Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:33

[1] Waktu Yesus ngantunkeun Bait Allah, salah saurang murid-Na unjukan, “Tingali Pa Guru, ieu adegan-adegan sakieu agrengna, batu-batuna oge sarae pisan!”

[2] Waler-Na, “Geus katenjo sakumaha galedena adeganana? Engke mah batu-batuna ge moal aya hiji-hiji acan anu angger dina tempatna ayeuna, kabeh bakal dialung-alungkeun.”

[3] Yesus angkat ka Gunung Jetun, terus calik di tempat anu nyanghareup ka Bait Allah. Petrus, Yakobus, Yohanes, jeung Andreas, opatan bae, nyalampeurkeun.

[4] “Mugi ditetelakeun anu tadi disaurkeun teh iraha bade pijadieunana, sareng upami parantos waktosna naon cicirenna?” maranehna nanya.

[5] Waler-Na, “Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.

[6] Sabab engke bakal loba anu datang make ngaran Kami, nyebut maneh, ‘Kami teh Anjeunna tea!’ tuluy ngabobodo jalma rea.

[7] Maraneh, di nu deukeut-deukeut bakal ngadenge gederna anu keur tarung, ti nu jarauh bakal ngadenge beja-beja perang. Tapi teu kudu hariwang. Sanajan geus pasti engke teh kitu, tapi eta mah lain kiamat.

[8] Nagara-nagara silih perangan, karajaan-karajaan silih tarajang. Lini jeung bala kalaparan di mana-mana. Eta kajadian-kajadian kabeh kakara mimiti, ibarat mimiti nyalingitna kanyeri nu rek ngajuru.

[9] Maraneh pribadi kudu taki-taki. Maraneh bakal ditangkep, bakal disered ka pangadilan, bakal disiksa di imah-imah ibadah, bakal dijagragkeun ka hareupeun nu karawasa jeung raja-raja dumeh jadi panganut Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun nyiarkeun Injil Kasalametan ka maranehna.

[10] Sabab memeh datang poe panungtung, eta wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.

[11] Lamun maraneh ditangkep jeung dibawa ka pangadilan, ulah bingung kudu ngomong naon. Maraneh baris dibere piomongeun dina waktuna, sarta anu kudu diucapkeun. Sabab ucapan-ucapan anu baris dikedalkeun ku maraneh lain omongan maraneh sorangan, tapi omongan anu asal ti Roh Suci.

[12] Dulur bakal nyerenkeun dulur sina dipaehan, bapa ka anak nya kitu keneh. Anak bakal ngalawan ka kolot, nyerenkeun kolotna sina dipaehan.

[13] Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami. Tapi nu tabah nepi ka ahir tan wande disalametkeun.”

[14] “Maraneh bakal nenjo ‘Si Pikasieuneun’ ngabedega di tempat anu saenyana lain eukeurna.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartieunana!) “Harita, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.

[15] Nu keur aya di luhur imah ulah nyokot nanaon heula ka jero imah.

[16] Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah.

[17] Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna!

[18] Kudu neneda ka Allah, supaya kajadianana ulah ninggang dina usum ngijih!

[19] Sabab kasangsaraan anu bakal karandapan dina mangsa eta teh leuwih ti jaman ka tukang-tukang ti barang Allah ngajadikeun alam dunya nepi ka jaman ayeuna, tur engkena moal aya deui kasangsaraan anu kawas kitu.

[20] Sukur eta mangsa teh ku Allah bakal disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya anu rahayu. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na.

[21] Lamun harita aya anu nyebut, ‘Tah ieu Kristus!’ atawa, ‘Tuh itu Kristus!’ ulah percaya.

[22] Sabab bakal timbul Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu. Maranehna bakal nyarieun kaajaiban jeung kaahengan pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.

[23] Maraneh ku Kami geus dibejaan ti ayeuna, supaya iyatna.”

[24] “Sanggeus mangsa sangsara tea liwat, panonpoe bakal poek, bulan moal cahayaan,

[25] bentang-bentang ragragan ti langit, kakuatan-kakuatan langit malengpar tina jalanna.

[26] Geus kitu sumping Putra Manusa dina mega, kacida kawasa-Na jeung agung-Na.

[27] Anjeunna bakal miwarang para malaikat ka opat madhab bumi ngumpulkeun umat pilihan Allah ti sakuliah jagat ti tungtung nepi ka tungtung.”

[28] “Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas.

[29] Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman.

[30] Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh.

[31] Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna.”

[32] “Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.

[33] Ku sabab maraneh teu nyaho piwaktueunana, sing waspada, sing peryatna.

[34] Piwaktueunana teh ibarat kieu: Aya hiji jelema indit nyaba, lunta ti imahna. Memeh indit metakeun heula bujang-bujangna kana pagaweanana masing-masing, kitu deui tukang jaga panto diparentah supaya ulah kendat-kendat ngajaga.

[35] Maraneh moal nyaho iraha pibalikeunana eta dunungan, boa pabuburit, boa tengah peuting, boa subuh, boa isuk-isuk, anu matak kudu tetep caringcing.

[36] Lamun eta juragan ujug-ujug datang, maraneh ulah kasampak keur harees.

[37] Ku sabab kitu Kami ngingetan ka maraneh teh keur sarerea: Sing caringcing!”

Injil Anu Diserat Ku Markus — Chapters