[1] Dulur-dulur! Waktu sim kuring datang ka aranjeun mawa warta maksad Allah anu tacan kabuka, henteu make kecap-kecap anu laluhur, halna henteu digede-gedekeun.
[2] Anu jadi tekad sim kuring salila di aranjeun lain rek nyaritakeun nu sejen, salian ti arek ngenalkeun Kristus, pangpangna hal pupus-Na lantaran disalib.
[3] Waktu datang ka aranjeun, sim kuring teh mani asa taya tangan pangawasa, awak ngadegdeg sieun.
[4] Sim kuring bisa nerangkeun hal eta teh lain tina kapinteran sorangan, tapi yakin tina kakawasaan Roh Allah.
[5] Jadi ku sabab kitu, pang aranjeun bisa percaya oge lain ku tina pinter-pinterna jelema anu nerangkeun, tapi ku karana kakawasaan Allah.
[6] Tapi ka jelema-jelema anu geus asak sual karohanianana mah sim kuring nerangkeun oge hal kabijaksanaan. Ngan lain kabijaksanaan urang dunya, lain kabijaksanaan anu karawasa di ieu dunya -- kakawasaan-kakawasaan anu bakal leungit kakawasaanana.
[7] Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya, disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang.
[8] Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung.
[9] Tina hal eta, kieu ceuk Kitab Suci, “Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna.”
[10] Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na. Sabab sagala rupa, nepi ka maksad-maksad Allah anu pangbunina oge ku eta Roh bisa kabuka.
[11] Kapan di manusa oge anu bisa nyaho kana kereteg hatena teh rohna sorangan keneh. Nya kitu, anu uninga kana sagala hal Allah teh ngan Roh Allah bae.
[12] Ari anu dipaparinkeun ka urang lain roh dunya ieu, tapi Roh asal ti Allah, supaya urang bisa terang kana sagala hal anu ku Allah geus dikurniakeun ka urang.
[13] Ku sabab kitu, ari sim kuring nerangkeun hal-hal Allah ka jelema-jelema anu geus baroga Roh Allah teh henteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah.
[14] Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna. Hal-hal rohani saperti kitu, ditimbangna ge kudu ku rohani deui.
[15] Tapi jelema anu ngabogaan Roh Allah mah bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara, sabalikna dirina sorangan moal kateuleuman ku nu sejen.
[16] Sakumaha ceuk Kitab Suci, “Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?” Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Kristus.