunjuk Mariam, “Abdi teh abdi Pangeran, mugia laksana sakumaha pilahir Juragan.” Ti dinya malaikat teh jengkar ngantunkeun Mariam.

[39] Ti dinya Mariam geuwat angkat ka hiji kota pagunungan di Yudea,

[40] ngajugjug ka bumi Jakaria. Sasumpingna tuluy uluk salam ka Elisabet.

[41] Barang Elisabet ngadangu salamna Mariam, bayi di jero kandunganana ngulisik. Elisabet dilebetan ku Roh Suci,

[42] terus nyaur tarik, “Nya Nyai anu pangdiberkahanana ti sadaya istri. Mugia wilujeng putra nu baris medal ti Nyai.

[43] Karah naon ieu Ibu dugi ka kenging nugraha disumpingan ku Ibuna Gusti sembaheun Ibu?

[44] Barang Nyai uluk salam, jabang bayi di jero kandungan Ibu dugi ka ajrug-ajrugan atoheun.

[45] Nyai estu bagja parantos kersa percaya yen perkawis anu diandikakeun ku Pangeran teh tangtos buktos!”

[46] Saur Mariam, “Hate abdi muji ka Pangeran,

[47] jiwa estu bingah, ku karana Allah Jurusalamet abdi,

[48] reh Mantenna parantos mikaemut ka abdi, abdi-Na nu laip. Ti semet ayeuna, jalma rea ka abdi bakal nyarebat bagja,

[49] reh abdi nampi perkawis anu marulya ti Allah Nu Maha Kawasa. Suci jenengan Mantenna.

[50] Sugri nu mikaajrih ka Mantenna, turun-tumurun ku Mantenna dipikawelas.

[51] Mantenna metakeun panangana-Na anu santosa, ngubrak-ngabrik anu aradigung katut sagala paniatanana.

[52] Raja-raja anu garagah perkosa, ku Mantenna dirurud tina tahtana, jalmi laip dijungjung harkatna.

[53] Kaom lapar dicekapan ku sagala kasaean, nu baleunghar sina indit ngagilincing.

[54] Mantenna sumping, nulungan Israil abdi-Na, sakumaha jangji-Na ka karuhun urang.

[55] Emuteun yen seja mikawelas ka Ibrahim, sareng ka sugri turunanana, salalanggengna!”

[56] Sanggeus nganjrekna di Elisabet kurang leuwih tilu bulan, Mariam tuluy mulih.

[57] Sanggeus Elisabet bobotna jejeg bulanna tuluy babar, putrana pameget.

[58] Tatangga-tatanggana jeung wargi-wargina anu nyarahoeun yen anjeunna mendak ganjaran anu taya papadana ti Pangeran, kabeh daratang ngawilujengkeun.

[59] Sanggeus yuswa eta murangkalih jejeg saminggu, maranehna daratang deui arek nyepitan murangkalih, sakalian dipaparin jenengan Jakaria, cara ramana.

[60] Tapi saur ibuna, “Ulah eta ngaranna! Kudu Yohanes.”

[61] Tapi ceuk maranehna, “Jenengan kitu mah teu aya di wargi-wargi Ibu!”

[62] Ti dinya maranehna pepeta ka Jakaria, maksudna naranyakeun murangkalih teh kudu dijenenganan saha.

[63] Jakaria mundut dipangnyandakkeun batu tulis, geus kitu nyerat kieu, “Ngaranna Yohanes.” Jalma-jalma teh kacida hareraneunana!

[64] Ari Jakaria harita keneh dadak sakala iasa deui sasauran, tuluy ngamulyakeun ka Allah.

[65] Jalma-jalma jadi sarieuneun. Saterusna beja eta kajadian teh nyebar ka sakuliah kota pagunungan Yudea.

[66] Saban anu ngadenge eta beja, hatena tingtaranya, “Rek jadi naon eta murangkalih teh?” Kawantu eta murangkalih teh diaping ku kakawasaan Pangeran.

[67] Jakaria, ramana Yohanes, dilebetan ku Roh Suci, tuluy ngawejang ngucapkeun amanat ti Allah:

[68] “Sagala puji ka Pangeran, Allah Israil! Mantenna sumping seja nulungan umat-Na, ngabebaskeun maranehna.

[69] Urang dipaparin Jurusalamet perkosa, turunan Daud abdi-Na.

[70] Baheula Mantenna jangji, dikedalkeunana ku nabi-nabi pilihana-Na,

[71] bakal nyalametkeun urang ti musuh-musuh, tina genggeman anu gareuleuheun ka urang.

[72] Dawuhana-Na, Mantenna baris mikawelas ka karuhun urang, sarta baris ngalaksanakeun jangji-Na nu suci.

[73] Ka Ibrahim rama urang Mantenna sumpah, jangji ngaleupaskeun urang ti musuh-musuh, sarta ngidinan urang ngabdi ka Mantenna kalawan taya karisi.

[75] Sangkan urang di payuneuna-Na mulus jeung bener saumur-umur.

[76] Ari hidep anaking, bakal disarebut nabi Allah Nu Maha Agung. Hidep ku Mantenna diutus ti heula, keur naratas jalan Mantenna.

[77] Pikeun ngembaran jalma-jalma yen bakal disalametkeun, ku jalan dihampura dosa-dosana.

[78] Allah urang sipat welas sipat kurnia, bakal nyorotkeun cahaya pisalameteun sina meletek luhureun urang,

[79] sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa.”

[80] Murangkalih tea beuki ageung, jiwana beuki teguh. Anjeunna mukim di gurun keusik, ngantos mangsana nganyatakeun anjeun ka urang Israil.

Lukas — Chapters