Skip to content
Opens in a new window

[1] Ti dinya kaula nenjo aya hiji sato hanjat ti laut, huluna tujuh tandukna sapuluh. Unggal tanduk make makuta, dina unggal huluna aya tulisan hiji ngaran anu ngahina ka Allah.

[2] Awakna jiga awak macan tutul, sukuna jiga suku biruang, sungutna jiga sungut singa. Naga tea nyerenkeun kakawasaanana, tahtana jeung wewenangna ka eta sato.

[3] Huluna anu hiji tayohna tadina raheut parna ngan geus cageur deui. Saeusi jagat mikahelok tuluy naluturkeun.

[4] Naga pada muja-muja pedah geus mere wewenang ka eta sato. Satona ge disembah diparuji, pokna, “Saha anu sarua jeung ieu? Saha nu bisa ngalawan?”

[5] Eta sato meunang idin ngahina ka Allah, meunang marentah sakarep-karep ka jalma-jalma lilana opat puluh dua bulan.

[6] Seug mimiti susumbar ngahina ka Allah, ngahinakeun jenengana-Na, ngahinakeun panglinggihana-Na, jeung ngahinakeun sakur nu aya di sawarga.

[7] Meunang oge narajang jeung ngelehkeun umat Allah, meunang ngawasaan ka unggal kaom, bangsa, basa, jeung seler bangsa.

[8] Bakal disarembah ku manusa sajagat, kajaba ku jelema-jelema anu ngaranna geus dicatet dina kitab daptar anu harirup milikna Anak Domba anu dipeuncit tea, anu dicatetkeunana ti memeh dunya dijadikeun.

[9] Ku sabab kitu sing saha anu enya baroga ceuli, regepkeun ieu weweling:

[10] “Jelema anu geus pastina kudu kaboyong, anu pastina kudu paeh ku pedang tangtu paeh ku pedang. Ku lantaran kitu umat Allah kudu satia jeung tabah.”

[11] Ti dinya kaula nenjo hiji sato sejen ti darat, tandukan dua jiga tanduk domba, sarta babasaanana kawas naga,

[12] seug make sagala kakawasaan sato anu kahiji di hareupeunana, maksa sakumna pangeusi jagat nyarembah ka sato anu kahiji anu raheut cageur deui tea,

[13] jeung nyieun rupa-rupa mujijat, malah bisaeun nyieun hujan seuneu ti langit kasaksian ku kabehan.

[14] Kalawan paidin jeung wewenang ti sato anu kahiji, sato anu kadua teh nyasabkeun manusa pangeusi jagat ku mujijat-mujijatna. Tuluy deui marentah, nitah nyieun arca sato anu kahiji, anu raheut ku pedang tapi waluya deui tea, pikeun ngahormat.

[15] Sato anu kadua teh dibere kasaktian bisa niupkeun napas hirup ka eta arca, nepi ka eta arca teh bisaeun ngomong nitah maehan sakur anu teu daek nyembah ka manehna.

[16] Geus kitu jalma-jalma teh nu gede nu leutik, nu beunghar nu miskin, badega, lain badega, ku sato anu kadua dipaksa kudu dicap leungeunna anu katuhu atawa tarangna,

[17] cap ngaran eta sato atawa cap angka anu ngalambangkeun ngaranna. Anu henteu make eta cap ngaran teu meunang barangbeuli atawa barangjual.

[18] Ari angkana 666, lambang ngaran hiji manusa. Pikeun ngahartikeun eta angka perlu hikmah. Ku nu encer uteukna mah bisa kateguh.

Wahyu — Chapters