Skip to content
Opens in a new window

[1] Poe Minggu isuk-isuk, poek-poek keneh Maria Magdalena indit ka kuburan, ari datang nyampak batu tutup lawang kuburan geus aya nu mindahkeun.

[2] Maria Magdalena lumpat manggihan Simon Petrus jeung murid anu dipikaasih ku Yesus, hariweusweus pokna, “Gusti urang aya nu maling ti kuburan, duka dibawa ka mana!”

[3] Petrus jeung eta murid lalumpat ka kuburan,

[4] tapi baturna lumpatna leuwih tarik, nepina ka kuburan ti heula.

[5] Tapi henteu terus asup, ngan nempo bae ka jero kuburan, beh nenjo lawon linen ngalumbuk.

[6] Teu lila jol Simon Petrus, datang-datang terus asup ka jero kuburan, tapi ngan nenjo lawon linen bae

[7] jeung urut bulen mastaka Yesus, ngan ieu mah misah sarta ngagulung.

[8] Murid anu datang ti heula tea oge terus asup ka jero kuburan, tuluy percaya kana tetenjoanana. (

[9] Ku maranehna can kaharti eusi Kitab Suci anu nyebutkeun yen Anjeunna kudu tanghi tina pupusna.)

[10] Geus kitu maranehna baralik.

[11] Maria ceurik deukeut kuburan, tuluy nempo ka jero kuburan bari ceurik.

[12] Beh nenjo aya dua malaikat, panganggona bodas, keur caralik dina urut Yesus ebog dina mastakaeun jeung dina tunjangeuna-Na.

[13] “Ku naon Nyai ceurik?” malaikat mariksa. “Gusti abdi aya nu maling, duka dibantun ka mana,” walon Maria.

[14] Sanggeus kitu manehna malik bari luak-lieuk, breh ningal Yesus keur ngadeg, tapi manehna teu wawuheun yen Anjeunna teh Yesus.

[15] Ku Yesus dipariksa, “Ku naon Nyai ceurik? Neangan saha?” Panyangka Maria Anjeunna teh tukang kebon, tuluy ngawalon, “Manawi Juragan anu nyandak Anjeunna, wartoskeun dicandak ka mana, ku abdi bade dibantun deui!”

[16] Pilahir Yesus, “Maria!” Maria ngarenjag terus nelek-nelek, pok bae unjukan ku basa Ibrani, “Rabuni!” (Hartina “Guru”.)

[17] “Ulah nyabak ka Kami,” pilahir Yesus, “sabab Kami tacan unggah ka Rama. Anggur bejakeun ka dulur-dulur Kami, yen Kami arek mulang ka Rama, nya eta Rama Kami jeung Rama maranehna, Allah Kami jeung Allah maranehna.”

[18] Maria Magdalena indit ti dinya, pupulih ka murid-murid Anjeunna yen manehna geus nenjo Gusti, jeung nepikeun pilahir-Na.

[19] Dina malem Senenna, geus peuting, murid-murid keur karumpul di hiji imah, pantona ditulakan lantaran sarieuneun ku gegeden- gegeden Yahudi. Yesus sumping sarta ujug-ujug geus ngadeg di dinya, tuluy ngalahir, “Salam rahayu!”

[20] Geus kitu Anjeunna nembongkeun panangan jeung angkeng-Na. Sanggeus tetela Anjeunna teh Gusti, murid-murid kacida aratoheunana.

[21] Yesus ngalahir deui, “Salam rahayu. Sakumaha Rama geus ngutus Kami, Kami oge rek ngutus maraneh.”

[22] Ti dinya Anjeunna niupkeun napas ka murid-murid-Na. “Tarima ieu Roh Suci,” saur-Na.

[23] “Saha-saha anu ku maraneh dihampura dosana, ku Allah oge bakal dihampura; upama ku maraneh henteu dihampura, ku Allah oge moal dihampura.”

[24] Tomas, murid ti nu dua welas (anu sok disebut si “Kembar”), waktu Yesus nembongan teh keur teu aya,

[25] seug dibarejaan ku murid-murid sejen, “Urang mah geus panggih deui jeung Gusti!” Tembal Tomas, “Kuring mah mun can nenjo jeung can ngusapkeun ramo kana tapak paku dina panangana-Na, jeung can nyabakkeun leungeun kana angkeng-Na, moal percaya!”

[26] Heuleut saminggu ti harita murid-murid kumpul deui di jero imah anu kamari ieu, Tomas oge aya. Pantona ditulakan, tapi Yesus sumping, ujug-ujug geus ngadeg di dinya. Tuluy ngalahir, “Salam rahayu.”

[27] Ti dinya ngalahir ka Tomas, “Rampakeun ramo maneh kana ieu, tenjo ieu leungeun Kami. Sodorkeun leungeun maneh, cabak ieu cangkeng Kami. Geus, ulah cangcaya, sing percaya!”

[28] “Gusti sim abdi, Allah sim abdi!” walon Tomas.

[29] Pilahir Yesus ka Tomas, “Maneh percaya da geus nenjo Kami, nya? Bagja kacida anu percaya sanajan teu kungsi nenjo heula ka Kami!”

[30] Yesus ka murid-murid-Na nembongkeun rupa-rupa deui kaajaiban anu henteu ditulis dina ieu kitab.

[31] Tapi sakabeh anu geus dituliskeun maksudna netelakeun yen Yesus teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah, supaya dulur-dulur percaya. Sabab lamun dulur-dulur percaya ka Anjeunna tangtu meunangkeun hirup.

Yohanes — Chapters