Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:19

[1] Kudu kitu, turutan sim kuring, saperti sim kuring nurutan tuladan Kristus.

[2] Nuhun aranjeun aringet ka sim kuring sarta tigin kana pangajaran sim kuring.

[3] Tapi aya keneh anu aranjeun perlu terang, nya eta: Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.

[4] Dina kumpulan ibadah, lalaki anu sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah make tutup sirah, eta ngahina ka Kristus.

[5] Sabalikna awewe dina kumpulan ibadah, lamun sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah henteu make tutup sirah, eta ngahina ka salaki, taya bedana ti awewe anu digundulan.

[6] Sabab lamun awewe henteu daek make tiung leuwih hade ngagunting buukna. Tapi awewe mah kapan hina lamun sirahna dicukur atawa buukna digunting teh, anu matak kudu make tiung.

[7] Lalaki teu perlu make tutup sirah, sabab lalaki teh gambar Allah katut kaagungana-Na. Ari awewe gambar kamulyaan lalaki,

[8] sabab lain lalaki anu dijadikeun ti awewe, tapi awewe anu dijadikeun ti lalaki.

[9] Lalaki dijadikeunana lain pikeun awewe, tapi awewe anu dijadikeunana pikeun lalaki.

[10] Ku sabab kitu awewe kudu make tiung sirah, pikeun nyirikeun aya dina bawahan kakawasaan salakina, jeung tanda mandang ka para malaikat.

[11] Tapi sanajan kitu ge pikeun urang mah anu hirup di Gusti, awewe henteu lesot ti lalaki, lalaki henteu lesot ti awewe.

[12] Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.

[13] Pek ku aranjeun rarasakeun, naha pantes dina pakumpulan, awewe sembahyang ka Allah teu make tiung sirah?

[14] Alam sorangan netelakeun yen buuk panjang pikeun lalaki mah teu pantes.

[15] Sabalikna pikeun awewe mah malah jadi kaendahan. Buukna nu panjang teh kapan pikeun nutup sirahna.

[16] Upama aya anu ngabantah kana hal ieu, jawabanana kieu: Urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta.

[17] Dina hal anu rek ditetek ayeuna, aranjeun lain pujieun. Aranjeun ari karumpulan, ti batan jadi hade malah jadi goreng.

[18] Aya anu bebeja ka sim kuring. Kahiji, aranjeun dina kumpulan teh papecah jadi sababaraha gumplukan anu pakia-kia. Sim kuring percaya ieu beja aya benerna.

[19] Teu sak deui aranjeun teh geus papecah, nepi ka engke katembong saha-saha anu bener.

[20] Waktu aranjeun kumpul bareng, eta anu didalahar ku aranjeun teh saenyana lain Jamuan Gusti.

[21] Da dina waktu dahar teh aranjeun paheula-heula nyokotan keur diri sorangan, nepi ka nu sawareh angger lapar, sawareh deui nepi ka marabok kaseubeuhan.

[22] Ku naon henteu dalahar heula di imah, kawas teu baroga imah bae? Rek ngarendahkeun jamaah Allah? Atawa rek ngera-ngera anu mariskin? Eta kalakuan aranjeun kudu kumaha disebutna ku sim kuring? Pujieun ari kitu? Boro-boro!

[23] Sabab kieu conto ti Gusti anu katampa ku sim kuring mah: Gusti Yesus dina peutingan dihianat, nyandak roti hiji,

[24] sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina terus disemplekan dibagikeun, sarta ngalahir kieu, “Ieu teh daging Kami, tampanan pikeun maraneh. Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami.”

[25] Kitu keneh sanggeusna tuang, Anjeunna nyandak lumur anggur, sarta ngalahir kieu, “Ieu anggur perjangjian Allah anu anyar, anu dikukuhkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum ieu, maksudna pikeun nginget-nginget Kami.”

[26] Jadi saban aranjeun dahar roti ieu jeung nginum anggur ieu, tanda aranjeun ngamashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.

[27] Ku sabab kitu, anu dahar roti ti Gusti jeung nginum anggur ti Gusti ku cara anu teu pantes, eta jelema teh dosa kana salira jeung getih Gusti.

[28] Jadi anu rek milu kana eta perjamuan kudu mariksa heula dirina, kakara meunang dahar eta roti jeung nginum eta anggur.

[29] Sabab milu dahar eta roti jeung nginum eta anggur tapi henteu ngarasa yen eta teh salira jeung getih Gusti, sarua jeung nangtang hukuman ti Allah.

[30] Eta sababna pang aranjeun loba anu kurang sehat, garering malah aya anu maraot.

[31] Lamun mariksa diri heula masing-masing mah ku Allah moal dihukum.

[32] Tapi sanajan kitu ge Allah mah ngahukum teh maksad-Na ngadidik, supaya urang ulah kabaud ku hukuman anu bakal keuna ka ieu dunya.

[33] Ku sabab kitu dulur-dulur, dina Perjamuan Gusti teh urang kudu silih dagoan.

[34] Ari sieun kaburu lapar mah dahar bae heula di imah, supaya dina Perjamuan ulah matak meunang hukuman ti Allah. Sakitu heula. Sual-sual sejenna engke bae diterangkeunana ari sim kuring ka dieu.

Serat Paulus Nu Kahiji Ka Jamaah Kristen Di Korinta — Chapters