[1] Dua poe ti harita aya anu hajat nikah di kota Kana di Galilea; ibuna Yesus aya di dinya.
[2] Yesus oge diulem jeung murid-murid-Na.
[3] Sanggeus anggur inumeun beak, ibuna Yesus nyarios ka Anjeunna, “Nu hajat teh seepeun leueuteun.”
[4] Yesus ngawaler, “Ulah disaurkeun ka Abdi, margi Abdi teu acan dongkap kana waktos.”
[5] Tapi ibu-Na terus sasauran ka tukang-tukang laladen, saurna, “Engke lamun Anjeunna miwarang naon-naon, pigawe bae!”
[6] Di dinya aya tahang batu wadah cai paranti wawasuh sakumaha adat agama urang Yahudi, pieusieunana masing-masing kira-kira saratus liter.
[7] Yesus marentah ka tukang-tukang laladen, saur-Na, “Eta tahang-tahang eusian ku cai.” Tuluy diareusian mani laleber;
[8] geus kitu saur Yesus, “Siuk saeutik, anteurkeun ka pamangku hajat.” Seug dianteurkeun; barang ku manehna diasaan,
[9] cai teh geus robah jadi anggur. Manehna teu nyahoeun kumaha asalna (nu nyiuk jeung nganteurkeunana mah puguh bae nyahoeun); tuluy manehna nyalukan panganten lalaki,
[10] seug ngomong kieu, “Biasana anu dikaluarkeun ti payun teh anggur anu pangraosna heula, upami tamu-tamu parantos warareg nembe ngaluarkeun anu sedeng-sedeng bae. Dupi ieu sabalikna, nu saena dipandeurikeun!”
[11] Ieu kaajaiban di Kana wewengkon Galilea teh, kaajaiban anu pangmimitina dipidamel ku Yesus, nembongkeun kamulyaana-Na. Murid-murid-Na jadi palercaya ka Anjeunna.
[12] Geus kitu Yesus jengkar ka Kapernaum jeung ibu-Na, saderek- saderek-Na, murid-murid-Na. Di Kapernaum ngendek heula sawatara poe.
[13] Hari Raya Paska geus deukeut, ku sabab eta Yesus angkat ka Yerusalem.
[14] Barang lebet ka Bait Allah, nyampak di jero loba jelema keur daragang sapi, domba, jeung manuk japati; tukang nalukeuran duit oge loba, keur dariuk nyalanghareupan mejana.
[15] Seug Anjeunna ngadamel pecut ku rara, tuluy dianggo ngabuburak sasatoan ti jero Bait Allah, sapi jeung domba disarabetan; meja-meja tukang nalukeuran duit dibalik-balikkeun, duitna mancawura.
[16] Ari ka nu daragang japati saur-Na teh, “Bawaan ka luar! Gedong Ama Kami ulah dijieun deui pasar!”
[17] Ras murid-murid aringeteun kana ayat Kitab Suci anu kieu, “Hate Abdi, nun Allah, asa ngentab bawaning ku deudeuh ka Gedong Ama.”
[18] Gegeden-gegeden Yahudi daratang ka Anjeunna, naranya, “Anjeun bisa nyieun kaajaiban naon pikeun nandakeun boga hak ngajalankeun anu sarupa kieu!”
[19] Yesus ngawaler, “Ruag ieu Bait Allah, ku Kaula rek diadegkeun deui di jero tilu poe.”
[20] “Diadegkeun deui di jero tilu poe?” ceuk eta para gegeden. “Ieu adegan teh dijieunna opat puluh genep taun!”
[21] Padahal anu dimaksud ku Yesus mah ngeunaan salira-Na, lain eta gedong.
[22] Nu matak engke, sanggeus Anjeunna gugah deui tina pupus, murid-murid-Na bakal aringeteun kana ieu pilahir, sarta percaya kana ungelna Kitab Suci jeung ka nu geus disaurkeun ku Yesus.
[23] Salila Yesus di Yerusalem sapanjang Pesta Paska, loba jelema anu palercaya ka Anjeunna dumeh narenjo kaajaiban- kaajaiban damelana-Na.
[24] Tapi Yesus ku anjeun teu percanten ka maranehna, sabab uningaeun kana tabeat maranehna.
[25] Teu kudu dicariosan deui Anjeunna mah tabeat maranehna teh, lantaran geus uningaeun kana eusi hatena masing-masing.