Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:31

[1] Nomer hiji bapa menta malar hidep mangnedakeun, mangdoakeun, mangnyuhunkeun, jeung mangnuhunkeun sakabeh jelema,

[2] kapala-kapala nagara jeung anu nyarangking pamarentahan. Sambat, suhunkeun ka Allah, mugi-mugi urang bisa hirup ayem tengtrem tur bisa nekanan hirup saleh kalawan mulya.

[3] Paneda kitu tangtu didangu ku Allah, Juru Salamet urang,

[4] anu mikersa sangkan sakabeh jelema salamet jeung aranut kana kayaktian Mantenna.

[5] Sabab pikeun datang ka Allah anu tunggal teh, jalanna oge tunggal, nya ngan ka manusa anu jenengan Isa Al Masih tea.

[6] Anjeunna geus ngorbankeun salira jadi panebus, pikeun nebus sakabeh manusa.

[7] Ieu amanat iman jeung kayaktian teh, kudu ditepikeun ka bangsa-bangsa luareun Yahudi. Guna kaperluan eta, bapa teh dijieun rasul sarta diutus pikeun ngaguruan maranehna.

[8] Saterusna, kahayang bapa mah, jelema teh di mana bae oge kudu neneda. Kaom lalaki anu ngabdi ka Allah ari neneda kudu nadahkeun leungeun kalawan hate anu beresih, ulah aya geuneuk-maleukmeuk; ulah mawa unek-unek atawa ambek.

[9] Ka kaom wanita, pamenta bapa mah barang pake teh kudu sarwa merenah. Dangdan sapantesna bae, anu sopan; ulah kaleuleuwihi: Buuk ulah dimodel-model; pakean teu kudu nu mararahal; ulah reuceum ku perhiasan, emas, inten, jeung sajabana.

[10] Diri mah mending ge didangdanan ku tingkah laku anu hade, sakumaha layakna wanita anu ibadah.

[11] Wanita mah, kudu diajar lungguh ampuh andalemi;

[12] kudu pantrang mamatahan atawa marentah ka lalaki, jeung kudu sareh sumerah.

[13] Sabab manusa anu pangheulana dipidamel ku Allah teh, nya eta Adam; geus kitu, kakara Hawa.

[14] Anu beunang ku pangwujuk Iblis nepi ka ragragna kana dosa oge, nya eta wanita, lain lalaki.

[15] Papadaning kitu, wanita oge, baris disalametkeun; ku sabab maranehna geus nyorang kanyeri dina ngajuru; jaba ti eta, maranehna ge kudu pengkuh iman, boga kanyaah, jeung laku-lampahna ge kudu basajan.

1 Timoteus — Chapters