[1] Saterusna, hidep oge, ari negor ka nu enggeus karolot mah, ulah keras-keras; jadi, sing cara ka bapa.
[2] Ari ka sasama budak ngora, sing cara ka dulur. Kitu deuih, ari ka wanita-wanita anu geus kolot, sing kawas ka indung. Tuluy ari ka paramojang, sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan hate anu jujur.
[3] Ka randa-randa, anu enya randa, masing hormat.
[4] Sabalikna, upama randa-randa eta teh, boga anak atawa incu; eta anak incuna teh, sing sina rumawat, minangka pamales budi ka indung bapa atawa nini akina. Eta teh, sapuk pisan jeung pangersa Allah.
[5] Upama randa, anu enya randana tea geus tinggal nyorangan pisan, kudu sina muntang ka Allah neda piwelas-Na; da Mantenna nu baris mitulung teh jeung ngajaring beurang peuting.
[6] Sabalikna, randa anu resep kana senang-senang jeung sakama-kama, najan hirup keneh oge, beunang disebutkeun geus paeh.
[7] Bejaan kudu ngajaga tingkah laku, ulah nyieun picelaeun.
[8] Sing saha bae oge anu tambelar ka kaom kulawargana, komo ka anggota rumah tanggana sorangan; eta teh ngaranna murtad, leuwih goreng ti batan anu henteu boga iman.
[9] Randa anu umurna acan genep puluh taun, ulah waka diasupkeun kana daptar. Dina geus meujeuhna diasupkeun kana daptar ge, kudu nyumponan heula sarat: Bogana salaki ngan sakali;
[10] kalakuanana kaceluk hade; alus rumawatna ka anak; akuan ka tatamu; daek mangumbahkeun suku sasama umat Allah; lian ti eta, manehna oge daek nalang ka nu susah. Cindekna, kumureb kana sagala gawe anu harade.
[11] Randa-randa anu ngarora keneh mah, ulah diasupkeun kana daptar. Bisi, maranehna, katarik hayang kawin deui; — heug bae embung ngalakonan deui kawajiban ti Al Masih —
[12] eta hartina ingkar tina jangji seja satia ka Anjeunna.
[13] Atawa sok unjung-anjang ngadon ngobrol miceunan waktu, pipilueun kana urusan batur, sarta ngobrolkeun nu teu parantes.
[14] Alusna, randa-randa nu ngarora keneh mah, heug karawin deui bae: Sina baroga anak jeung ngurus rumah tangga; malar anu jaradi lawan teh, ulah boga upatkeuneun ti urang.
[15] Da aya randa-randa anu ingkar tina jalan anu bener, terus ngapruk kana jalan setan.
[16] Kitu deuih, upama dina hiji kulawarga aya randana. Eta kulawarga teh, boga kawajiban ngabayuan anggotana anu geus randa tea. Jadi, ulah nepi ngarerepot jamaah; sangkan jamaah bisa laluasa ngabayuan randa-randa, anu enya-enya perlu dibantu hirupna.
[17] Kokolot anu hade ngokolotanana, kudu diajenan dua kali lipet. Komo lamun anjeunna getol hutbah jeung ngawuruk mah.
[18] Sabab ceuk Kitab oge: «Munding anu keur dipake, ulah diborongsongan;» jeung: «Nu digawe wajib meunang upah.»
[19] Hidep ulah guguan ka anu ngadukeun kokolot, kajaba lamun pangaduanana kuat saksi, nya eta aya dua atawa tilu jalma.
[20] Anu tetela salah, bolekerkeun bae dosana sina kanyahoan ku sarerea, sangkan anu sejen oge sarieuneun.
[21] Bapa meredih ka hidep: Demi Allah, demi Isa Al Masih, jeung malaikat-malaikat anu kapilih; jalankeun ieu katangtuan teh ka nu karitu, tong asa-asa jeung ulah beurat sabeulah.
[22] Jaba ti kitu, hidep ulah gampang-gampang numpangkeun leungeun, ngangkat jalma geusan nyekel papancen jamaah. Ulah kabaud ku jelema anu doraka. Jaga diri hidep sangkan tetep mulus.
[23] Nginget hidep teh, sakitu ririwitna; bapa nganasehatan, sangkan hidep nginum anggur oge, barang saregot mah; jadi, ulah ngan nginum cai wungkul. Eta teh perlu, keur ngalembutkeun kadaharan dina padaharan.
[24] Mungguh kasalahan jalma teh, aya anu ujug-ujug breh katohyan, — siga anu miheulaan lumpat arek ngadakwa ka pangadilan — aya oge anu kabukana sanggeus kalilanakeun.
[25] Lampah hade ge, kitu; aya anu breh harita keneh, aya nu henteu; tapi kabeh oge, mo burung nembrak.