[1] Poe eta keneh Yesus angkat ti eta imah ka sisi talaga, tuluy ngawulang di dinya bari calik.
[2] Jelema nu kumpul kacida lobana nepi ka Anjeunna pindah calikna kana parahu, tuluy nyarioskeun rupa-rupa misil, didarengekeun ti darat. “Aya hiji jelema indit nebarkeun binih.
[4] Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak. il 1,85,67D *Buah gandum (13:4)*
[5] Aya nu ragragan kana taneuh anu cadasan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna henteu jero,
[6] tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih nu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing lantaran akarna henteu jero.
[7] Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, nepi ka ahirna binih teh kaheumpikan.
[8] Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu saratus kalieun, genep puluh kalieun jeung tilu puluh kalieun asalna.”
[9] Geus kitu saur-Na, “Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!”
[10] Murid-murid naranyakeun ka Anjeunna, “Ku naon Bapa nyarios ka maranehna nganggo misil-misil?”
[11] Waler-Na, “Sabab maranehna tacan nyaraho kana rasiah-rasiah Karajaan Sawarga, ari maraneh mah geus dibere nyaho.
[12] Sabab saha-saha anu geus bogaeun bakal ditambahan nepi ka leuwih ti cukup, sabalikna anu teu bogaeun mah malah kabogana ge kajeun ngan saeutik bakal dicokot.
[13] Bapa nyarita ka maranehna ku misil, lantaran maranehna mah narenjokeun tapi teu narenjoeun, ngadarengekeun tapi teu ngadarengeeun, teu ngalartieun.
[14] Maranehna teh anu baheula diramalkeun kieu tea ku Yesaya: ‘Eta jelema-jelema, ngadarengekeun mah teu weleh, tapi moal datang ka ngarti. Narenjokeun ge teu weleh, tapi moal datang ka narenjo.
[15] Sabab uteukna geus mintul, geus nyocokan ceulina, meureum-meureumkeun panonna. Lamun teu karitu mah panonna tangtu narenjo, ceulina tangtu ngadarenge, uteukna tangtu ngalarti, tangtu bakal ngadareuheus ka Kami -- timbalan Allah -- geus tangtu ku Kami dicalageurkeun.’
[16] Maraneh mah kacida untungna! Panon narenjo, ceuli ngadarenge.
[17] Sing percaya ka Bapa, loba nabi jeung jelema-jelema nu aribadah ka Allah anu kacida harayangeunana narenjo anu katarenjo ku maraneh, tapi teu bisa. Loba anu harayangeun ngadenge anu geus kadarenge ku maraneh, tapi teu bisa.”
[18] “Ayeuna darengekeun, raregepkeun, naon hartina eta misil anu tebar teh.
[19] Binih anu ragragan ka jalan, hartina: Amanat hal Karajaan Sawarga anu diwawarkeun ka jelema-jelema anu ngan semet ngadarengekeun, henteu malikiran. Amanat anu diwawarkeun ka maranehna teh dicabut ku Si Jahat.
[20] Binih anu ragragan kana taneuh ipis anu cadasan, hartina: Barang mimiti mah eta amanat teh ditarima reujeung suka,
[21] tapi henteu tahan lila sabab henteu sakumaha nyerepna kana hate nu narima. Sanggeus ngarasa yen nyekel eta amanat teh jadi diteungteuinganan ku sasama hirup, tuluy bae murtad.
[22] Binih anu ragragan kana rungkun cucuk hartina: Amanat teh ditarima, tapi kaelehkeun ku kasalempangan hirup jeung ku napsu hayang beunghar, henteu nepi ka buahan. il 2,55,67C *Rungkun cucuk di Israil (13:22)*
[23] Binih anu ragragna meneran kana taneuh anu riduh jeung lendo, hartina: Amanat teh ku nu ngadengena ditarima jeung dihartikeun, seug ngabuahkeun, aya nu saratus kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu tilu puluh kalieun.”
[24] Yesus nyarioskeun deui hiji misil: “Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna.
[25] Dina hiji peuting waktuna jalma-jalma sarare, datang musuhna nyebarkeun bibit eurih dina eta lahan tuluy indit.
[26] Gandum jaradi geus mimiti ranggeuyan, eurih oge jadi.
[27] Bujang-bujangna popoyan, ‘Juragan, anu ditebarkeun teh pan binih sae. Ku naon jadi seueur eurih, ti mana dongkapna?’
[28] Jawabna, ‘Tangtu pagawean musuh.’ Ceuk bujang-bujangna deui, ‘Kumaha, kedah dicabutan eurihna?’
[29] Jawabna, ‘Ulah, bisi gandumna kacabut.
[30] Keun bae sina jaradi bareng. Engke dina waktu ngala, kami rek nitah ka nu digarawe nyabutan heula eta eurih sina dibeungkeutan keur durukeun, gandumna sina dikumpulkeun asupkeuneun ka leuit.’ ”
[31] Yesus nyarioskeun deui hiji misil: “Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nyebarkeun siki sasawi dina lahanna.
[32] Siki sasawi teh di antara sisikian mah panglembutna, tapi lamun geus jadi tangkalna teh panggedena ti sagala palawija, nepi ka dahan-dahanna bisa dipake nyayang ku manuk-manuk.”
[33] Yesus nyarioskeun misil sejen deui: “Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah.”
[34] Yesus nyariosna ka eta jelema-jelema teh kabeh ku misil, teu kersaeun mun lain ku misil.
[35] Pang midamel kitu teh ngalaksanakeun ucapan nabi baheula anu kieu: “Kami nyarita ka maranehna arek ku misil-misil, nyaritakeun hal-hal anu buni ti sajlegna dunya dijadikeun.”
[36] Sanggeus Yesus ngantunkeun jalma rea jeung geus aya di bumi, murid-murid-Na nyalampeurkeun naranyakeun ka Anjeunna, “Dupi misil eurih di lahan gandum teh naon hartosna?”
[37] Saur Yesus, “Jelema anu nyebarkeun binih hade, nya eta Anak Manusa.
[38] Ari lahanna nya eta dunya ieu. Binih nu hade, nya eta jalma-jalma anu geus jaradi warga Karajaan Sawarga. Eurih, nya eta jelema-jelema anu aranut ka Iblis.
[39] Musuh anu melak eurih nya eta Iblis. Waktu ngala nya eta Poe Kiamat. Nu digarawe nya eta para malaikat.
[40] Sakumaha eurih tea dikumpulkeun jeung diduruk, nya kitu engke kaayaan dina Poe Kiamat teh.
[41] Anak Manusa bakal miwarang para malaikat-Na nyabutan sakur anu ngalantarankeun manusa jadi dosa, jeung sakur anu garoreng lampah, dicabutan ti Karajaana-Na,
[42] tuluy dialung-alungkeun ka jero pameuleuman anu keur hurung ngagedur-gedur, tingjarerit jeung huntuna tingkereket.
[43] Ari anu ngarabdi ka Allah mah bakal cahayaan kawas panonpoe, di Karajaan Allah Rama maranehna. Lamun baroga ceuli pek darengekeun!”
[44] “Jeung Karajaan Sawarga teh ibarat jelema anu nimu pependeman di hiji kebon, tuluy dirimbunan deui. Kacida atoheunana nepi ka tuluy ngajual sagala pangabogana dipake meuli eta kebon.”
[45] “Jeung ibarat kieu Karajaan Sawarga teh. Aya jelema neangan mutiara anu alus.
[46] Sanggeus manggih mutiara anu luar biasa alusna, tuluy ngajual sagala harta bandana dipake meuli eta mutiara.”
[47] “Jeung kieu ibaratna Karajaan Sawarga teh. Aya nu ngarala lauk di talaga make jaring. Rupa-rupa lauk kajaring.
[48] Sanggeus jaringna pinuh ku lauk tuluy diangkat, nu ngalana ngariung milihan lauk. Lauk nu aralus diasup-asupkeun kana wadah, anu taya mangpa'atna dipiceunan.
[49] Dina Poe Kiamat oge kitu, para malaikat bakal nyokotan jelema-jelema anu jarahat, dipisahkeun ti anu ngarabdi ka Allah
[50] tuluy digalebruskeun kana pameuleuman anu keur ngagudag-gudag, tingjarerit jeung huntuna tingkereket.”
[51] Yesus mariksa ka murid-murid, “Kumaha maraneh ngalarti?” “Sumuhun ngartos,” tembal murid-murid.
[52] Saur Yesus, “Tah kitu. Anu matak lamun unggal guru agama jadi warga Karajaan Sawarga, eta ibarat jelema anu ngabudalkeun barang sisimpenanana ti imahna, boh nu anyar boh nu heubeul.”
[53] Sanggeus nyarioskeun eta misil-misil Yesus angkat ti dinya,
[54] ngabujeng ka kota tempat asalna, tuluy ngawulang di imah ibadah. Urang dinya kacida hareraneunana. Tuluy carek maranehna, “Ti mana meunang hikmat kitu eta jelema teh?
[55] Lain anak tukang kayu tea eta teh? Indung-Na lain Mariam? Bapa-Na lain Yusup? Dulur-dulur-Na pan Yakobus, Yusup, Simon jeung Yudas.
[56] Dulur-dulur-Na nu awewe oge pan di dieu, lain? Na ti mana manehna meunang nu kitu?”
[57] Ku sabab eta maranehna nolak ka Anjeunna. Saur Yesus ka maranehna, “Nu jadi nabi mah di mana-mana ge diajenan, kajaba di lemburna jeung ku kulawargana sorangan.”
[58] Anjeunna di dinya mah henteu loba ngayakeun kaajaiban, lantaran urang dinya arembungeun percaya.