Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:47

[1] Yesus mimiti ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Jelema ngagimbung ka Anjeunna kacida lobana, nepi ka Anjeunna ngalih calikna kana parahu anu keur ngambang dina cai. Jalma-jalma narangtung di basisir sisi cai.

[2] Yesus tuluy ngawulang ka maranehna rupa-rupa hal ku misil-misil. Saur-Na ka maranehna,

[3] “Barandungan! Aya hiji jelema indit tebar.

[4] Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak.

[5] Aya anu ragragan kana tanah anu karikilan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna ipis;

[6] tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih anu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing, lantaran akarna henteu jero.

[7] Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, binih teh kaheumpikan, teu bisa buahan.

[8] Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu tilu puluh kalieun, nu genep puluh kalieun jeung nu saratus kalieun.”

[9] Saur-Na deui, “Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!”

[10] Sanggeus Anjeunna nyalira bae, anu tadi ngadarengekeun teh aya anu daratang ka Anjeunna, dibaturan ku dua welas murid-Na, naranyakeun harti eta misil.

[11] Ari waler-Na, “Maraneh mah geus dibere nyaho rasiahna Karajaan Allah. Ari nu sejen luareun eta ngan dibere ngadenge misilna bae,

[12] jadi maranehna mah, ‘Narenjokeun tapi teu narenjoeun, ngadarengekeun tapi teu ngalartieun. Sabab lamun narenjoeun jeung ngalartieun tangtu tarobat ka Allah, sarta ku Mantenna tangtu dihampura.’ ”

[13] Saur-Na deui, “Kutan maraneh teu ngarti kana eta misil? Kumaha rek ngarti kana misil sejenna?

[14] Nu tebar teh hartina nu ngawawarkeun amanat sabda Allah.

[15] Binih anu katebarkeun ka jalan, hartina eta amanat didengekeunana ngan saliwat, harita kadenge harita keneh dipupus ku Iblis.

[16] Anu katebarkeun kana taneuh anu karikilan, hartina eta amanat gancang ditarima reujeung suka,

[17] tapi gancang leungit deui sabab nyerepna teu sakumaha. Barang disusahkeun ku batur dumeh percaya kana eta amanat tuluy bae murtad.

[18] Anu katebarkeun kana rungkun cucuk, hartina eta amanat ditarima,

[19] tapi kadeseh ku kasalempangan hirup, ku hayang beunghar, jeung ku rupa-rupa kahayang napsu, teu nepi ka bijil hasilna.

[20] Anu meneran kana taneuh anu hade, hartina eta amanat ditarima enya-enya, hasilna kapetik, buahna kaala, aya nu tilu puluh kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu saratus kalieun.”

[21] Saur-Na deui, “Naha aya anu nyeungeut lampu terus dituruban ku gentong atawa diteundeun di kolong? Naha lain kudu diteundeun dina ajugna?

[22] Naon bae anu nyumput bakal nembrak, naon bae anu katutup bakal nonggerak.

[23] Darengekeun sing bener mun enya baroga ceuli!”

[24] Saur-Na deui, “Pek tengetkeun sing bener anu kadarenge teh! Kalakuan maraneh ka batur, ku Allah bakal dibalikkeun ka maraneh leuwih ti kitu.

[25] Anu enggeus beubeunangan bakal ditambahan, sabalikna anu henteu beubeunangan mah anu geus aya ge keur saeutik teh bakal di cokot pisan.”

[26] Yesus sasauran deui, “Karajaan Allah teh ibarat ieu misil. Aya jelema nyebarkeun binih dina lahanna.

[27] Ari peuting manehna hees, ari beurang manehna hudang. Sabot kitu jeung kitu, binihna jaradi jeung ngagedean. Teu nyahoeun manehna mah peta jadina teh kumaha.

[28] Pepelakanana ku taneuh disina jadi nepi ka buahanana, sina mentik, sina ngagedean, sina ranggeuyan, sina buahan.

[29] Sanggeus gandumna asak meujeuhna diala, patani nyokot arit, gandumna diala.”

[30] “Ibarat naon deui Karajaan Allah teh?” Yesus mariksa. “Kudu ku misil naon nerangkeunana?

[31] Ibarat misil ieu. Aya jelema nyokot siki sasawi, tuluy dipelakkeun dina taneuh. Siki sasawi di saalam dunya siki anu panglembutna.

[32] Sanggeus jadi, tangkalna teh panggedena ti sakabeh pepelakan, daunna gomplok dahanna galede, manuk-manuk daratang nyarayang dina aubanana.”

[33] Kitu carana Yesus nyarioskeun amanat ti Allah ka jalma rea teh, ku rupa-rupa misil kawas bieu, sateka-teka diluyukeun jeung pangarti maranehna.

[34] Nyarioskeunana tara teu ku misil. Tapi ari geus tinggal jeung murid-Na bae mah sagala rupa ge ku Anjeunna diterangkeun sageblasna.

[35] Sanggeus burit, poe eta keneh, Yesus ngalahir ka murid-murid, “Urang meuntas talaga, urang ka beulah ditu.”

[36] Bari sasauran kitu teh Anjeunna miheulaan calik kana parahu. Murid-murid oge naraek kana parahu, jalma rea ditinggalkeun, tuluy mareuntas. Di eta talaga aya deui parahu- parahu sejen.

[37] Dak-dumadak aya angin ribut nebak, parahu meh tibalik ku ombak nepi ka pinuh kaasupan cai.

[38] Ari Yesus keur kulem di beulah tukang, mastaka-Na dibantalan. Ku murid-murid digugahkeun, pokna, “Pa Guru! Keun bae urang cilaka?”

[39] Yesus gugah, tuluy marentah ka angin, “Eureun!” Marentah deui ka ombak, “Leler!” Jep angin jempe sarta talaga jadi kacida lelerna.

[40] Yesus ngalahir ka murid-murid, “Ku naon sarieun! Teu palercaya ka Kami?”

[41] Tapi maranehna jadi kacida sarieuneunana ku Anjeunna, seug patanya-tanya, “Saha ieu jelema teh? Angin jeung ombak nepi ka narurut kitu!”

Injil Anu Diserat Ku Markus — Chapters