[1] Ieu surat ti simkuring, Paulus, — abdina Isa Al Masih, anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul teh, nya eta pikeun nguarkeun Injil Allah.
[2] Eta Injil ti baheula keneh geus dijangjikeun ku Allah, diserat dina Kitab Suci ku nabi-nabi-Na.
[3] Eusina, nyaturkeun hal ihwal Putra-Na tea, anu mungguhing jasmanina mah lahir ti turunan Daud.
[4] Tapi mungguhing rohani mah, Anjeunna teh Putra Allah nu kawasa, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Hal ieu nyata, ku gugahna Anjeunna ti nu maraot.
[5] Anjeunna anu ngersakeun simkuring jeung batur-batur jadi rasul, nya eta pikeun mawa sagala bangsa, supaya palercaya jeung tigin ka pajenengana-Na.
[6] Aranjeun ge teu kaiwalkeun, milik Al Masih keneh nu pada-pada disaur,
[7] dumateng sakumna dulur-dulur, — anu beunang nyaur, beunang nyucikeun, tur anu diasih ku Allah — anu marukim di nagara Rum. Hatur salam ka sadayana, mugi-mugi aranjeun ginanjar kurnia ti Allah, Rama urang tea, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.
[8] Ti payun simkuring matur puji sukur ka Gusti Allah demi Isa Al Masih, rehna nguping yen iman aranjeun geus kaceluk ka jauhna.
[9] Demi Allah anu ku simkuring disembah dibakti enggoning ngemban Injil ngeunaan Putra-Na, yen sajeroning neneda, hate mah teu weleh cumantel ka aranjeun.
[10] Dina paneda tara towong nya nyuhunkeun, mugi-mugi Anjeunna kersa marengkeun simkuring bisa patepung jeung aranjeun.
[11] Pohara hayangna nepungan aranjeun teh, bari hayang mawakeun pangdeudeul eusining batin;
[12] malakmandar, ku kitu teh, simkuring oge beuki pangger. Jadi, urang silih kuatkeun iman.
[13] Geus lila simkuring hayang nepungan teh, dulur-dulur! Simkuring hayang nyaho buah-buah rohani anu aya di antara aranjeun, nya kawas anu kaalaman di kalangan sejen nu sarua lain bangsa Yahudi. Tapi saban-saban, sok aya bae halanganana.
[14] Boh ka urang Yunani, boh ka nu lain, boh ka nu terpelajar, boh kanu henteu, simkuring teh kahutangan budi.
[15] Ku kituna ka aranjeun oge, anu marukim di Rum, simkuring teh mani kumejot hayang nguarkeun Injil.
[16] Simkuring moal rek era-era nguarkeun Injil teh, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani. Sabab Injil teh, pangawasa Allah pikeun nyalametkeun sing sakur anu percaya: Pikeun urang Yahudi mah pangheulana; geus kitu, kakara bangsa-bangsa sejenna.
[17] Dina Injil, nyata, yen Allah teh estu mikersa supaya manusa satia iman ka Mantenna, malar bisa diangken. Sabab ceuk Kitab Suci oge: ‹Jalma anu diangken ku Allah lantaran iman ka Mantenna, tinangtu dipaparin hirup.›
[18] Ka jelema anu resep kana masiat jeung kadorakaan, anu ngidek-ngidek bebeneran ku kajahatan, bebendu Allah geus nompo ti sawarga.
[19] Sabab maranehna teh lain can nyaho kana hal-hal ka-Pangeranan, da ku Allah teh geus dibejaan.
[20] Kapan ti barang aya dunya oge, sipat-sipat Anjeunna, — sanajan teu bisa katenjo, upamana bae kakawasaana-Na anu langgeng — geus nyata tur tetela tina yasa dadamelana-Na, nepi ka maranehna teh taya pikeun ukal-ekol.
[21] Tapi sakitu maranehna nyaho, yen Allah teh aya; maranehna, keukeuh mungkiran Anjeunna; boro-boro daek muji nganuhunkeun kana padamelana-Na. Tangtu bae, ari kitu mah, sagala kalakuanana teh manjing kana sia-sia; hatena ge, beuki mintul jeung beuki poekkeun bae.
[22] Heug bae, maranehna dadaku pinter ge; padahal, maranehna teh, geus kabalinger.
[23] Kamulyaan Allah anu sipatna langgeng, diganti ku titironana-Na anu sipatna teu lana, nya eta arca jalma, arca manuk, jeung arca sato nu suku opat atawa anu ngarayap.
[24] Kulantaran maranehna geus teu malire ka Allah; jadi, ku Allah oge, maranehna teu dipalire; maranehna teh dilurkeun bae, kumaha karepna anu rarujit tea; malah mah, di antara maranehna teh nepi ka silih ngahinakeun dirina.
[25] Maranehna, nyokot bohong miceun kayaktian Allah. Tuluy maranehna nyembah ka mahluk dadamelan, lain ngabakti ka Anu midamelna. Padahal, anging Mantenna nu wajib disembah salalanggengna. Amin.
[26] Eta sababna, maranehna ku Allah diantep kaimpungan napsu teu jujur. Awewena ngalampahkeun sapatemon anu henteu munasabah;
[27] lalakina saruana, ngaleok kana birahi nu jorok, nya eta tepung sahwat jeung papada lalaki. Tangtu bae, pikeun maranehna, aya balukarna; temahna malindes ka diri, upah tina getering birahi nu rujit.
[28] Leuwih goreng deui, maranehna geus ngarasa teu perlu ngendahkeun ka Allah, dumeh ngarasa gagah jeung pinter. Ku sabab eta, ku Allah oge, maranehna dilurkeun. Pipikiranana, jadi mahiwal; laku lampahna,
[29] pinuh ku napsu teu patut: Jejel ku kadorakaan, sarakah, licik, dengki, wani maehan, resep pasea, cidra, jail,
[30] resep ngupat, mitenah, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung adiguna, pinter kana kagorengan, basangkal ka kolot,
[31] baid kana diajar, linca-linci, taya karunya, sarta taya hampura.
[32] Nyucudna pisan, sakitu nyaraho kana hukum Pangeran yen kalakuan-kalakuan kitu teh manjing kana hukum pati, tapi tonggoy bae dilalampahkeun. ku sabab maranehna sorangan kitu, mun aya nu kawas kitu deui teh, kacida panujueunana.