Skip to content
Opens in a new window

[1] Yesus naek deui kana parahu tuluy meuntas, mulih ka lembur-Na ku anjeun.

[2] Sanggeus sumping, aya anu lumpuh dibawa ka Anjeunna, digotong dina bale-bale. Jelema-jelema teh ku Anjeunna dipeleng, katingali yen kacida palercayaeunana ka Anjeunna. Seug Anjeunna ngadawuh ka eta nu lumpuh, “Sing gede hate anaking! Dosa-dosa hidep geus dihampura.”

[3] Di dinya aya guru-guru agama sababaraha urang, ngaromong dina hatena, “Eta jelema teh mapadani ka Allah!”

[4] Yesus uningaeun kana pikiran maranehna, tuluy sasauran, “Ku naon pikiran aranjeun sakitu gorengna?

[5] Babari mana nyebutkeunana, ‘Dosa-dosa hidep dihampura,’ atawa, ‘Geura hudang tuluy leumpang’?

[6] Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.” Ti dinya Anjeunna ngadawuh ka nu lumpuh tea, “Geura hudang, bale-balena angkat, jung geura balik!”

[7] Jung nu lumpuh teh nangtung, tuluy balik.

[8] Anu nyaraksian jadi sarieuneun, tapi tuluy maruji ka Allah reh Mantenna geus maparin kawasa kitu ka manusa.

[9] Yesus angkat ti dinya. Sabot angkat ningali tukang mulung pajeg, ngaranna Mateus, keur diuk di kantorna. Ku Anjeunna diajakan, “Hayu milu ka Kami!” Mateus jung nangtung, tuluy nuturkeun Yesus.

[10] Sabot Yesus keur tuang di imah Mateus, loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng daratang ka imah Mateus, marilu dahar jeung Yesus jeung murid-murid-Na.

[11] Urang Parisi narenjoeun tuluy nanya ka murid-murid Yesus, “Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema kitu?”

[12] Yesus ngadangueun tuluy ngalahir, “Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.

[13] Mangga lenyepan pihartieunana ayat Kitab Suci anu kieu: ‘Anu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.’ Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema nu diaranggap hina.”

[14] Tuluy aya panganut-panganut Yohanes Jurubaptis daratang ka Yesus, naranya kieu, “Abdi-abdi sareng urang Parisi sering puasa. Naha Bapa sareng murid-murid mah tara puasa?”

[15] Waler Yesus, “Kumaha ceuk aranjeun, naha layak tamu-tamu ngaruyung lamun reureujeungan keneh jeung ki panganten dina pesta? Tangtu moal! Paruasana teh engke lamun ki panganten geus waktuna dipisahkeun ti maranehna.

[16] Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon anyar, sabab lamun lawon anyarna murengked, nu heubeulna kabenyeng, soehna ngagedean.

[17] Moal aya anu ngeusikeun anggur anyar kana kantong kulit anu geus heubeul, sabab tangtu bedah, anggurna kapiceun. Anggur anyar wadahna ge kudu anyar supaya boh wadahna boh eusina tetep hade.”

[18] Sabot Yesus sasauran kitu, aya hiji pamingpin tempat ibadah datang ka Anjeunna terus deku ka payuneuna-Na, pok unjukan, “Pun anak awewe nembe pisan tilar dunya. Mugi Bapa ka ditu numpangkeun panangan, tangtos pun anak hirup deui.”

[19] Yesus angkat jeung eta kapala, diiring ku murid-murid.

[20] Di satengahing jalan aya hiji awewe anu boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun, nyelendep ka pungkureun Yesus.

[21] Ceuk pamikirna, “Asal nyabak bae kana tungtung jubah-Na tangtu aing cageur.” Tuluy manehna nyabak tungtung jubah Yesus.

[22] Ku Yesus dilieuk. Anjeunna tuluy ngalahir, “Sing gede hate, anaking! Hidep geus cageur, sabab percaya.”

[23] Yesus geus sumping ka imah pamingpin tea. Barang ningali aya tukang-tukang musik paranti kapapaten sarta jalma-jalma rame rarecok,

[24] Anjeunna ngalahir, “Kalaluar sarerea! Budak teh keur sare, lain maot!” Jelema-jelema teh nyaleungseurikeun Anjeunna.

[25] Sanggeus kabeh kalaluar, Yesus lebet ka kamar budak. Leungeun budak teh dicepeng. Budakna ngulisik tuluy hudang.

[26] Bejana tuluy nerekab ka sakuliahna.

[27] Yesus angkat deui ti dinya. Di jalan aya nu lolong duaan nutur-nutur, tuluy gegeroan ka Anjeunna, “Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”

[28] Barang Yesus lebet ka hiji imah, nu lolong teh nyalampeurkeun. Ku Anjeunna dipariksa, “Maraneh percaya yen Kami bisa nyageurkeun?” “Sumuhun percanten,” tembalna.

[29] Panonna ku Yesus dicabak, bari saur-Na, “Ku sabab maraneh percaya, heug kahayang maraneh dimakbul!”

[30] Harita keneh panon maranehna jadi sehat. Ku Yesus dipesen, saur-Na, “Kade ulah cacarita ka saha-saha!”

[31] Tapi eta dua jelema teh tuluy nyebar-nyebar beja perkara Yesus ka sakuliahna.

[32] Sanggeus jelema anu duaan tadi arindit, aya deui anu daratang ka Yesus, mawa hiji jelema anu ngabigeu teu bisa ngomong lantaran diraksuk ku hiji roh jahat.

[33] Roh jahatna ku Yesus dikaluarkeun, tuluy jelemana mimiti bisa ngomong. Nu nyaraksianana kabeh barengong. Seug ngaromong, “Kakara manggih di Israil kajadian nu sakieu ajaibna!”

[34] Tapi ari ceuk urang Parisi mah, “Manehna bisaeun ngaluarkeun eta roh jahat teh lantaran meunang kawasa ti gegedug roh jahat.”

[35] Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.

[36] Manahna kacida ngahelasna ningali jelema-jelema anu pinuh ku kabingung jeung katalimbeng lir domba nu taya pangangonna.

[37] Seug ngalahir ka murid-murid, “Pibuateun lega, ari nu dibuatna ngan saeutik.

[38] Ku sabab eta kudu nyuhunkeun ka anu kagungan eta pibuateun, supaya Mantenna ngirim jelema-jelema anu bakal mibuatanana.”

Mateus — Chapters