[1] Simkuring sapara kanca sama sakali teu terang, iraha Gusti Jungjunan urang teh baris sumping.
[2] Teu perlu diterangkeun mangsa pisumpingeuna-Na teh, da hamo kajudi; sabab sumping-Na teh, kawas ti peuting urang teu nyangka-nyangka baris kaasupan bangsat.
[3] Waktu anu ku jalma-jalma disangka aman sarta taya naon-naon, ana geletuk teh harita pisan kadatangan bahla, nepi ka maranehna teu bisa sumingkir deui: Kantun nyerina, lir kanyerina awewe nu keur ngajuru.
[4] Tapi hirup aranjeun mah, kapan henteu kabawah ku poek. Jadi, aranjeun moal kabongohan ku eta Wanci, kawas kabongohan ku bangsat.
[5] Sabab Dulur-dulur mah kabawah ku caang, nya eta beurang tea. Ari peuting mah urang moal bisa naon-naon lantaran poek.
[6] Kahade urang mah ulah keuna ku teu eling, nya eta ngeunah-ngeunah jeg nu hees, nurutan batur. Sabalikna, kudu tetep nyaring pikir, eling salalawasna.
[7] Mun aranjeun hees atawa mabok mah, atuh teu beda tina jeung ti peuting!
[8] Urang mah anu di lingkungan caang, nya eta beurang tea, kudu waspada jeung sayaga. Lir ibarat prajurit anu make bae baju kere iman jeung kanyaah; ari balakutakna pangharepan kana mangsaning rahayu.
[9] Urang ku Allah teh henteu ditakdirkeun geusan nadah hukuman, tapi geusan dirahayukeun ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
[10] Isa Al Masih geus pupus pikeun nalangan urang, sangkan boh keur hirup keneh, boh geus paeh bisa tetep sasarengan jeung Anjeunna.
[11] Tumali jeung eta, sing tetep kawas ayeuna, nya eta silih aping silih geuing.
[12] Simkuring sapara kanca meredih: Muga aranjeunna, anu nungtun ka dulur-dulur jeung ngelingan enggoning anut ka Gusti, anu geus didaramel sakitu paeh-posona pikeun aranjeun; ku aranjeun teh kudu dihargaan jeung diajenan.
[13] Jungjung ku hate anu pinuh ku tresna asih. Hargaan padamelanana. Masing layeut runtut-raut.
[14] Jeung omat, lamun aya anu ngedul, papatahan; nu geus pegat pangharepan lilipur, tegerkeun hatena; nu lemah, belaan; ka itu ka ieu sing sabar.
[15] Poma, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng. Sabalikna, keprik sangkan raresep kana melak kahadean, boh ka pada batur, boh ka masarakat umum.
[16] Salawasna kudu janglar kudu hegar.
[17] Ulah tinggal ti neneda.
[18] Tarimakeun sagala nu dikersakeun. Kitu anu dipundut ku Allah ti sakur anu anut ka Isa Al Masih.
[19] Poma ulah mareuman Ruh.
[20] Ulah ngabaekeun kana ucapan-ucapan kanabian.
[21] Sagala rupa kudu diuji jeung dipaluruh. Nu hade pageuhan,
[22] sakur nu goreng kudu disinglar.
[23] Mugi-mugi Allah ku Manten, — anu jadi sumbering Karahayuan — nyucikeun aranjeun tina sagala kaluluputan sarta jiwa raga katut roh aranjeun ge, tetep jeung mulus banglus nepi ka wanci sumping-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
[24] Anu geus nyaur dulur-dulur teh, nya eta Anu Maha Saestu, tangtu ngalaksanakeun jangji-Na.
[25] Doakeun simkuring sapara kanca.
[26] Salam sono ka sakabeh dulur-dulur.
[27] Demi Gusti, bacakeun ieu surat simkuring ka sakumna jamaah.
[28] Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinan rahmat ka aranjeun.