Skip to content
Opens in a new window

[1] Yesus jeung murid-murid-Na geus narepi ka peuntaseun Talaga Galilea beulah ditu, di wewengkon Gerasa.

[2] Barang Anjeunna lungsur tina parahu, papanggih jeung hiji jelema anu datangna ti pakuburan di dinya. Eta jelema diraksuk ku roh-roh jahat,

[3] cicingna di kuburan-kuburan. Eta jelema geus teu bisa ditalian sanajan ku rante.

[4] Geus sababaraha kali suku jeung leungeunna ditalian, tapi rantena dipegatkeun deui, dipegatkeun deui, beusi bangkol sukuna dibubukkeun. Taya nu bisa nalukkeun ku bedas-bedasna.

[5] Beurang peuting ngaprak di kuburan-kuburan jeung di pasir-pasir, ceuceuleuweungan bari nurihan maneh ku batu seukeut.

[6] Sanggeus nenjoeun ka Yesus ti nu rada anggang, tuluy lumpat nyampeurkeun, brek bae deku di payuneuna-Na,

[7] tuluy ngagorowok, “Yesus, Putra Allah Nu Maha Agung! Aya pikersaeun naon ka kuring? Demi Allah, kuring ulah disiksa!” (

[8] Nu matak sasambat kitu sabab ku Yesus ditimbalan kieu, “Eh, roh jahat, kaluar maneh ti eta jelema!”)

[9] Ku Yesus dipariksa, “Maneh saha ngaran?” Jawabna, “Ngaran kuring ‘Legiun’ sabab kacida lobana!”

[10] Manehna terus nunuhun supaya ku Yesus ulah diusir ti eta daerah.

[11] Teu jauh ti dinya aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir.

[12] Roh-roh jahat teh nunuhun ka Yesus, “Kuring idinan nyurup ka itu babi-babi.”

[13] Sanggeus diidinan, eta roh-roh jahat teh kalaluar tuluy nyarurup ka eta babi-babi. Babi-babina anu kabehna aya dua rebu tuluy laluncatan ka talaga tina hiji gawir, kabeh titeuleum.

[14] Anu ngajaragana tingbalecir ka kota jeung desa-desa sakurilingna, nyebarkeun beja. Tuluy jalma-jalma kalaluar rek narenjo eta kajadian.

[15] Barang daratang, jelema anu tas kasurupan teh aya, keur diuk jeung geus make pakean, ingetanana geus waras. Maranehna kacida sarieuneunana ku Yesus.

[16] Anu nyaraksian sorangan nu kajadian ka eta jelema jeung ka babi-babi tea tuluy nyaritakeun deui ka nu sejen.

[17] Geus kitu urang dinya nunuhun ka Yesus supaya Anjeunna buru-buru ngantunkeun daerah maranehna.

[18] Waktu Yesus naek deui kana parahu, jelema anu tas kasurupan teh hayangeun milu. “Mugi abdi dicandak,” carekna.

[19] Tapi ku Anjeunna teu diidinan, saur-Na, “Mending balik. Caritakeun ka kulawarga pitulung Pangeran anu geus mikaheman ka maneh.”

[20] Manehna nurut, tuluy indit ngider ka sakuliah wilayah Sapuluh Kota, nyaritakeun pitulung Yesus ka dirina. Urang dinya kacida hareraneunana.

[21] Yesus mulih deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tuluy tumplek ka Anjeunna di sisi talaga.

[22] Sabot kitu, datang pangurus imah ibadah di dinya, ngaranna Yairus, terus sujud ka Yesus,

[23] tuluy ngalengis ka Anjeunna, pokna, “Pun anak awewe udur, mugi ku Bapa ditumpangan panangan, tangtos cageur sareng tiasa hirup teras.”

[24] Yesus angkat ti dinya jeung manehna. Sapanjang jalan jelema-jelema anu marilu laleumpangna mani padeukeut-deukeut jeung Anjeunna.

[25] Aya hiji awewe boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun teu cageur-cageur,

[26] tabib-tabib taya nu sanggup. Duitna geus beak dipake tatamba, tapi kasakitna teu cageur-cageur, malah tambah parna.

[27] Sanggeus meunang beja hal Yesus, manehna tuluy milu seselendep jeung nu rea ka pungkureun Anjeunna.

[28] Ceuk pikiranana, “Asal bisa nyabak jubah-Na bae tangtu aing cageur.”

[29] Tuluy manehna nyabak kana jubah Yesus. Harita keneh ngagetihna tuluy eureun, sarta karasaeun ku manehna yen panyakitna anu sakitu nyusahkeunana teh cageur.

[30] Bareng jeung eta ku Yesus karaoseun aya tanaga anu mencar ti salira-Na. Anjeunna luak-lieuk sarta mariksa, “Saha anu nyabak ka Kami?”

[31] Ceuk murid-murid, “Naha nganggo mariksakeun anu nyabak, pan kauninga jalmi sakieu nyedekna ka Bapa?”

[32] Tapi Anjeunna terus bae luak-lieuk milarian anu nyabak-Na.

[33] Ari awewe tea sanggeus nyaho anu kajadian ka dirina, nyampeurkeun terus sujud ka Anjeunna bari ngadegdeg sieuneun, sarta unjukan sabalakana.

[34] Saur Yesus, “Anaking, ku sabab Nyai percaya, Nyai jadi cageur. Heug sing salamet. Panyakit anu nyusahkeun ka Nyai geus cageur pisan.”

[35] Sabot Yesus sasauran kitu aya jurungan ti imah Yairus, ngabejaan ka manehna, “Tuang putra teh parantos teu aya, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.”

[36] Yesus teu malire kana ucapan maranehna, sarta ngalahir ka Yairus saur-Na, “Ulah jadi pikir, percaya bae.”

[37] Jalma rea ku Anjeunna dilarang terus marilu salian ti Petrus, Yakobus jeung Yohanes.

[38] Sanggeus narepi ka imah Yairus, Yesus ningali kaayaan kacida ributna, sarta ngadangu aya anu ceurik jejeritan jeung anu midangdam.

[39] Yesus lebet tuluy ngalahir, “Ku naon raribut? Ku naon careurik? Budak teh lain maot, keur sare!”

[40] Jelema-jelema anggur nyeungseurikeun ka Anjeunna, tapi ku Anjeunna dipiwarang kalaluar kabeh. Anjeunna lebet ka kamar nyandak indung bapana eta budak jeung murid anu tiluan.

[41] Budak teh leungeunna dicepeng tuluy dilahiran, “Talita, kumi!” hartina, “Nyai, Kami nitah: hudang!”

[42] Budak teh ngulisik cengkat terus turun leuleumpangan. (Umurna geus dua belas taun.) Jelema-jelema mani barengong.

[43] Tapi Yesus ngalarang keras maranehna nyaritakeun eta kajadian ka nu sejen. “Budak teh bere dahar!” saur-Na.

Markus — Chapters