[1] Yesus angkat deui ti eta tempat ka daerah Yudea, meuntasan Walungan Yordan. Di dinya ge dirubung-rubung deui ku jalma rea, sarta saperti biasana Anjeunna terus maparin piwulang.
[2] Urang Parisi ge aya nu daratang, niatna rek ngadoja ka Anjeunna. “Kumaha Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikanana?” maranehna nyual.
[3] Ku Yesus diwaler ku sual deui, “Parentah Musa ka aranjeun kumaha?”
[4] Jawabna, “Musa ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikan, asal mere surat talak.”
[5] Saur Yesus, “Musa pang ngayakeun aturan kitu ka aranjeun teh lantaran aranjeun hese pisan diajar.
[6] Sabab dina jaman mimiti mah, nya eta waktu Allah ngajadikeun manusa, ku Kitab Suci disebutkeun yen, ‘Allah ngadamel manusa teh lalaki jeung awewe.
[7] Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’
[8] Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji.
[9] Ku lantaran kitu anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”
[10] Sanggeus araya di imah, hal eta ku murid-murid ditanyakeun ka Anjeunna.
[11] Ari saur-Na, “Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed ti pamajikanana.
[12] Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.”
[13] Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus, sina ditumpangan panangan ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.
[14] Kauninga ku Yesus, seug murid-murid teh diseuseul, sarta saur-Na deui, “Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan, sabab Karajaan Allah teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.
[15] Inget, jelema anu henteu narima kana Karajaan Allah saperti budak leutik, moal bisa asup ka eta Karajaan.”
[16] Geus kitu eta barudak teh dirangkulan, ditumpangan panangan, diberkahan.
[17] Barang Yesus rek angkat neruskeun perjalanan, aya nu lumpat nyampeurkeun, terus deku di payuneuna-Na. “Pa Guru nu sae,” carekna, “kedah kumaha lampah abdi supados kenging hirup langgeng?”
[18] Waler Yesus, “Ku naon Kami disebut hade? Jelema mah taya nu hade, ngan Allah bae.
[19] Hidep tangtu nyaho parentah-parentah anu kieu: Ulah maehan; ulah ngaranyed; ulah maling; ulah jadi saksi bohong; ulah nipu; sing hormat ka indung bapa.”
[20] “Pa Guru,” jawabna, “eta ku abdi parantos dilakonan ti aalit.”
[21] Eta jelema ku Yesus dipeleng bangun nyaah. “Tinggal sarupa deui,” saur-Na, “jualan kabeh babandaan hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin supaya hidep beunghar di sawarga. Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami.”
[22] Diwaler kitu teh beungeutna mani alum, terus undur bangun nalangsa, kawantu kacida beungharna.
[23] Yesus neuteup ka murid-murid, tuluy sasauran, “Hese naker jelema beunghar mah asup ka Karajaan Allah teh!”
[24] Murid-murid tingrarenjag. Tapi Yesus sasauran deui, “Barudak! Kacida hesena asup ka Karajaan Allah teh!
[25] Leuwih hese jelema beunghar asup ka Karajaan Allah ti batan onta moncor kana liang jarum.”
[26] Murid-murid beuki arolohok, tuluy patanya-tanya, “Lamun kitu, saha nu bisa salamet?”
[27] Ku Yesus diteuteup kabeh. “Memang, sual eta pikeun jelema mah mustahil, tapi di Allah mah henteu. Allah mah sagala rupa ge iasa.”
[28] “Pa Guru,” ceuk Petrus, “abdi-abdi parantos ngantunkeun sagala rupi, teras ngiring ka Bapa.”
[29] “Bener!” waler-Na. “Jeung saha-saha anu iklas ninggalkeun rumah-tanggana atawa ninggalkeun dulurna nu lalaki, nu awewe, atawa ninggalkeun indung atawa bapa atawa anak atawa pakaya lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah,
[30] dina jaman ieu bakal meunang gantina leuwih loba. Manehna bakal narima saratus kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awewe, indung, anak, pakaya, nya kitu deui panganiayaan, sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.
[31] Tapi ti nu ayeuna geus ti hareula loba nu bakal jadi pandeuri, sabalikna anu ayeuna ti pandeuri loba nu bakal jadi pangheulana.”
[32] Yesus jeung murid-murid-Na keur di jalan ka Yerusalem. Yesus angkatna hareupeun murid-murid anu keur pinuh ku kahariwang, kitu deui sakur anu naluturkeun di tukang oge kabeh ngarasa risi. Yesus nyaur dua welas murid-Na sina dareukeut, tuluy nyarioskeun hal anu bakal kasorang ku Anjeunna.
[33] “Darengekeun,” saur-Na, “urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ka guru-guru agama. Ku maranehna bakal diterapan hukum pati, tuluy diserenkeun ka bangsa nu lain Yahudi.
[34] Ku eta bangsa bakal dipoyok, diciduhan, dirangket, ahirna dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal hirup deui.”
[35] Geus kitu Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, ngadeukeutan ka Anjeunna tuluy mihatur, “Pa Guru, abdi gaduh panuhun.”
[36] “Naon,” Yesus mariksa.
[37] Tembalna, “Upami Bapa parantos linggih dina tahta Karajaan Bapa anu mulya, abdi duaan nyuhunkeun tempat gedengeun Bapa, tengeneun sareng kiwaeun.”
[38] Waler-Na, “Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur eusi kasangsaraan anu rek diinum ku Kami? Sanggup dibaptis ku baptisan anu rek dilakonan ku Kami?”
[39] Jawabna, “Sanggem.” Saur Yesus, “Memang, maraneh ge bakal nginum eusi lumur anu ku Kami kudu diinum, jeung bakal dibaptis ku baptisan anu ku Kami kudu dilakonan.
[40] Tapi Kami henteu wenang nangtukeun anu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Eta tempat disadiakeunana ku Allah, pikeun jelema-jelema anu geus dikersakeun ku Mantenna.”
[41] Murid-murid sejen ngadarenge eta pamenta teh arambekeun ka Yakobus jeung Yohanes.
[42] Ku sabab kitu Yesus ngalahir ka sarerea, “Maraneh nyaho, bangsa anu teu wawuh ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpin-pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.
[43] Maraneh mah ulah kitu. Lamun hayang jadi nu punjul kudu daek ngawula ka nu sejen,
[44] lamun hayang jadi nomer hiji kudu ngawula ka nu rea.
[45] Putra Manusa oge ka dunya teh lain hayang dikawulaan, malah rek ngawulaan jeung ngorbankeun nyawa-Na supaya loba jelema anu salamet.”
[46] Sanggeus narepi ka Yeriho, sarta barang Yesus jeung murid-murid kitu deui jalma loba kaluar ti eta kota, aya nu lolong keur diuk baramaen sisi jalan, ngaranna Bartimeus, anak Timeus.
[47] Sanggeus nyahoeun yen aya Yesus urang Nasaret, tuluy bae gegeroan, pokna, “Yesus, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
[48] Ku jalma rea disentak dititah jempe, tapi kalah ka beuki bedas, “Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
[49] Yesus liren sarta ngalahir, “Calukan ka dieu.” Tuluy eta nu lolong teh dicalukan. Ceuk nu nareangna, “Sing senang! Maneh disaur ku Anjeunna!”
[50] Bartimeus ngalungkeun jubahna, jung nangtung tuluy nyampeurkeun ka Yesus.
[51] Yesus mariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” “Pa Guru,” jawabna, “abdi hoyong tiasa deui ningal.”
[52] “Heug, cageur! Sabab maneh percaya ka Kami,” saur-Na. Dadak sakala manehna bisaeun nenjo, tuluy milu ngiring Anjeunna.