Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:43

[1] Aya kacapangan anu kacida keunana: «Hayang jadi pamingpin teh cita-cita nu kacida mulyana.»

[2] Sabab pamingpin jamaah teh, teu meunang aya cacad celana: Kudu satia ka bojo, titih jeung rintih, daek nyaliksik diri, tartib, adab, akuan ka tatamu, ahli kana ngatik,

[3] ulah nyandu kana inuman, teu meunang ketus haseum budi, kudu someah, daek akur daek ngakurkeun, tur ulah piduit.

[4] Kudu bisa ngamudi rumah tanggana, bisa ngawarah tur dipikaajrih ku anak.

[5] Upama ka rumah tangga sorangan ge, geus teu bisa ngamudi; atuh komo nungtun jamaah Allah, rek bisa ti mana?

[6] Lebah dieu tetela, jalma anu kakara bus, jadi murid Gusti Jungjunan urang mah, teu meunang diangkat jadi pamingpin jamaah; bisi unggah adat, anu antukna kabendon sanasib jeung Iblis.

[7] Di luareun jamaah oge, pamingpin mah, ngaranna teh kudu seungit, ulah aya anu bireuk; sangkan ulah meunang panangtang anu antukna bisa ngaleok kabawa setan.

[8] Kitu deui, anu jaradi pangatik jamaah oge, kudu jelema anu diajenan, jujur, ulah pamabokan, ulah hawek;

[9] batinna ge, kudu beresih jeung pageuh muhitna kana rasiah iman kapercayaan.

[10] Memeh diangkat teh, aranjeunna, kudu dipaluruh heula. Mun geus tetela taya cacad kuciwana, kakara aranjeunna meunang mangku jabatan.

[11] Bojona ge kudu hade tabeatna, ulah resep ngupat, jeung kudu jujur sagala laku-lampahna.

[12] Pangatik jamaah teh, kudu caroge ti hiji bojo, kudu bisa nungtun anak bojo, kudu bisa nerapkeun pangwarah ka kulawarga.

[13] Pangatik nu hade, pangaruhna ge baris hade tur bisa laluasa, waktu anjeunna nyarita perkara iman ka Isa Al Masih.

[14] Ieu perkara ku bapa perlu ditulis ayeuna, najan bapa teh aya niat buru-buru manggihan hidep.

[15] Maksudna, bisi bae, bapa elat datang; jadi, hidep geus terang kumaha kuduna hirupna parawarga Allah Anu jumeneng, Anu jadi pamageuh jeung dasaring kayaktian tea.

[16] Teu hamham deui, rasiah kaimanan urang teh mutuh agungna: «Anjeunna, anu geus kersa ngalap rupa manusa, ku Ruh Allah geus dibuktikeun bener-Na, kasaksi ku paramalaikat, dimashurkeun ka saban bangsa, dipercaya ku nu araya di dunya, dijungjung kana kamulyaan.»

1 Timoteus — Chapters