Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:55

[1] Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat Allah Nu jumeneng Rama jeung Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.

[2] Mugia aranjeun dipaparin sih kurnia katut rahayu ti Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

[3] Simkuring sapara kanca sapara kanca, kudu teu petot-petot muji sukur ka Allah; ku sabab, iman aranjeun ka Isa Al Masih jeung kanyaah aranjeun ka pada batur, anu beuki tambah jembar.

[4] Munasabah, mun aranjeun, ku simkuring sapara kanca dipake reueus ka jamaah-jamaah umat Allah teh. Sabab memang saenyana. Sakitu aranjeun teh digencet jeung dikaniaya, tapi tetep junun ngalakonan iman kapercayaan.

[5] Eta teh jadi bukti, tina adilna katangtuan hukum Allah; nu geus nganyatakeun, yen aranjeun layak jadi warga Karajaana-Na lantaran aranjeun geus nandang sangsara ku karana eta.

[6] Nya ku sabab adil tea, Allah baris ngahukum ka jelema-jelema anu ayeuna ngagencet ka aranjeun.

[7] Ari aranjeun, — anu ayeuna eukeur digencet — tanwande ku Mantenna baris diganjar bareng jeung simkuring sapara kanca. Eta moal teu bukti, dina waktu Isa, Gusti Jungjunan urang, rawuh ti sawarga dina gedurna seuneu jeung diiring ku malaikat-malaikat-Na anu garagah.

[8] Sakur anu dina hirupna henteu malire ka Allah, kitu deui anu henteu malire kana amanat Injil tina hal Isa, Gusti Jungjunan urang, baris dihukum.

[9] Tur dihukumna teh salalanggengna; disingkirkeun ti payuneun Gusti, nya eta dijauhkeun tina kamulyaan nu maha agung nu jadi kagungana-Na.

[10] Eta pasti kajadian; di mana geus datang poe nu agung, nya eta rawuhna Al Masih pikeun dimulyakeun di antara umat-Na anu suci; dita'juban ku sakabeh nu percaya, kaasup oge aranjeun, anu percaya kana amanat pangandika-Na anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca.

[11] Ku sabab hal eta, simkuring sapara kanca teu petot-petot mangnedakeun ka kersa Allah. Mugi-mugi aranjeun teh, ku Mantenna, dipandang layak pikeun panyaur-Na. Mugi-mugi ku kawasa Mantenna, dulur-dulur bisa disampurnakeun boh dina kahoyong migawe sagala anu hade, boh dina nohonan darmaning iman.

[12] Upama kitu, tangtu hirup dulur-dulur matak mulya ka pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang; tur dulur-dulur oge baris dipaparin kamulyaan ku Anjeunna: Ku berkahna sih kurnia Allah jeung kurnia-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

2 Tesalonika — Chapters