Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:15

[1] Doakeun simkuring. Pangnedakeun, mugi-mugi sing bisa neruskeun nyebar pangandika Gusti, sina tumuwuh turta gancang kaala kalawan hasil anu gumilang saperti di aranjeun.

[2] Pangnedakeun simkuring sapara kanca, muga ucul ti nu hasud sarta bisa leupas ti nu niat jahat; ma'lum, da henteu kabeh jelema daraek percaya.

[3] Tapi Pangeran mah, satia. Dulur-dulur tangtu ku Mantenna baris dipaparinan kuat hate sarta diraksa ti Setan.

[4] Simkuring menta, demi Gusti, muga sagala papatah sarta pituduh simkuring, ku aranjeun teh dilakonan: Ayeuna jeung saterusna.

[5] Ka Gusti, simkuring nunuhun; mugia ati sanubari aranjeun dipingpin kana welas asihing Pangeran sarta tahan uji saperti Al Masih.

[6] Kalayan pajenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, simkuring seja meredih, sangkan dulur-dulur ngajauhkeun maneh ti jalma kedul, anu teu daek ngalampahkeun papatah anu ti simkuring sapara kanca.

[7] Simkuring geus mere conto: Salila di aranjeun, tara teuing ngalulungkut nangkeup tuur embung digawe.

[8] Sagala anu kadahar ku simkuring, teu aya anu teu dibayar; eta teh beunang dekal-dekul barang gawe beurang peuting, sangkan ulah matak ngaripuhkeun ka aranjeun.

[9] Lain ku dumeh simkuring teu layak meunang sokongan, tapi ku bawaning hayang mere conto pikeun turutaneun aranjeun.

[10] Basa keur di aranjeun tea, simkuring geus mere ieu pamadegan: «Mun teu ngoprek moal nyapek.»

[11] Sabab harita, simkuring ngadenge aya jelema-jelema anu taya gadag sarta gawena teh ngan ngarerecok urusan batur bae.

[12] Ka jalma-jalma nu kitu, demi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, simkuring sapara kanca ngawawadian: Kudu daek ngoprek jeung kudu daek susah payah, sangkan anu didahar teh beunang ladang kesang sorangan.

[13] Ari aranjeun, dulur-dulur! Ulah kapok-kapok tatalang reujeung tutulung.

[14] Teu mustahil, ieu pituah-pituah ti simkuring sapara kanca teh aya anu embung ngadenge. Upama aya cirian, ulah dirapetan, sina eraeun sorangan.

[15] Tapi ulah ari dimusuhan mah, leuwih hade pepelingan sakumaha pantesna ka dulur.

[16] Mugi-mugi Pangeran Nu jadi sumbering bagja, maparinkeun nugraha-Na ka aranjeun, dina sagala perkara. Mugi Mantenna kersa nangtayungan aranjeun.

[17] Ahirna, ayeuna, ieu simkuring ngotretkeun tulisan salam ku leungeun sorangan: «Salam sono ti Paulus.» Ieu teh cirina surat-surat simkuring. Tah kitu rupana tulisan simkuring teh!

[18] Mugia aya sih piwelas Isa Al Masih ka aranjeun.

2 Tesalonika — Chapters