[1] Yesus mulih deui ka imah ibadah. Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah.
[2] Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus midamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun eta jelema harita keneh dina poe Sabat.
[3] Yesus ngalahir ka nu kemper tea, “Ka dieu, ka hareup!”
[4] Ti dinya saur-Na ka nu rea, “Pagawean kumaha anu ku Hukum Agama urang meunang dipigawe dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa batur atawa mergasa?” Maranehna teu narembal naon-naon.
[5] Yesus neuteup ka maranehna, manah-Na bendu pacampur jeung sedih ku anu sakitu baredegongna jeung saralahna. Tuluy ngalahir ka nu kemper tea, “Lempengkeun leungeun hidep!” Ku manehna dilempengkeun, bet leungeunna nu kemper teh jadi cageur.
[6] Urang Parisi tinglaleos, terus ngabadamian jelema-jelema kaomna Herodes rek nelasan Yesus.
[7] Yesus angkat ka Talaga Galilea jeung pangiring-Na. Anu naluturkeun kacida lobana, ti Galilea, ti Yudea,
[8] ti Yerusalem, ti wilayah Idumea, ti wetaneun Walungan Yordan, jeung ti sakurilingeun kota-kota Tirus jeung Sidon, anu geus mareunang beja perkara anu dipidamel ku Anjeunna.
[9] Ku loba-lobana jelema, Anjeunna nepi ka mundut parahu ka murid-murid supaya ulah kasedekkeun.
[10] Geus loba anu gering anu dicageurkeun ku Anjeunna, sarta anu garering teh mani pasedek-sedek hayang nyabak ka Anjeunna.
[11] Ari anu kasarurupan ku roh jahat mah barang ret ka Anjeunna teh terus bae sujud ka payuneuna-Na bari ngagero, “Anjeun teh Putra Allah!”
[12] Tapi eta roh-roh jahat teh ku Yesus dicarek teu meunang pisan nyebut Anjeunna saha.
[13] Ti dinya Yesus unggah ka hiji pasir, tuluy nyaur sababaraha jelema anu cocog jeung manah-Na. Sanggeus karumpul,
[14] ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta anu kapilih ku Anjeunna disebatna rasul. “Maraneh ku Kami dipilih pikeun maturan Kami salawasna,” saur-Na. “Sarta ku Kami baris diutus oge pikeun ngawurukan jalma-jalma,
[15] jeung bakal dibere kakawasaan ngusir roh-roh jahat.”
[16] Anu kapilih teh ieu ngaran-ngaranna: Simon (ku Yesus dipaparin ngaran Petrus);
[17] Yakobus jeung Yohanes (adi lanceuk anak Sebedeus, duanana ku Yesus dipaparin ngaran Boanerges, hartina “Guludug”);
[18] Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpeus, Tadeus, Simon Patriot,
[19] jeung Yudas Iskariot, anu engkena ngahianat ka Anjeunna.
[20] Yesus mulih ka bumi-Na. Breg deui digimbung ku jalma rea, nepi ka Anjeunna jeung murid-murid teu kaburu tuang-tuang acan.
[21] Barang wargi-wargina ngadarenge hal eta, tuluy nareang Anjeunna rek diajak mulih, sabab aya beja majar, “Anjeunna geus owah!”
[22] Aya sawatara guru-guru agama anu daratang ti Yerusalem, ngaromong kieu, “Eta jelema teh kaasupan Beelsebul! Nu matak jadi bisaeun ngusir roh-roh jahat teh lantaran meunang kakawasaan ti eta kapala roh jahat.”
[23] Maranehna ku Yesus disaur. Geus kitu Anjeunna nyarios, tapi ku ibarat-ibarat. “Kumaha bisana Iblis ngusir Iblis?” saur-Na.
[24] “Hiji kota anu pecah jadi sababaraha golongan anu silih lawan tangtu ancur.
[25] Hiji kulawarga anu pecah jeung silih lawan, tangtu awut-awutan.
[26] Nya kitu keneh karajaan Iblis, lamun pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila, karajaanana tangtu enggeusan.
[27] Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta nu bedas teh ditalikung heula kakara imahna bisa dijarah.
[28] Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura.
[29] Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura, sabab nu kitu mah dosana teh langgeng.” (
[30] Yesus nyebatkeun kitu teh ka jelema-jelema anu nyebutkeun majar Anjeunna kaasupan roh jahat.)
[31] Ibu jeung saderek-saderek Yesus geus narepi ka dinya, tapi di laluar bae, nalatahkeun supaya Anjeunna kaluar.
[32] Anjeunna keur dirariung ku jalma rea. “Itu aya ibu di luar sareng saderek-saderek istri pameget, hoyongeun nepangan,” ceuk maranehna.
[33] “Saha ari ibu Kami? Saha ari dulur-dulur Kami?” waler-Na,
[34] bari terus neuteup ka anu ngariung ka Anjeunna. “Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!” saur-Na deui.
[35] “Saha-saha anu ngalampahkeun pangersa Allah, eta ibu Kami, dulur-dulur Kami awewe lalaki.”