Skip to content
Opens in a new window

[1] Sanggeus eta, Yesus angkat ka Yerusalem, sabab di ditu aya pesta kaagamaan. il 1,100,14D *Jalan leutik di kota Yerusalem (5:1)*

[2] Di Yerusalem, deukeut “Gapura Domba” aya hiji kulah anu ngaranna dina basa Ibrani Betesda. Eta kulah make lima tepas,

[3] unggal tepasna pinuh ku nu garering keur ngaredeng, nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh, [keur ngadarago obahna cai eta kulah.

[4] Sabab sakapeung sok aya malaikat Pangeran lungsur ka eta kulah ngobah-ngobah caina; lamun geus kitu, anu pangheulana ancrub kana eta kulah, gering naon bae oge tangtu cageur.]

[5] Di dinya aya hiji jelema anu geringna geus tilu puluh dalapan taun;

[6] katingalieun ku Yesus keur ngedeng ngagoler jeung kauninga yen geringna geus sakitu lilana. Tuluy dipariksa, “Maneh hayang cageur?”

[7] Walonna, “Sumuhun, Juragan! Mung upami cai kulah obah, abdi teu aya anu ngabantuan ngancrubkeun, nembe oge nyobi-nyobi parantos kapiheulaan ku nu sanes.”

[8] Pilahir Yesus, “Heug, geura nangtung, samakna pulung, tuluy leumpang.”

[9] Sapada harita eta jelema ngadadak cageur, jung nangtung, samakna dipulung, tuluy mimiti leumpang. Harita kajadianana teh dina poe Sabat,

[10] ku sabab kitu gegeden-gegeden Yahudi ngomong kieu ka eta jelema anu kakara dicageurkeun, “Ayeuna poe Sabat! Eta maneh mawa samak, ngarempak Hukum Agama.”

[11] Walonna, “Abdi mah dipiwarang ku anu nyageurkeun, saur-Na geura nangtung, samakna bawa tuluy leumpang.”

[12] “Saha anu nitahna?” para gegeden mariksakeun.

[13] Tapi eta jelema nu anyar cageur teh teu wawuheun ka Yesus, turug-turug Yesus kahalangan ku nu loba sarta tuluy angkat ti eta tempat.

[14] Sanggeus kitu Yesus papendak deui jeung manehna di Bait Allah. “Kieu dengekeun,” saur-Na ka manehna, “maneh ayeuna geus cageur. Ulah nyieun deui dosa, bisi matak leuwih cilaka.”

[15] Eta jelema tuluy bebeja ka para gegeden Yahudi, yen anu nyageurkeun manehna teh Yesus.

[16] Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat.

[17] Tapi pilahir Yesus, “Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu.”

[18] Diwaler kitu maranehna beuki geregeteun, beuki harayangeun maehan ka Anjeunna, sabab ceuk maranehna Anjeunna teh lain ngan ngalanggar hukum Sabat, tapi katambah ku ngangkenkeun anjeun sarua jeung Allah dumeh saur-Na Allah teh Rama-Na.

[19] Yesus ngalahir deui, “Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana: Ari Putra mah moal bisa kua-kieu karep-Na sorangan. Anu dipilampah ku Putra teh anu ku Anjeunna katembong dipidamel ku Rama. Rama midamel kitu, Putra oge milampah kitu.

[20] Ku sabab Rama teh mikaasih ka Putra, sagala rupa padamelana-Na teh dipintonkeun ka Putra-Na. Malah Mantenna bakal mintonkeun anu leuwih ajaib deui, nepi ka aranjeun ngarasa helok.

[21] Sakumaha Rama ngahudangkeun nu paraeh sina harirup deui, Putra Manusa oge bakal ngahirupkeun saha bae anu dikersakeuna-Na.

[22] Rama ku manten moal ngahukum ka saha-saha, sabab hak ngahukum sagemblengna geus diserenkeun ka Putra,

[23] supaya jalma-jalma kabeh ajrih ka Putra sakumaha ka Rama. Anu henteu ngajenan ka Putra henteu ngajenan ka Rama anu ngutus- Na.

[24] Kaula ngomong saenyana: Sing saha anu ngaregepkeun omongan Kaula jeung percaya ka anu ngutus Kaula, tinangtu hirup langgeng, moal dihukum, malah ucul tina paeh sarta asup kana hirup.

[25] Sing percaya lamun ceuk Kaula bakal aya mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Putra Allah. Eta mangsa ayeuna oge geus mimiti. Anu ngadarenge kana soara-Na tinangtu hirup.

[26] Sakumaha Rama sumberna hirup, Putra Manusa oge ku Rama dijadikeun sumberna hirup.

[27] Rama ka Putra-Na geus nyerenkeun hak pikeun ngahukum, sabab Putra-Na teh Putra Manusa.

[28] Ulah hareran, pasti datang mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna,

[29] tuluy kalaluar ti jero kuburna. Anu keur hirupna hade, harudangna bakal terus kana hirup langgeng, anu keur hirupna jahat harudangna pikeun narima hukumanana.”

[30] “Kumaha hukumanana, Kaula henteu kawasa nangtukeun sorangan, kumaha ditimbalkeunana ku Rama bae. Eta sababna hukuman ti Kaula bakal adil, lain ngahukum sakarep-karep, tapi ngajalankeun pangersa nu ngutus.

[31] Hal ihwal Kaula nu saenyana, ari diomongkeunana ku Kaula keneh mah teu bisa dipercaya benerna.

[32] Tapi anu mere panyaksi tina hal Kaula teh jalma sejen, sarta Kaula terang yen panyaksina bener.

[33] Aranjeun geus ngirim utusan ka Yohanes; nya Yohanes anu mertelakeun hal ihwal Kaula teh, sarta pertelaan anjeunna bener.

[34] Kaula nyabit hal ieu lain ku sabab butuh ku pertelaan ti manusa, tapi ku sabab hayang supaya aranjeun salamet.

[35] Yohanes teh lir lampu anu hurung caang ngempray, saharitaeun mah aranjeun raresep kana caangna.

[36] Tapi Kaula sorangan bisa mere pertelaan anu leuwih jembar ti batan anu dipertelakeun ku Yohanes; anu dilampahkeun ayeuna ku Kaula teh papancen ti Rama, jadi bukti yen Kaula teh diutus ku Rama.

[37] Sarta Rama oge, anu ngutus Kaula, maparin panyaksi tina hal Kaula. Aranjeun can ngadarenge soanten-Na, can naringal kana pameunteu-Na,

[38] timbalana-Na ku aranjeun henteu disimpen dina hate, lantaran aranjeun henteu percaya ka Kaula, utusan Mantenna.

[39] Aranjeun ngarulik Kitab Suci, sabab ceuk pikiran aranjeun baris manggihkeun hirup langgeng ti dinya. Tah eta Kitab Suci teh mere pertelaan hal Kaula!

[40] Tapi aranjeun embung datang ka Kaula, ari hirup langgeng hayang!

[41] Kaula lain rek malar pamuji ti manusa,

[42] Kaula terang aranjeun jalma kumaha, hate aranjeun taya kanyaah ka Allah.

[43] Kaula, anu datang make kakawasaan Rama, ku aranjeun teu ditarima, ari anu datang make kakawasaanana sorangan ditarima.

[44] Aranjeun resep dipuji ku pada jalma, henteu ihtiar sangkan meunang pamuji ti Allah Nu Maha Esa. Atuh rek percaya ka Kaula kumaha?

[45] Tapi ulah nyangka Kaula bakal ngadakwakeun aranjeun ka Allah Rama. Anu bakal ngadakwakeun aranjeun teh malah Musa, anu ku aranjeun dijieun harepan.

[46] Lamun enya ge aranjeun percaya kana pilahir Musa tangtu percaya ka Kaula, sabab anu diserat ku Musa teh pertelaan hal Kaula.

[47] Tapi ku sabab aranjeun teu percaya ka anu dipertelakeun ku Musa, rek percaya ka Kaula kumaha?”

Yohanes — Chapters