Skip to content
Opens in a new window

[1] Sanggeus liwat poe Sabat, poe Minggu isuk-isuk keneh pisan Maria Magdalena jeung Maria anu saurang deui geus laleumpang ngalayad ka makam.

[2] Dak-dumadak aya lini kacida rongkahna. Kolebat aya malaikat Pangeran lungsur ti sawarga, ngagulingkeun batu tutup makam, tuluy batuna dicalikan.

[3] Rupa eta malaikat mani kawas cahaya kilat, panganggona bodas kawas salju.

[4] Nu jaraga makam mani kokoplokan bawaning ku sarieuneun, nepi ka tinglumpuruk kawas nu paeh.

[5] Malaikat teh ngalahir ka eta dua wanita, “Nyai ulah sarieun. Kami terang Nyai rek ngalayad Yesus anu tas disalib.

[6] Anjeunna geus teu aya di dieu, geus digugahkeun sakumaha saur-Na tea. Hiap taringal ka dieu urut ebog-Na.

[7] Ayeuna buru-buru bae bejakeun ka murid-murid-Na kieu, ‘Anjeunna geus digugahkeun ti nu maraot, ayeuna keur angkat ka Galilea miheulaan aranjeun. Engke tangtu kapanggih di ditu!’ Tah kitu bejakeunana, sing inget.”

[8] Bral maranehna arindit ti dinya gura-giru bari sieun tapi bungah, tungtungna lalumpatan rek pupulih ka murid-murid Yesus.

[9] Tapi dak-dumadak Yesus nepangan ka maranehna. “Salam rahayu,” saur-Na. Maranehna ngaharempoy kana sampean Anjeunna tuluy nyungkem.

[10] “Ulah sarieun,” saur Yesus, “jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu.”

[11] Waktu eta dua wanita geus laleumpang, para prajurit anu ngajaraga makam baralik ka kota, lapor perkara kajadian tea ka imam-imam kapala,

[12] anu terus badami jeung para kokolot. Hasil babadamianana, eta para prajurit teh dibarere duit gede pisan,

[13] bari diomongan kieu, “Uarkeun ku maraneh yen mayit-Na dipaling ku murid-murid-Na ti peuting waktu maraneh keur harees.

[14] Lamun hal ieu kadenge ku gupernur, ku kami rek dilelemu yen ieu kajadian lain salah maraneh, jadi maraneh ulah salempang.”

[15] Sanggeus narima duit, eta para prajurit teh tuluy uar-uar sakumaha papatah tea. Nepi ka ayeuna oge di kalangan urang Yahudi mah carita kitu ti eta para prajurit teh aya keneh.

[16] Murid-murid anu kari sawelas urang arindit ka hiji pasir di Galilea, sakumaha anu dipesen ku Yesus.

[17] Sanggeus papanggih jeung Anjeunna tuluy sarujud nyarembah. Aya oge sawatara urang anu asa-asa keneh.

[18] Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, “Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.

[19] Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci.

[20] Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.”

Mateus — Chapters