[1] He nu baleunghar, dengekeun: Aranjeun saenyana mah kudu careurik nyeungceurikan diri baris katarajang bahla.
[2] Kakayaan aranjeun saenyana geus bulukan. Papakean aranjeun ge, geus rarenyah ku geget.
[3] Emas perak aranjeun geus karahaan sarta karahana baris ngajadi saksi anu malik ngalawan, malah baris ngahuru lir seuneu, ngahakan daging aranjeun nepi ka beak! Taya gunana numpuk-numpuk kabeungharan lantaran aranjeun tereh enggeusan.
[4] Aranjeun ngagawekeun jalma percumah, buruhanana henteu dibayar. Koceak maranehna teh, geus tepi kana cepil Allah Nu murbeng alam.
[5] Hirup aranjeun di ieu dunya ngahenang-ngahening taya kakurang. Awak haben dilintuhan nepi ka gigiblihan, meujeuhna pisan eukeur peunciteun.
[6] Aranjeun nyiksa, malah maehan jelema-jelema anu teu tuah teu dosa tur teu werat ngalawan!
[7] Dulur-dulur! Sing tagen, sing sabar ngadago sumpingna Gusti Jungjunan urang. Tenjo patani, teu weleh sabar ngarep-ngarep sangkan pepelakanana hade hasilna. Teu weleh sabar ngarep-ngarep usum hujan.
[8] Sing salabar sarta kuatkeun hate; sabab Gusti Jungjunan urang teh, moal lila deui oge sumping.
[9] Ulah luhlah ngarasula, bisi keuna ku hukumanana. Tuh Hakimna geus sumping, geus sayagi.
[10] Kudu nyonto ka paranabi purah ngemban timbalan Allah, geuning sakitu salalabarna najan salangsara oge.
[11] Saenyana, anu sabar tawekal teh, ceuk simkuring mah jelema bagja. Saha anu bireuk kana carita Ayub anu sabar taya babandinganana? Geuning ari geus waktuna mah, teu luput tina ganjaran Allah; sabab Allah mah, sugih ku asih jembar ku piwelas.
[12] Ari nyarita ulah jeung bari sumpah sagala, demi langit demi bumi, atawa demi itu demi ieu. Kudu dipahing kikituan teh. Sebutkeun bae «enya» lamun enya; «henteu» lamun henteu, supaya henteu keuna ku hukuman ti Allah.
[13] Upama aya anu meunang karerepet, ulah poho neneda. Sabalikna, anu meunang kasenangan ulah poho muji sukur.
[14] Dulur anu gering kudu dipangneangkeun pangurus jamaah, anu kudu mangnedakeun jeung ngolesan ku minyak kalayan nyambat pajenengan Allah.
[15] Ku paneda anu medal tina iman kapercayaan, nu gering baris katulungan, ku Gusti baris dikersakeun cageur. Malah upama aya kasalahanana oge, baris dihampura.
[16] Ku sabab eta, ari aya kasalahan pada batur teh sing daraek waleh, sing daraek silih hampura, bari silih doakeun. Pangdoa jelema nu hade hate mah, gede maunatna.
[17] Contona Nabi Elias. Anjeunna oge jelema biasa cara urang. Tapi waktu anjeunna nyuhunkeun ka Allah supaya satanah Israil ulah turun hujan, bukti hujan henteu turun-turun nepi ka campleng tilu taun satengah; sabab anjeunna, nyuhunkeunana panteng.
[18] Kitu deui, waktu anjeunna neneda nyuhunkeun hujan, cur bae hujan teh turun ti langit, nepi ka tanah teh subur deui.
[19] Dulur-dulur! Kumaha upama aya anu kasasar lampah, mengpar tina bebeneran? Sing saha nu bisa nungtun eta jelema kana jalan anu bener deui;
[20] eta teh, sasat baris nyalametkeun patina sarta nyegah manehna tina ngalampahkeun deui dosa.