[1] Dulur-dulur! Nurutkeun rasa katineung mah, malah ditedakeun pisan ka Pangeran, mugi-mugi maranehna teh pinarinan salamet.
[2] Da anu kasaksian ku simkuring oge, maranehna teh saregep ka Allah, ngan bae teu bener dina ngahartikeunana.
[3] Ku sabab teu nyarahoeun kana kasaestuan Allah, heug bae maranehna nyarieun bebeneran sorangan, tungtungna embung tunduk kana kasaestuan Allah.
[4] Padahal bukti palaksanaan Toret teh, nya Al Masih pisan. Sing saha anu percaya ka Anjeunna, tinangtu meunangkeun nu saestuna.
[5] Sabab ku Musa oge diserat kieu: ‹Jalma anu ngalakonan bebeneran anu aya dina Toret, tangtu ti dinya meunangkeun hirup.›
[6] Ari bener ku karana iman teh nyoko dina kalimah ieu: ‹Ulah ngomong dina hate: Saha anu bisa ka Sawarga pikeun mawa Al Masih turun ka urang?
[7] Atawa: Saha nu bisa nurunan jurang pati pikeun ngahanjatkeun Al Masih ti nu maraot?›
[8] Kumaha atuh? Kieu: ‹Rasiahna Pangandika deet bae, ngukir dina biwir, nete dina hate.› Eta rasiah iman teh, anu diwawarkeun ku simkuring sakanca mitra.
[9] Sabab upama biwir ngaku, yen Isa teh Gusti Jungjunan tur percaya dina hate, yen Anjeunna ku Allah geus digugahkeun ti nu maraot, tanwande urang ginanjar salamet.
[10] Kapan percaya teh ku hate, ngalantarankeun urang diangken bener. Ari ngaku teh ku biwir, anu ngalantarankeun urang disalametkeun.
[11] Cek Kitab: ‹Sakur nu percaya ka Anjeunna, ku Anjeunna moal diangles.›
[12] Sakur teh, hartina, sing saha bae kalawan teu dibeda-beda, taya urang Yahudi taya urang Yunani. Sabab Allah anu tunggal teh Allah nu disembah ku kabehan, lautan kurnia keur sakur anu sumambat ka Mantenna.
[13] Sabab sing saha anu sumambat ka pajenengan Pangeran, tinangtu disalametkeun.
[14] Tapi kumaha arek sumambat ka Mantenna, ari maranehna embung percaya ka Anjeunna? Kumaha arek percaya ka Anjeunna, ari henteu ngadenge? Kumaha arek ngadenge hal Anjeunna, ari teu aya anu ngabaran?
[15] Saha anu rek ngabaran, ari teu aya anu diutus? Cek Kitab: ‹Ku endah lengkahna jalma-jalma anu ngemban warta pikabungaheun!›
[16] Tapi anu narima eta kabar pikabungaheun teh, henteu kabeh. Nepi ka Yesaya ngarahuh: ‹Nun Pangeran, saha anu daek nguping kana ieu pangwawaran?›
[17] Padahal iman kapercayaan teh asalna tina ngadenge, ari anu kudu didengena, nya eta dawuhan Al Masih.
[18] Simkuring sok nanya dina hate, naha kitu maranehna teh can ngadarenge kana hal eta? Padahal simkuring terang maranehna teh enggeus ngadarenge, sabab: ‹Sorana parat ka saampar jagat, lisan-lisanna tepi ka satungtung bumi.›
[19] Simkuring tumanya deui: Didarenge atawa henteu ku maranehna? Tapi piraku teu didarenge mah, sabab saur Musa: ‹Kami baris nimbulkeun sirik maneh ka jalma-jalma anu henteu kaasup umat, jeung nimbulkeun amarah maneh ka bangsa nu gejul keneh.›
[20] Komo Yesaya mah, leuwih wani deui ngeceskeunana: ‹Kami geus ngahaja sina kapanggih ku jalma anu teu nariat neangan, sarta geus nembongan ka jalma-jalma anu tara maluruh hal Kami.›
[21] Ari ngeunaan urang Israil mah, kieu saur anjeunna: ‹Sapoe jeput Kami teh nyodorkeun leungeun ka ieu bangsa anu wangkelang jeung tukang ngabantah.›