[1] Ieu daptar karuhun-karuhun Yesus Kristus turunan Daud, ari Daud turunan Ibrahim.
[2] Ti Ibrahim turun-tumurun nepi ka Raja Daud kieu pareleanana: Ibrahim, Ishak, Yakub, Yuda jeung saderek-saderekna, Peres, Serah (ti ibu Tamar), Hesron, Ram, Aminadab, Nahson, Salmon, Boas (ibuna Boas nya eta Rahab), Obed, Isai, Raja Daud.
[6] Ti Daud turun-tumurun nepi ka jaman urang Israil diboyong ka Babul kieu pareleanana: Daud ti geureuhana anu asalna garwa Uria, puputra Suleman, ti Suleman turun-tumurun: Rehabam, Abia, Asa, Yosapat, Yehoram, Usia, Yotam, Ahas, Hiskia, Menase, Amon, Yosia, Yoyakin jeung saderek-saderekna.
[12] Ti sanggeus diboyong ka Babul nepi ka medalna Yesus, turun-tumurun ti semet Yoyakin: Sealtiel, Serubabel, Abiud, Elyakim, Asor, Sadok, Ahim, Eliud, Elasar, Matan, Yakub, Yusup. Yusup nikah ka Mariam, Mariam ngababarkeun Yesus anu disarebut Kristus.
[17] Ti Ibrahim nepi ka Daud opat welas turunan, ti Daud nepi ka jaman dibuang ka Babul opat welas turunan, ti jaman eta nepi ka Kristus medal opat welas turunan.
[18] Ieu wincikan hal medalna Yesus Kristus. Ibu-Na, nya eta Mariam, tunangan sareng Yusup. Tapi memeh ditikah parantos ngandung, ari ngandungna ti Roh Suci.
[19] Yusup teh jelema anu salawasna ta'at kana hukum agama, tapi teu kersaeun ngageruhkeun kaayaan Mariam kitu, rek pegat tunangan bae rerencepan.
[20] Sabot ngamanah-manah kitu, dina impenanana anjeunna disumpingan ku malaikat anu sasauran kieu, “Yusup, turunan Daud, ulah sieun nyokot Mariam keur pibojoeun maneh, sabab ngandungna teh ku kersana Roh Suci.
[21] Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Yesus -- sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana.”
[22] Pang kajadian kitu teh supaya laksana sabda Allah anu diandikakeun ka nabi baheula, ungelna,
[23] “Hiji parawan bakal ngandung, ngowokeun putra pameget anu pijenenganeunana Immanuel” (hartina “Allah nyarengan ka urang”).
[24] Sanggeus gugah, Yusup tuluy tumut kana amanat malaikat, anjeunna nikah ka Mariam.
[25] Tapi henteu waka sapatemon nepi ka Mariam babar, murangkalihna pameget, ku Yusup dijenenganan Yesus.