Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:28

[1] Ku dulur-dulur oge tangtu karasa, yen pagawean simkuring sapara kanca keur aranjeun teh henteu gaplah.

[2] Di Pilipi mah, simkuring sapara kanca teh dianiaya jeung dihina; kapan dulur-dulur oge terang. Tapi sanajan kitu, kalawan pitulung Allah nu disembah ku urang, simkuring sapara kanca dipaparin wawanen ngawawarkeun ka aranjeun, sanajan loba nu ngahalang-halang.

[3] Sabab maksud teh lain arek nyasabkeun, macikeuh atawa ngabobodo.

[4] Sabalikna, lantaran ngarasa dipercanten ku Allah ngemban Injil. Lain malar dipikaresep ku pada jalma, estu seja nyiar nu dipikamanah ku Allah, anu uninga kana eusi hate urang.

[5] Dulur-dulur tangtu aringet keneh, iraha teuing simkuring sapara kanca sok lumah-lameh. Iraha teuing sandar-sindir anu asal tina hate hawek. Allah nu langkung tingali.

[6] Tara deuih malar pamuji ti pada jalma, boh ti aranjeun, boh ti nu lianna.

[7] Padahal lamun simkuring sapara kanca rek boga niat kitu mah, bisa bae; da simkuring sapara kanca teh, rasul-rasul-Na Al Masih. Nu karasa mah simkuring sapara kanca teh kacida nyaahna ka aranjeun, ngasuh ngamumule lir indung ka anak.

[8] Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, ulah-bon Injil Allah, nyawa oge moal dikoretkeun, tina awahing kabeuli nya hate.

[9] Tangtu aringet keneh, kumaha tohtohanana simkuring sapara kanca harita: Bari ngawurukkeun Injil Allah teh, simkuring sapara kanca digawe beurang peuting nyiar kipayah sorangan, malar ulah ngaripuhkeun ka aranjeun.

[10] Tangtu kasaksian ku aranjeun teh; tur Allah oge ningali, kumaha jujurna, terus terangna, jeung taya cawadeunana simkuring sapara kanca, sapanjang keur aya di aranjeun teh.

[11] Enggoning ngawurukan jeung negerkeun hate aranjeun teh, simkuring sapara kanca, teu beda ti bapa ka anak;

[12] bari ngaping, sangkan hirup aranjeun teh sapuk jeung pangersa Allah, anu geus nyaur aranjeun sangkan arasup ka Karajaana-Na anu mulya.

[13] Teu weleh ngarasa sukur ka kersa Allah, reh dulur-dulur teh geus sakitu leahna narima pangwawaran simkuring sapara kanca; kalawan kayakinan yen anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca teh, lain asal ti manusa, tapi hal pangandika Allah anu geus ngagerakkeun hate aranjeun datang ka percaya.

[14] Anu kaalaman ku aranjeun, sarua jeung anu kaalaman ku jamaah Allah di Yudea, nya eta sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur dikakaya ku dulur sabangsa; maranehna oge kitu, dikakaya ku bangsana, nya eta bangsa Yahudi.

[15] Urang Yahudi teh nepi ka nelasan Isa, Gusti Jungjunan urang, jeung nabi-nabi; saterusna, sakur umat Gusti nu aya di ditu ge dibeberik ku aranjeunna. Ku kituna, urang Yahudi teh ku Allah henteu ditolih, ku sasama manusa ge dipikaijid.

[16] Anu ngawawarkeun pangandika Allah ka sejen bangsa supaya pada salamet, dihalang-halang ku maranehna. Maranehna sorangan tonggoy henteu euih-euih, nu matak dosana teh beuki gede bae. Ayeuna wawalesna geus datang, maranehna nandangan bebendu Allah.

[17] Geus lila naker urang kapaksa papisah kieu teh, dulur-dulur! Tapi papisah soteh raga, ari batin mah tetep padeukeut. Rasa kasono geus teu kaampeuh, tur geus satekah polah simkuring sapara kanca teh narekahan hayang papanggih.

[18] Pangpangna nya pihak simkuring, Paulus, anu pohara nyongsrongna teh. Geus aya dua kalina ihtiar, tapi ku Iblis dihalang-halang bae.

[19] Saha deui atuh anu baris jadi harepan, pibungaheun, atawa anu jadi poko agulkeuneun simkuring sapara kanca — ari Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih geus sumping — salian ti aranjeun?

[20] Lain bebenjon, ngan aranjeun pibungaheun sarta reueus simkuring sapara kanca teh!

1 Tesalonika — Chapters