Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:41

[1] Tumali jeung pisumpingeuna-Na — Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — sarta hal urang baris kumpul jeung Anjeunna teh, simkuring seja pepeling:

[2] Pacuan, aranjeun teh ulah beunang kapangaruhan, — nepi ka tuluy bae bingung teu puguh — lamun aya beja anu nyebutkeun yen wancina Gusti Jungjunan urang sumping teh geus datang: Boh beja ti roh, boh tina hutbah, atawa tina surat-surat simkuring sapara kanca.

[3] Kajeun kumaha oge, aranjeun teh ulah gampang kabobodo. Sabab eta Wanci moal waka nepi, samemeh jelema-jelema malurtad sarta anu jadi ulon-ulon kadorakaanana katangen.

[4] Eta nu jadi ulon-ulon kadorakaan teh, baris ngalawan ka anu disebut Allah, ka Anu disembah dibakti ku manusa. Malah baris anegleng di Bait Allah jeung susumbar nyebut ieu kami Allah.

[5] Hal ieu, bareto ku simkuring geus dibablaskeun basa keur aya di aranjeun. Aranjeun aringet keneh?

[6] Jadi, tangtu geus moal bireuk deui, naon sababna ayeuna manehna acan wanieun ngamimitian. Tapi upama wancina geus tepi mah, tangtu nembongkeun maneh.

[7] Tapi saenyana, cicing-cicing soteh, eta tukang ngadorakakeun teh keur tatan-tatan. Acan prak soteh lantaran aya keneh anu nahan.

[8] Geus nepi kana waktuna mah, — eta ulon-ulon kadorakaan teh — tangtu nembongkeun maneh. Tapi pinasti manehna baris tiwas, mun Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping; manehna baris dihebos ku napas tina baham-Na jeung baris musna ku cahaya Anjeunna.

[9] Munculna eta ulon-ulon teh, bari nyangking pangawasa setan; jadi, manehna teh, baris dibarengan ku rupa-rupa kakawasaanana, nya eta bisa nyieun rupa-rupa kaahengan jeung kaajaiban-kaajaiban nu mawa sasar.

[10] Cilaka sakur anu nolak kana kayaktian nu mawa kana jamuga; sabab pasti, maranehna, kagoda ku rupa-rupa tipu dayana.

[11] Batin maranehna ku Allah disina lolong, nepi ka percaya ka anu nipu merdaya.

[12] Ku sabab milihna teh, lain kana pijamugaeun atawa kana nu sayakti, tanwande maranehna baris dihukum.

[13] Dulur-dulur, kakasih Gusti! Nilik kana kaayaan aranjeun, simkuring wajib muji sukur ka Allah. Sabab aranjeun teh, asup kana golongan jalma-jalma nu dipilih Allah pikeun disalametkeun pangheulana: Ku jalan disucikeun ku kawasaning Ruh jeung ku sabab aranjeun percaya ka nu sayakti.

[14] Ku Mantenna, aranjeun teh geus disaur, nya eta ku jalan Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring sapara kanca; sangkan aranjeun layak nampa kamulyaan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.

[15] Ku sabab eta, sing pangger sarta sing pageuh nyekel pangajaran anu ditepikeun ku simkuring sapara kanca, boh ku lisan boh ku surat.

[16] Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, kitu deui Rama, — nya eta Allah anu ka urang teh kersa miwelas miasih, maparin panglipur abadi jeung pangharepan anu agung —

[17] kersa maparinan kakuatan jeung wawanen pikeun ngamalkeun kahadean, boh ku ucap, boh ku lampah.

2 Tesalonika — Chapters