Skip to content
Opens in a new window

[1] Urang Parisi nyararita yen Yesus meunang murid leuwih loba ti batan murid Yohanes, kitu deui nu dibaptis ku Anjeunna leuwih loba. (

[2] Saenyana anu ngabaptisna mah lain Yesus ku anjeun, tapi murid-murid-Na.)

[3] Omongan urang Parisi kitu kadangueun ku Yesus, nu matak Anjeunna terus ngantunkeun Yudea, mulih deui ka Galilea;

[4] ari jalanna kudu nyorang daerah Samaria.

[5] Angkat-Na geus nepi ka Sikhar, hiji kota di Samaria, teu jauh ti hiji lahan anu ku Yakub diwariskeun ka Yusup putrana.

[6] Di eta lahan aya hiji sumur, katelahna sumur Yakub. Yesus geus ngaraos cape angkat, tuluy calik di sisi eta sumur. Harita kira-kira tengah poe.

[7] Geus kitu aya hiji awewe urang Samaria ka dinya rek ngala cai. “Cik Kami menta caina, hayang nginum,” saur Yesus ka eta awewe. (

[8] Ari murid-murid-Na keur mareuli tuangeun ka kota.)

[9] Walonna, “Juragan teh urang Yahudi, naha mundut ngaleueut ka abdi, urang Samaria?” (Urang Yahudi embungeun sakokoh jeung urang Samaria.)

[10] Waler Yesus, “Lamun Nyai nyaho kana paparin Allah jeung ka ieu anu menta nginum, tangtu Nyai anu bakal menta nginum ka Anjeunna; ku Anjeunna tangtu dibere cai anu matak hirup.”

[11] Walonna, “Ti mana Juragan pikengingeun eta cai anu matak hirup? Ieu sumur teh jero, sareng Juragan teu kagungan timba.

[12] Ieu sumur warisan ti Yakub, karuhun bangsa abdi. Anjeunna sapala putra ngalaleueutna tina ieu sumur, ingon-ingonna ngarinumna ti dieu. Juragan teh nganggap langkung unggul ti batan Yakub?”

[13] Waler Yesus, “Nu nginum cai ieu sumur bakal halabhab deui.

[14] Sabalikna anu nginum cai anu rek dibikeun ku Kami mah moal halabhab deui, sabab eta cai bakal jadi cinyusu di jero hatena, anu salawasna ngabijilkeun cai anu matak hirup langgeng.”

[15] “Abdi nyuhunkeun, Juragan!” ceuk eta awewe, “supados ulah halabhab deui sareng teu kedah bulak-balik ka dieu nimba.”

[16] Waler Yesus, “Teang heula salaki Nyai, bawa ka dieu.”

[17] Walonna, “Abdi teu gaduh salaki.” Waler Yesus, “Bener ceuk Nyai teu boga salaki teh.

[18] Nyai geus lima kali kawin. Lalaki anu ayeuna saimah jeung Nyai lain salaki. Nyai geus terus terang.”

[19] “Juragan teh tangtos nabi,” ceuk eta awewe.

[20] “Karuhun urang Samaria ngabakti ka Allah di gunung ieu, namung ceuk urang Yahudi tempat ngabakti ka Allah teh kedah di Yerusalem.”

[21] Waler Yesus, “Nyai sing percaya ka Kami, ka hareup mah ngabakti ka Allah Rama teh lain di gunung ieu, jeung lain di Yerusalem.

[22] Urang Samaria saenyana teu nyaraho ka anu disembahna. Urang Yahudi mah nyarahoeun saha anu disembahna teh, sabab pisalameteun teh datangna ti urang Yahudi.

[23] Mangsa ka hareup mah, malah ayeuna ge geus mimiti, ku kakawasaan Roh Allah jalma-jalma bakal nyarembah ka Allah Rama teh bari nyaraho enya ka Mantenna, bakal sapagodos jeung pangersa-Na.

[24] Allah teh Roh, anu matak ngan ku lantaran kakawasaan Roh bae jalma-jalma pibisaeunana ngabakti ka Allah Rama bari nyaraho enya ka Mantenna teh.”

[25] Walon eta awewe, “Abdi terang yen Kristus engke bade sumping. Anjeunna nu bakal nerangkeun sagala perkawis ka abdi sadaya.”

[26] Waler Yesus, “Eta teh Kami, anu ayeuna keur cacarita jeung Nyai.”

[27] Sabot kitu murid-murid Yesus daratang. Maranehna hareraneun pedah Yesus cacarios jeung awewe; tapi teu aya anu nanya ka eta awewe, “Perlu naon ka dieu?” atawa nanya ka Anjeunna, “Naha Bapa sasauran sareng eta awewe?”

[28] Ari awewe tea ngalesotkeun wadah caina tuluy lumpat ka kota deui, bebeja ka nu araya di dinya,

[29] “Hayu geura, urang nenjo jelema anu bisaeun nyaritakeun kalakuan kuring bareto. Palangsiang eta teh Kristus tea, nya?”

[30] Jalma-jalma tuluy budal ti jero kota rek maranggihan Yesus.

[31] Murid-murid ngahaturanan tuang ka Yesus, “Pa Guru, mangga geura tuang!”

[32] Tapi waler-Na, “Kami geus boga dahareun anu maraneh teu nyaraho.”

[33] Murid-murid silih tanya jeung baturna, “Geus aya nu ngahaturanan kitu?”

[34] Pilahir Yesus, “Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.

[35] Maraneh kungsi ngomong, ‘Opat bulan deui bakal panen.’ Padahal pek ilikan, sawah geus koneng, meujeuhna dipibuatan!

[36] Anu dibuatna geus mimiti narima upah gawena jeung ngumpulkeun beubeunangan pikeun hirup langgeng. Nu melakna bungah, nu ngalana bungah.

[37] Bener ceuk paribasa, ‘Nu sejen melak, nu sejen ngala.’

[38] Maraneh ku Kami diutus, dibuat di lahan lain beunang maraneh melakan. Anu melakna mah batur, maraneh milu meunang hasilna.”

[39] Basa awewe tea ngomong yen, “Anjeunna bisaeun nyaritakeun kalakuan kuring bareto,” urang kota eta loba anu terus percaya ka Yesus.

[40] Nu matak sanggeus daratang ka Anjeunna, maranehna nunuhun supaya Anjeunna linggih ka maranehna, sarta Yesus terus cicing di maranehna dua poe.

[41] Loba deui anu palercaya ka Anjeunna sanggeus ngadarenge pilahir-pilahir-Na.

[42] Ceuk maranehna ka awewe tea, “Percaya teh ayeuna mah lain tina caritaan Nyai, tapi tina sabab geus ngadenge sorangan pilahir-pilahir-Na. Nyaho ayeuna mah, Anjeunna teh Jurusalamet saalam dunya.”

[43] Sanggeus dua poe linggihna di Sikhar, Yesus jengkar ngabujeng ka Galilea,

[44] sabab saur-Na sorangan, “Nabi tara dihargaan di nagrina sorangan.”

[45] Sasumpingna di Galilea pada mapagkeun ku jalma-jalma anu kungsi daratang kana Pesta Paska di Yerusalem, sarta anu nyarahoeun kana sagala rupa anu dipidamel ku Anjeunna salila eta pesta.

[46] Ti dinya Yesus ngabujeng deui ka Kana, di Galilea, urut Anjeunna ngarobah cai jadi anggur tea. Di dinya aya hiji pagawe pamarentah, anakna di Kapernaum keur gering.

[47] Ngadenge yen Yesus ti Yudea sumping ka Galilea, tuluy datang ngahaturanan Anjeunna ka Kapernaum, menta dipangnyageurkeun anakna anu geus meh maot.

[48] Waler Yesus, “Maraneh moal percaya ka Kami lamun teu narenjo kaajaiban-kaajaiban.”

[49] “Juragan,” walon eta pagawe, “mugi enggal sumping ka ditu, bilih pun anak kabujeng ngantunkeun.”

[50] Waler Yesus, “Jig teang, anak maneh tangtu hirup.” Manehna percayaeun kana pilahir-Na, tuluy indit.

[51] Di jalan keneh geus meunang beja ti gandekna, “Tuang putra parantos damang.”

[52] Ku manehna ditanyakeun pukul sabaraha mimiti cageurna. Jawabna, “Kamari, tabuh hiji siang muriangna rerep.”

[53] Bapa budak teh ingeteun, jam eta pisan kamari Yesus ngadawuh-Na, “Anak maneh tangtu hirup.” Manehna jeung sakulawargana jadi palercaya ka Yesus.

[54] Eta kaajaiban teh anu kadua anu dipidamel ku Yesus di Galilea, sanggeus sumping ti Yudea.

Yohanes — Chapters