Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:14

[1] Ruh Allah geus teges nerangkeun, yen dina jaman-jaman ka dieunakeun bakal loba anu murtad; maranehna teh, kagusur ka jalan sasar, kasarad ku roh-roh anu matak nyasabkeun jeung pangajaran setan-setan.

[2] nya eta tukang-tukang tipu anu munapek, anu geus teu boga bebeneran sama sakali.

[3] Ku maranehna, jelema-jelema dilarang kawin jeung sawatara kadaharan diharamkeun; padahal, eta kadaharan teh tunggal, ciciptan Pangeran; taya halanganana didahar ku anu palercaya ka Allah mah, asal dinuhunkeun heula dina paneda.

[4] Da taya atuh, hiji oge, dadamelan Allah anu teu hade teh. Kadaharan mah, teu aya anu teu meunang didahar; asal ditarimakeun ku puji jeung sukur.

[5] Lantaran kabeh oge enggeus jadi suci, disucikeun ku pangandika Allah jeung ku paneda tea.

[6] Upama hidep sanggup negeskeun sual ieu, ka dulur-dulur urang nu saiman; nyata hidep teh berbudi, ciri abdining Isa Al Masih. Hidep pribadi kudu ngabayuan diri ku papakon-papakon kaimanan jeung ajaran anu waras, anu ku hidep kiwari eukeur dianut.

[7] Kahade hidep teh, ulah kapincut ku dongeng-dongeng anu sipat tahayul. Anggur latih diri hidep kana ibadah.

[8] Latihan badaniah gunana teh kawates. Sabalikna, ari latihan kana ibadah mah, gunana teh keur sagala-gala; sabab dieusi ku jangji pijamugaeun hirup, boh keur ayeuna, boh keur jagana.

[9] Ieu teh saestu pisan wajib dipercaya jeung ditarima mutlak.

[10] Naon sababna urang daek nyorang susah payah hese cape? Taya lian lantaran urang ngandel ka Allah, Juru Salametna sakabeh manusa, pangpangna sakur anu percaya ka Mantenna.

[11] Pek sual ieu teh ku hidep parentahkeun jeung papatahkeun.

[12] Sanajan hidep ngora keneh, tembongkeun yen hidep teu bisa disapelekeun. Ucapan, tingkah laku, kanyaah, iman, katut kamulusan hidep mugia sing matak jadi conto ka sakur anu saiman.

[13] Sabot bapa acan datang, hidep kudu leukeun, boh dina maca Kitab Suci, boh dina mepelingan ka dulur-dulur sakapercayaan, boh dina pangajaran.

[14] Kurnia ti Allah anu geus nyampak di diri hidep, ulah diteler-teler. Eta kurnia teh, asalna tina nubuwat; ku hidep geus katarima, waktu hidep ditumpangan panangan ku parakokolot, basa diistrenan tea.

[15] Pake eta teh, lampahkeun, imankeun, malar hidep maju sarta kamajuanana katembong ku balarea.

[16] Jaga diri hade-hade, sing ati-ati nya ngajar. Sing suhud sing junun ngalakonanana; sabab eta teh matak jamuga, boh keur hidep pribadi, boh keur batur anu balalener ngabandunganana ka hidep.

1 Timoteus — Chapters