[1] Ti dinya segel anu kahiji ku Anak Domba dibuka. Mahluk hirup anu hiji ngucap, tarik sada gelap, “Hiap!”
[2] Kaula nenjo hiji kuda bodas. Anu tumpakna nyekel gondewa, tuluy diserenan makuta, semprung maju jadi nu unggul tukang naluk-nalukkeun.
[3] Anak Domba muka segel anu kadua. Mahluk hirup anu kadua ngucap, “Hiap!”
[4] Kaula nenjo hiji kuda beureum. Nu tumpakna diserenan pedang gede jeung dibere kawasa ngayakeun peperangan di bumi supaya manusa silih paehan.
[5] Anak Domba muka segel nu katilu. Mahluk hirup nu katilu ngucap, “Hiap!” Kaula nenjo hiji kuda hideung. Nu tumpakna nyekel taraju sapasang.
[6] Ti lebah mahluk hirup anu opat tea bijil soara, pokna, “Gandum saliter keur upah sapoe, hanjeli tilu liter keur upah sapoe. Tapi tangkal jetun jeung kebon anggur ulah diruksak!”
[7] Anak Domba muka segel nu kaopat. Mahluk hirup nu katilu ngucap, “Hiap!”
[8] Kaula nenjo hiji kuda warna pias. Anu tumpakna dingaranan Paeh, dibarengan ku Alam Paeh anu nuturkeun deukeut pisan ti tukangeunana; duanana diserenan kawasa pikeun maehan manusa saparapat dunya ku perang, ku kalaparan, ku pagebug jeung ku sato-sato galak.
[9] Anak Domba muka segel nu kalima. Breh di handapeun altar katenjo aya nyawa para sahid, anu diparaehan lantaran nguarkeun sabda Allah jeung saratia nerangkeun hal kayaktianana.
[10] Nyawa para sahid teh nyoara tarik pisan, pokna, “Nun Gusti Nu Maha Kawasa, anu suci sareng sipat saestu! Iraha Gusti bade mariksa sareng ngahukum jalmi-jalmi nu di bumi, nu parantos maehan ka abdi-abdi?”
[11] Seug maranehna masing-masing dileler jubah warna bodas jeung ditimbalan reureuh heula sakeudeung, ngadago sasamana ngabdi anu oge bakal diparaehan kawas maranehna, supaya jangkep kabeh.
[12] Anak Domba muka segel anu kagenep. Tuluy aya lini kacida rongkahna, reup panonpoe pareum, ngabelegbeg kawas cita hideung kasar, bulan robah jadi beureum kawas getih,
[13] bentang-bentang ragragan ka bumi kawas buah kondang tacan asak geus murubut digedang ku angin gede.
[14] Langit leungit lir digulungkeun, gunung-gunung jeung pulo-pulo ngaleser tina tempatna.
[15] Nu aya di bumi, raja-raja, kapala-kapala, panglima-panglima perang, nu baleunghar jeung jugala jeung salianna, nu karumawula, nu lalugina, marubus ka guha-guha jeung ka handapeun-handapeun cadas di gunung-gunung.
[16] Maranehna ngaromong ka eta gunung-gunung jeung cadas-cadas bari tingjarerit, “Kuring urugan! Bunikeun ti soca anu linggih dina tahta! Sumputkeun ti Anak Domba anu keur amarah!
[17] Poe pikasieuneun anu pinuh ku amarah maranehna geus datang, saha nu tahan?”