[1] Sanajan upama sim kuring bisa ngajar make rupa-rupa basa manusa, atawa malah bisa make basa malaikat, ari teu nyaah ka batur mah pangajaran sim kuring teh teu beda ti sora goong atawa genta, harus tapi taya hartina.
[2] Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.
[3] Sanajan upama sim kuring nyidekahkeun sagala pangaboga ka nu mariskin, malah sanajan nepi ka awak diduruk jadi kurban, ari teu nyaah ka batur mah gaplah teu aya gunana.
[4] Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.
[5] Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.
[6] Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,
[7] tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.
[8] Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.
[9] Sabab kanyaho jeung kamampuh bisa ngawejang anu dipaparinkeun ka urang teh tacan lengkep, tacan sampurna,
[10] ku sabab kitu lamun anu sampurna geus datang, anu teu sampurna bakal leungit.
[11] Waktu budak keneh, sim kuring ngomong teh sakumaha budak, rarasaan sakumaha rarasaan budak, mikir sakumaha budak. Ayeuna sanggeus kolot, sipat-sipat jeung kabiasaan budak teh dipiceun.
[12] Anu ayeuna katingal ku urang teh lir kalangkang di jero eunteung, samar-samar. Engke mah anu katingal teh anu saenyana. Anu ayeuna sim kuring terang kakara saeutik, engke bakal terang ka anu lengkepna, sakumaha Allah oge lengkep uninga-Na ka sim kuring.
[13] Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.