Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:00

[1] Ari jadi jelema, boh pangkat naon oge ulah sok nyalahkeun ka batur. Sabab nyalahkeun batur teh, sasat ngahukum maneh; da dirina sorangan anu ngahukum ge, sarua doraka.

[2] Tapi papadaning kitu, urang masing yakin, yen nu nyarieun dosa teh moal teu dihukum saadil-adilna ku Pangeran.

[3] Na ku ngahukum dosa batur, urang bisa luput tina pangadilan Allah?

[4] Naha piwelas jeung kasabaran Allah nu taya watesna teh ku urang rek dianggap kalemahan Anjeunna? Teu maphum kitu, yen kasabaran Allah teh, maksudna mere kasempetan pikeun urang tobat?

[5] Jelema anu neugtreug nolak pertobat, eta teh numpukkeun bebendu Allah anu baris mahala ka dirina kalawan jujur tur adil, di mana enggeus mangsana.

[6] Moal henteu, tangtu baris nandangan wawales ti Allah, satimpal jeung kalakuanana.

[7] Nu ngamalkeun kahadean, ngipuk kamulyaan budi ngutamakeun jatnikaning lampah, baris ginanjar hirup langgeng.

[8] Ari nu wangkelang ka Pangeran, nu resep keneh ngawula ka dosa batan ngabdi ka Pangeran, baris nandangan bebendu jeung wawales-Na.

[9] Sangsara reujeung rurubed baris tumiba ka jelema anu resep kana kagorengan: Pangheulana ka urang Yahudi, terus ka urang Yunani.

[10] Sabalikna, — sakali deui — kamulyaan, kahormatan, jeung katengtreman batin baris ganjaran saban jalma nu ngamalkeun kahadean: Pangheulana urang Yahudi, terus urang Yunani;

[11] da Allah mah heunteu pilih kasih.

[12] Nu migawe dosa bari teu terang kana hukum Toret, maotna moal didakwa ku Toret. Sabalikna, nu migawe dosa, padahal terang kana hukum Toret, baris dihukum nurutkeun Toret.

[13] Sabab anu bener di payuneun Pangeran mah, lain anu dapon terang kana Toret, tapi anu ngamalkeun eusina.

[14] Upama bangsa nu can terang kana hukum Toret, ku perbawa watekna migawe anu sapagodos jeung Toret, najan nyatana teu boga Toret, dina hakekatna mah geus ngabogaan.

[15] Sabab lampahna tea, nyirikeun yen hukum Toret geus kaukir dina hatena. Jaba ti eta, lelembutanana ge, sajalan jeung eta hukum; lantaran budi rasana daek ngamudi pikir, nya eta nyalahkeun atawana ngabenerkeun.

[16] Sing percaya, eta kabeh baris dibalitungkeun dina poean pamutusan nangtukeun hukuman. Sagala lampah anu buni baris nembrak, nya eta dina waktu Allah — ku Isa Al Masih — mimiti ngahakiman, sakumaha anu ditetelakeun dina Injil anu ku simkuring diwawarkeun.

[17] Aranjeun teh rasa maneh urang Yahudi, reueus pedah boga Toret, agul pedah jadi umat Allah,

[18] ngarasa diri terang kana pangersa-Na, terang ka nu bener jeung nu salah, dumeh geus ngaji Toret.

[19] Heug bae arumangkeuh, ieu aing tukang tuduh jalan ka batur, ngarasa jadi obor keur nyaangan batur nu hirupna poekkeun,

[20] purah nungtun nu balilu, ahli ngawarah ka barudak, dumeh ngarasa nyekel jejer bebeneran, nya eta Toret sumberna elmu nu luhung.

[21] Cik, majar ahli papatah teh kersa kitu mamatahan maneh? Ka batur mah, anjeun ngalarang ulah maling; ari anjeun tara pulang-paling kitu?

[22] Anjeun ngalarang ka batur ulah jinah; ari anjeun tara jinah kitu? Anjeun ceuceub ka brahala-brahala; ari anjeun teu ngarasa yen aranjeun teh sok mupusti barang-barang asal ti imah brahala?

[23] Anjeun nu reueus ku Toret, naha teu ngarasa yen anjeun geus ngahina Allah lantaran ngarempak Toret?

[24] Dina Kitab geus sidik ditulis: Ku pamolah tabeat urang Yahudi, temahna pajenengan Allah goreng dianggapna ku bangsa-bangsa sejen!

[25] Mungguhing sunat, eta memang hiji tanda yen urang kagungan Allah. Kitu soteh lamun anjeun ta'at kana parentah Toret. Ari anjeun henteu ta'at mah, najan disunat oge, sarua jeung henteu.

[26] Sabalikna, anu teu disunat, tapi ngalampahkeun hukum Toret, na eta teh lain kaasup disunat?

[27] Ku sabab eta, jelema anu teu disunat, tapi tunduk kana hukum Toret; tangtu eta jelema bakal nyalahkeun ka aranjeun. Sabab aranjeun mah, geus teu make kana Toret teh. Padahal, eta Toret teh milik aranjeun tur aranjeun teh geus disunat.

[28] Sabab nu disebut ‹Yahudi› teh, lain pedah nurutkeun lahirna bae Yahudi. Sajatining sunat ge kitu, lain sunat nu jasmani.

[29] Yahudi sajati mah, lain ku dumeh bangsa Yahudi; tapi saenyana mah, jelema anu jiwana madep ka Allah. Sajatining sunat ge kitu, lain hiji ciri lahir; tapi saenyana mah sual kajiwaan, anu timbulna ku karana iman: Lain ku karana parentah Toret; lain ngarah meunang pangakuan ti papada jalma, tapi ngan ti Allah.

Rum — Chapters