Skip to content
Opens in a new window

[1] Kaula ku anjeunna diserenan kayu sateukteuk siga iteuk ukuran, sarta diparentah, “Ukur Bait Allah jeung altar. Itung jelema anu keur ngabarakti di dinya.

[2] Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan.

[3] Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan.”

[4] Eta dua saksi teh nya eta dua tangkal jetun jeung dua lampu anu aya di payuneun Gustina sakuliah bumi.

[5] Musuh anu ngaganggu ka maranehna pasti binasa ku seuneu anu kaluar tina sungut eta dua saksi. Jadi sing saha anu wani-wani nyusahkeun ka maranehna tangtu paeh.

[6] Maranehna barisaeun ngabendung langit nahan hujan satungtung keur ngajalankeun tugasna. Kawasa kana sumber-sumber cai, bisa ngarobah cai jadi getih, barisaeun ngadatangkeun rupa-rupa musibat ka bumi najan sakumaha seringna oge.

[7] Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi,f b *Ti tempat manjara roh-roh jahat, Abys tea. (Tingali pasal 9:1)* tapi eleh nepi ka tiwas duanana.

[8] Mayitna ngalalumbuk di jalan raya di hiji nagara urut Gustina disalib. Eta nagara ngaran kiasanana Sadumu, atawa Mesir.

[9] Mayitna henteu dibikeun dikubur, dilalajoanan ku jalma-jalma ti unggal bangsa, ti unggal kaom, ti unggal basa, jeung ti unggal seler bangsa, lilana nepi ka tilu satengah poe.

[10] Jalma-jalma sukan-sukan, silih kiriman hadiah, aratoheun ku tiwasna eta dua nabi anu geus ngabahlakeun ka umat manusa.

[11] Tapi sanggeus meunang tilu satengah poe ku Allah diasupan deui ambekan, harudang harirup deui, nepi ka jelema-jelema anu narenjoeunana kacida sarieuneunana.

[12] Eta dua nabi ngadenge soara ti sawarga, ungelna, “Hiap unggah!” Tuluy arasup kana mega, unggah ka sawarga, dipalencrong ku musuh-musuhna.

[13] Harita keneh bumi digedag ku lini kacida rongkahna, nepi ka saperpuluh eta kota lebur, jalma-jalma tariwas, aya tujuh rebu urang nu paeh. Anu harirup keneh beak karep sarieuneunana, seug bae ngaraku kana kaagungan Allah nu di sawarga.

[14] Balahi kadua geus liwat, nu katilu tereh nyusul!

[15] Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, “Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na.f c *ky Kristusex (basa Ibranina “Mesijach”) basa populerna mah raja asal tina kecap pagawean “Masjoeh” = nyalepan, ngalisahan, ngistrenan raja-raja. Yesus disebat Kristus, kangge nawiskeun yen Anjeunna teh Raja anu dilisahan (diistrenan) ku Allah.* Mantenna bakal kawasa salalanggengna!”

[16] Sesepuh anu dua puluh opat urang anu caralik dina tahta di hadirat Allah tea bruk nyaruuh, ngahormat ka Allah,

[17] tuluy ngarucap kieu, “Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah.

[18] Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi.”

[19] Bray Bait Allah di sawarga muka, breh Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Karelep kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, dibarengan ku lini jeung hujan es kacida rongkahna.

Wahyu — Chapters