[1] Harita aya anu arunjukan ka Yesus, nyaritakeun yen aya urang Galilea anu diparaehan ku Pilatus waktu keur ngalurban ka Allah.
[2] Waler Yesus, “Dumeh eta urang Galilea kitu diparaehanana, ku maraneh dikira leuwih beurat dosana ti batan urang Galilea sejenna?
[3] Lain kitu! Kami ngingetan, maraneh oge lamun henteu tarobat mah bakal paraeh cara kitu.
[4] Kumaha ari jelema-jelema anu dalapan welas urang, anu tariwas lantaran katinggang munara rubuh di Siloam? Rek dikira nandakeun dosa maranehna leuwih gede ti batan dosa-dosa urang Yerusalem lianna?
[5] Sama sakali lain kitu! Kami ngingetan, maraneh oge lamun henteu tarobat mah bakal paraeh kawas kitu.”
[6] Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil, “Aya hiji jelema, boga hiji tangkal kondang di kebon anggurna, tuluy diilikan sugan aya buahna, tapi teu manggih.
[7] Tuluy ngomong ka tukang kebonna, ‘Tenjo, geus tilu usum ieu tangkal kondang ku kami diilikan buahna, teu manggih hiji-hiji acan. Tuar! Ngan nyeuseupan taneuh bae.’
[8] ‘Sawios heula Juragan sataun deui mah,’ tembal tukang kebonna, ‘bade dikali sakurilingna dipasihan berak.
[9] Upami taun payun buahan atuh langkung sae, upami angger teu buahan, mangga tuar.’ ”
[10] Dina hiji poe Sabat Yesus ngawulang di hiji imah ibadah.
[11] Di dinya aya hiji awewe anu gering ngareunggeuy geus dalapan welas taun lantaran diranjingan ku roh jahat; awakna mani bengkung teu bisa lempeng saeutik-eutik acan.
[12] Ku Yesus ditingalian sarta saur-Na, “Geus cageur panyakit teh, Ibu!”
[13] Awakna ku Anjeunna tuluy dirampa. Eta awewe ngalempengkeun awakna, harita keneh cageur, lempeng ajeg sabiasa, pok bae muji ka Allah.
[14] Nenjo Yesus nyageurkeun dina poe Sabat, kapala imah ibadah teh ambekeun tuluy ngomong ka nu loba, pokna, “Aya genep poe pikeun digawe teh. Rek marenta dicageurkeun mah kudu dina poe-poe eta, ulah dina poe Sabat!”
[15] Ku Gusti diwaler, “Anjeun munapek! Geuning dina poe Sabat oge jelema-jelema sok ngalaleupaskeun cangcangan sapina atawa kaldena ti jero kandang, tuluy digiring rek diinuman.
[16] Ari ieu, awewe turunan Ibrahim, geus dalapan welas taun dibakutet ku Iblis, naha make teu meunang dibebaskeun pedah dina poe Sabat?”
[17] Diwaler kitu lawan-lawan Yesus kacida areraeunana. Nu sejen-sejenna mah narenjo damel Yesus anu sakitu ajaibna teh kacida sarukaeunana.
[18] “Karajaan Allah teh bisa diibaratkeun naon?” Yesus mariksa. “Naon nu bisa dipake ibaratna?
[19] Ibarat siki sasawi, ku jelema dipelakkeun di kebonna, tuluy jadi tangkal, manuk-manuk nyarieun sayang dina dahan-dahanna.”
[20] “Kana naon deui Karajaan Allah teh bisa dimisilkeunana?” Yesus mariksa deui.
[21] “Ibarat ragi, ku awewe dipurulukkeun jeung digalokeun kana adonan tipung tilu puluh genep liter, adonanana beukah kabeh.”
[22] Yesus angkat mapay kota-kota jeung desa-desa, ngawulang ka jelema-jelema, maksad-Na rek terus ka Yerusalem.
[23] Aya anu arunjukan ka Anjeunna, pokna, “Juragan, leres anu baris saralamet teh mung saeutik?” Waler Yesus,
[24] “Maraneh kudu sateka-teka asup liwat panto anu kacida sempitna; sabab anu harayangeun asup mah loba, tapi henteu barisaeun.
[25] Nu boga eta imah hudang nulakan eta panto. Ana maraneh ka dinya jeung keketrok ti luar bari ngalengis, ‘Juragan, pangmukakeun!’ bakal diwaler kieu, ‘Kami teu nyaho maneh anu ti mana!’
[26] Ari ceuk maraneh, ‘Abdi-abdi kantos neda, nginum, sasarengan sareng Juragan. Juragan kantos ngawulang di desa abdi-abdi!’
[27] Tapi saur nu boga eta imah, ‘Kami teu nyaho maraneh anu ti mana. Ka daritu nyingkah, jelema-jelema jahat!’
[28] Maraneh tinggal tinggarerung nepi ka tikekereket, narenjo Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung nabi-nabi geus araya di jero Karajaan Allah, ari maraneh diusir teu meunang arasup.
[29] Jelema-jelema sejen mah nu ti wetan nu ti kulon, nu ti kaler nu ti kidul, daratang ka Karajaan Allah marilu ngariung pesta.
[30] Kitu jadina, nu ayeuna kapandeurian engke bakal ti hareula, nu ayeuna geus ti hareula bakal kapandeurian.”
[31] Geus kitu harita aya sawatara urang Parisi anu ngaromong kieu ka Yesus, “Anjeun kudu geuwat kaluar ti daerah ieu ka mana bae, sabab rek dipaehan ku Herodes.”
[32] Waler Yesus, “Bejakeun ka eta ajag, ‘Kaula poe ieu jeung isukan masih keneh ngusir roh-roh jahat jeung nyageur-nyageurkeun nu garering, sarta dina poe nu katilu Kaula rek ngarengsekeun pagawean.’
[33] Tapi poe ieu, isukan jeung pageto, Kami rek neruskeun ieu perjalanan, sabab teu hade nabi mah dipaehan di mana-mana lamun lain di Yerusalem.
[34] Yerusalem, Yerusalem! Maneh geus maehan nabi-nabi, maledogan utusan-utusan Allah ka maneh ku batu! Sering pisan Kami nyileuk hayang ngarangkul rahayat maneh cara hayam nyirekeman anak-anakna ku jangjangna, tapi maneh embung!
[35] Ku sabab kitu Bait Allah anu maneh bakal pada naringgalkeun. Inget, maneh moal nenjo-nenjo Kami deui, nepi ka datang mangsana maneh ngucapkeun kieu, ‘Mugia diberkahan ku Allah anu sumping kalawan pajenengan Pangeran.’ ”