Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:12

[1] Dulur-dulur! Ulah sarerea harayang jadi guru. Ku urang ge geus karasa, guru mah ana geus disalahkeun sok leuwih beurat ti nu lian.

[2] Mangkaning urang teh sarerea oge tara luput tina kasalahan-kasalahan. Anu ucap-ucapanana tara salah tur sanggup ngadalian diri, nya jelema sampurna tea ngaranna.

[3] Kuda beunang dikadalian, sina nurut dikuah-kieuh ku urang.

[4] Kapal kajeun sakumaha gedena tur lajuna ku tanaga angin gede, geuning bisa digulak-gilek ku kamudi anu sakitu leutikna.

[5] Letah oge nya kitu: Kajeun leutik, tapi mungguhing kalungguhanana mah kacida pentingna. Seuneu saenyay, bisa ngahuru leuweung geledegan.

[6] Letah oge kawas seuneu, jadi sumbering balai anu ngancik dina diri, anu bisa nyebarkeun kajahatan jeung ngahuru tata cara kahirupan urang sagemblengna. Sabab letah teh, sategesna mah mawa seuneu naraka.

[7] Jelema bisa ngalilindeuk mahluk sejen: Sato leuweung, manuk, sato bangsa kadal, kitu deui lauk.

[8] Tapi letah mah, hamo aya anu bisa ngalilindeuk. Letah mah, estuning mangprung teu beunang diatur-atur, jadi sumber werejit anu mateni.

[9] Ku urang sok dipake muji sukur ka Pangeran, Allah Nu jumeneng Rama tea. Tapi sok dipake nyumpahan ongkoh, nyumpahan papada manusa anu dijadikeunana ngalap ka salira Allah.

[10] Nya pamuji sukur nya panyapa, ngaburulana tina sungut eta-eta keneh. Dulur-dulur ulah nepi ka kitu.

[11] Sageuy, aya cinyusu ngabijilkeun cai tawar ongkoh cai asin ongkoh.

[12] Sageuy, aya tangkal kondang buahan jetun atawa anggur buahan kondang. Sageuy, aya cai ti laut anu rasana tawar.

[13] Saha di aranjeun anu alim jeung luhung panemu? Kudu bukti tina caraning hirupna ku amal-amal anu hade, anu medal tina usiking budi anu lemes tur lantip.

[14] Ari boga hate sirik-pidik, ngunek-ngunek jeung hawek mah ulah waka agul-agul! Ulah nyiar ekol pikeun ngalawan sual nu bener.

[15] Budi pangarti kawas kitu mah kaluaran ti dunya, lain bijilan sawarga, tapi asal tina hawa napsu idajil.

[16] Sipat sirik jeung hawek mah, perbawana ngan ngajak kusut, mawa kana lampah jahat.

[17] Sabalikna, budi pangarti anu asal ti sawarga, — sipat anu pangutamana — nya eta suci. Lian ti eta: Resep rapih, darehdeh, nurut, karunyaan, jembar ku amal, leubeut ku kahadean, tara beurat sabeulah, sarta tara munapek.

[18] Buah-buahna oge tangtu hade jeung bener, anu disebarkeun ku sing saha anu resep kana karapihan.

Yakobus — Chapters