Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:45

[1] Sabot Petrus jeung Yohanes sasauran ka jalma rea, ngadak-ngadak didatangan ku imam-imam kapala dibarengan ku kapala pangawal Bait Allah jeung urang Saduki.

[2] Maranehna arambekeun dumeh saur Petrus jeung Yohanes ka jalma-jalma, Yesus geus gugah tina pupusna, anu hartina nu maraot teh bakal harirup deui.

[3] Eta dua rasul ditangkep. Ku lantaran harita geus peuting, aranjeunna ditahan heula di jero panjara, ngadago isuk.

[4] Tapi loba jelema anu palercaya kana kasauran aranjeunna. Anu palercaya ka Yesus jumlahna geus aya kira-kira lima rebu urang.

[5] Poe isukna para pamingpin Yahudi, para kokolot, jeung guru-guru agama karumpul di Yerusalem,

[6] diluuhan ku Imam Agung Anas jeung Kayapas, Yohanes, Aleksander, jeung salian ti eta anu kaasup ka kulawarga Imam Agung.

[7] Petrus jeung Yohanes dijagragkeun tuluy dipariksa, “Kumaha carana maraneh nyageurkeun ieu jelema teh? Make kawasa naon, atawa nyambat ngaran saha?”

[8] Petrus ngawaler, kadorong ku Roh Suci, “Para pamingpin bangsa sareng para sesepuh sadaya!

[9] Upami anu dipariksakeun teh perkawis nulungan jalmi lumpuh sareng perkawis nyageurkeunana,

[10] mugi kauninga ku Juragan-juragan sareng ku sakumna urang Israil, yen ieu jalmi anu nangtung di payuneun, jadina sehat waluya teh ku kakawasaan Yesus Kristus urang Nasaret, anu ku Juragan-juragan parantos disalib, nanging parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna.

[11] Dupi Yesus teh nya eta anu ku Kitab Suci disebat kieu, ‘Batu anu dipiceun ku aranjeun tukang-tukang wawangunan, nyatana mah jadi batu anu pangpentingna.’

[12] Anjeunna, sareng mung Anjeunna bae anu tiasa nyalametkeun manusa teh. Di saalam dunya teu aya deui manusa anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun, mung Yesus Kristus.”

[13] Kasonagaran Petrus jeung Yohanes matak ngarenjag Mahkamah; sakaterang maranehna, Petrus jeung Yohanes teh jalma-jalma basajan bae, lain anu palinter. Kakara ku Mahkamah kapikir yen Petrus jeung Yohanes teh anu sok babarengan jeung Yesus.

[14] Tapi Mahkamah teu bisa majar kumaha sabab aya bukti, jelema anu dicageurkeunana jonghok.

[15] Dua rasul teh ku Mahkamah dikaluarkeun heula ti jero sidang, tuluy perkarana dibarempugkeun.

[16] Salaurna, “Kudu dikumahakeun eta dua jelema teh? Teu bisa dipungkir mujijatna sakitu tetelana ka sakumna urang Yerusalem.

[17] Ayeuna, supaya hal eta ulah terus nerekab, eta dua jelema urang ancam teu meunang nyarita nyebut-nyebut deui ngaran Yesus.”

[18] Petrus jeung Yohanes disaur deui, tuluy diancam teu meunang cacarios atawa ngawulang nyebut jenengan Yesus.

[19] Petrus jeung Yohanes ngawaler, “Para Juragan kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah, kedah tunduk ka Juragan-juragan atanapi kedah tumut kana timbalan Allah.

[20] Sim kuring moal tiasa upami dugi ka henteu nyanggemkeun perkawis eta, anu parantos katingal sareng kakuping pribadi.”

[21] Mahkamah beuki ngancam; tapi ngan semet kitu, teu bisaeun ngahukum, lantaran jalma-jalma anu narenjo eta mujijat kabeh maruji ka Allah. Tungtungna Petrus jeung Yohanes dibebaskeun.

[22] Jelema anu kakara cageur ku jalan ajaib tea umurna geus opat puluh taun leuwih.

[23] Sanggeus bebas, Petrus jeung Yohanes terus mendakan pakumpulanana. Sagala kasauran imam-imam kapala jeung para kokolot teh dicarioskeun.

[24] Geus kitu pakumpulan teh samiuk neneda ka Allah, kieu panedana, “Nun Pangeran, Gusti nu ngadamel langit, bumi, laut sareng saniskanten eusina!

[25] Gusti kapungkur ngandika ku Roh Suci ka Daud kawula Gusti karuhun abdi sadaya. Ku anjeunna disaurkeun kieu, ‘Eta jelema-jelema anu henteu nyarembah ka Allah, ku naon amarah? Eta bangsa-bangsa, ku naon ngareka perkara anu mubadir?

[26] Raja-raja di bumi tatan-tatan, pamingpin-pamingpin sakait, rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Kristus-Na.’

[27] Margi saleresna Herodes, Pontius Pilatus, sareng jalmi-jalmi anu henteu nyarembah ka Allah kitu deui urang Israil, di ieu kota parantos karumpul bade ngalawan ka Yesus, Abdi Suci Gusti, anu ku Gusti dijenengkeun Jurusalamet.

[28] Maranehna parantos rempug bade ngahalang-halang perkawis anu ku Gusti parantos ditangtos baris kajadian.

[29] Nun Pangeran, tingali kumaha ngancamna maranehna ka abdi sadaya. Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.

[30] Mugi ku pitulung Gusti abdi-abdi tiasa nyageurkeun anu aludur, sareng ku kawasana jenengan Yesus Kristus Abdi Suci Gusti, tiasa ngayakeun hal-hal anu ajaib sareng mujijat-mujijat anu luar biasa.”

[31] Tamat pakumpulan nenedana, tempat anu keur dipake kumpul teh inggeung. Aranjeunna dieusian Roh Suci, jadi kacida laludeungna nguarkeun pangandika Allah.

[32] Pakumpulan anu palercaya teh estu saniat sapikir, sabanda saboga. Harta bandana sorangan ge teu diaku bogana pribadi, sagala pangabogana dipake keur kapentingan babarengan.

[33] Ari rasul-rasul mertelakeun hal gugahna Gusti Yesus tina pupus teh gede pisan pangaruhna sarta kacida diberkahanana ku Allah.

[34] Di eta pakumpulan teh taya pisan saurang oge anu hirupna kakurangan. Nu baroga lahan atawa imah dijarual,

[35] beubeunanganana diserenkeun ka rasul-rasul, duitna dibagi-bagi, gedena panta-panta nurutkeun pangabutuh masing-masing.

[36] Yusup oge anu turunan Lewi asal Siprus, anu ku rasul-rasul dilandi Barnabas (hartina “Panglipur”), ngajual lahan milikna, duitna diserenkeun ka rasul-rasul.

Carios Padamelan Rasul-Rasul — Chapters