Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:54

[1] Dulur-dulur! Anu anut ka Isa Al Masih mah, — Gusti Jungjunan urang anu mulya tea — teu meunang ngabeda-beda jelema.

[2] Upamana bae: Aya dua jelema datang kana kumpulan. Nu saurang ginding diali emas, nu saurang deui rudin.

[3] Ka nu ginding mah kieu ngakuna oge: «Mangga di dieu linggihna di nu utami.» Ari ka nu rudin: «Maneh mah nangtung bae di dinya.» Atawa: «Tah sila deukeut suku kami!»

[4] Peta kitu teh, tandaning ngabeda-bedakeun jelema, goreng hate jahat pikiran.

[5] Sing emut dulur-dulur! Anu mariskin cek pandangan dunya ku Allah dikersakeun beunghar ku iman, sina jaradi ahli waris karajaana-Na, anu dijangjikeun keur sakur anu wedi asih ka Mantenna.

[6] Ari heug, ku aranjeun dihina. Cik saha anu sok ngagencet jeung ngajagragkeun aranjeun ka pangadilan? Kapan anu baleunghar!

[7] Naha lain maranehna oge anu sok ngagogoreng jenengan Al Masih anu sakitu mulyana sarta anu geus jadi milik aranjeun teh?

[8] Kacida hadena dulur-dulur daraek nohonan timbalan anu pangutamana dina Kitab Suci, anu kieu unina: «Masing nyaah ka batur lir ka awak sorangan.»

[9] Tapi ari sok ngabeda-beda jelema tina sabab harkatna mah, aranjeun teh kabeulit ku dosa jeung ku Kitab Suci oge dicap ngarempak eta timbalan.

[10] Sabab ngarempak salah sahiji timbalan Toret, sarua jeung ngarempak sakabeh timbalan Toret.

[11] Sabab Anu nimbalan: «Maneh ulah ngaranyed,» oge nimbalan: «Maneh ulah maehan.» Jadi, sanajan upamana anjeun henteu ngaranyed, tapi maehan; eta teh, dosa keneh.

[12] Boh ucap boh lampah, kudu sakumaha layakna umat anu baris diserenkeun kana hiji hukum anu kawasa ngabebaskeun.

[13] Sabab pamohalan, Allah mikawelas ka jelema anu teu boga rasrasan. Papadaning kitu, sipat welas asih mah bisa ngungkulan hukum.

[14] Dulur-dulur! Naon gunana pikeun anu ngaku-ngaku: «Aing boga iman,» tapi teu nyata dina lampahna. Na bisa, eta imanna teh, nulung ka dirina?

[15] Urang upamakeun kieu: Aya duduluran lalaki atawa awewe anu kurang pake kurang dahar.

[16] Ku aranjeun ukur didoakeun, sing cukup pake cukup dahar, ari pangabutuhna teu dicumponan. Na aya gunana, eta pangdoa aranjeun teh?

[17] Tah iman teh kitu: Iman nu teu dibarengan jeung amal; eta iman teh, hakekatna mah paeh.

[18] Bisa jadi aya nu ngomong: «Jalma mah aya nu boga iman, aya nu boga amalan.» Simkuring rek nanya: Iman teh rek bisa tembong kumaha lamun taya amalanana? Simkuring mah nembongkeun iman teh ngan ku amalan.

[19] Aranjeun tangtu percaya yen Allah teh tunggal. Hade! Tapi iblis-iblis oge percayaeun kana hal eta, tur kacida galimireunana.

[20] Nu matak jelema teh kahade kalangsu. Kumaha ayeuna dulur-dulur daraek ngaenyakeun, yen iman tanpa amalan teh kosong molongpong?

[21] Cik kumaha jalanna pangna Ibrahim, karuhun urang, ku Allah diangken bener teh? Kapan ku amal padamelanana nu ngiklaskeun Isak, putrana, dianggo kurban.

[22] Sakitu tetelana, yen iman anjeunna teh dibarengan ku amalanana. Sarta nya ku amal padamelanana pisan iman anjeunna ngajadi sampurna.

[23] Cocog jeung anu kaserat dina Kitab Suci, yen: «Ibrahim percaya ka Allah. Ibadahna, ku Allah diangken lantaran imanna.» Sarta ku lantaran eta, Ibrahim teh disebut mitra Allah.

[24] Ayeuna tetela pisan, jelema bisana diangken bener ku Allah teh lain ku dumeh iman wungkul, tapi katut jeung amal perbuatanana ongkoh.

[25] Inget deuih hiji awewe anu ngaran Rahab. Manehna awewe palacuran. Tapi ku Allah, diangken jelema bener; lantaran ku pagaweanana nulungan mata-mata anu dikirim ku urang Yahudi, mere jalan pileupaseun nepi ka mata-mata tea leupas tina bahaya.

[26] Cindekna, iman tanpa amal pagawean teh, nya eta jeg raga taya nyawaan, paeh ngaranna.

Yakobus — Chapters