Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 8:43

[1] Dina poe Pentakosta, umat anu palercaya teh karumpul di hiji tempat.

[2] Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede, tuluy minuhan saeusi imah anu keur dicaralikan.

[3] Breh katembong ku aranjeunna aya anu tingsuliwer hurung saperti seuneu, bangunna siga letah-letah, areunteup ka sakur anu araya di dinya.

[4] Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen, nurutkeun gerak ti Roh Suci tea.

[5] Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah.

[6] Barang ngadarenge sora ngaguruh kitu, jalma-jalma teh ngadareugdeug ka dinya. Maranehna pohara karageteunana ngadarenge rasul-rasul salasauran dina basa-basa maranehna masing-masing,

[7] kabeh ngarasa helok. Pok ngaromong, “Eta nu ngaromong dina basa-basa sejen teh lain urang Galilea?

[8] Aneh, kumaha pangna barisaeun basa-basa urang?

[9] Urang teh aya anu ti Partia, ti Media, jeung ti Elam; ti Mesopotami, ti Yudea, jeung ti Kapadokia; ti Pontus, jeung ti Asia;

[10] ti Prigia jeung ti Pampilia, ti Mesir, jeung ti daerah-daerah Libia deukeut Kirena. Aya anu ti Rum,

[11] boh bangsa Yahudi, boh bangsa-bangsa sejen anu arasup agama Yahudi; aya oge anu ti Kreta jeung ti Arab, tapi kabeh ngarti ka nu diucapkeun ku aranjeunna dina basa urang masing-masing, nyaurkeun hal padamelan Allah anu arajaib!

[12] Alamat naon ieu teh?” ceuk maranehna tingpelengek heran.

[13] Tapi aya oge anu maroyok pokna, “Wah, eta mah nu keur marabok! Loba teuing nginum anggur!”

[14] Neut Petrus ngadeg direncangan ku sawelas rasul deui, pok sasauran ka jalma rea, “Dulur-dulur sasama urang Yahudi, jeung sakumna urang Yerusalem!” saurna bedas. “Geura regepkeun! Kaula rek nerangkeun alamat ieu kajadian.

[15] Kaula teh lain marabok, saperti panyangka aranjeun, sabab ayeuna teh kakara pukul salapan isuk.

[16] Ieu kajadian teh enyana mah geus disaurkeun ti heula ku Allah make parantaraan Nabi Yoel, kieu:

[17] ‘Dawuhan Allah, Kieu pidameleun Kami dina ahir jaman. Roh Kami rek dikucurkeun ka unggal jalma. Anak-anak maraneh lalaki, awewe, ngembarkeun dawuhan Kami. Nu ngarora bakal mareunang tetenjoan, nu karolot bakal mareunang impian.

[18] Dina jaman eta, dalah abdi-abdi Kami, awewe, lalaki, bakal dikucuran Roh Kami, sina ngutarakeun dawuhan Kami.

[19] Kami rek ngayakeun mujijat-mujijat, anu araheng di langit, anu arajaib di bumi. Getih, seuneu, jeung mega kandel.

[20] Panonpoe bakal jadi poek, bulan jadi beureum kawas getih. Kitu, samemeh datang mangsa rawuhna Gusti, Poe anu agung jeung mulya.

[21] Sing saha anu nyambat pitulung Gusti, tangtu disalametkeun.’

[22] Raregepkeun, dulur-dulur sasama urang Israil! Kakawasaan Yesus urang Nasaret geus nyata ka aranjeun, dibuktikeun ku padamelana-Na iasa ngajalankeun padamelan-padamelan Allah anu ajaib jeung araheng. Hal eta keur aranjeun geus teu matak bireuk, lantaran kajadianana oge di aranjeun keneh.

[23] Yesus teh ku Allah memang geus dipastikeun baris diserenkeun kana kakawasaan aranjeun, saluyu jeung rarancang-Na ku manten. Ku aranjeun ditelasan, pupus disalibkeun ku jelema-jelema anu daroraka.

[24] Tapi Anjeunna ku Allah geus ditanghikeun tina pupusna, ucul tina kakawasaan maot, sabab mustahil maot bisaeun nahan Anjeunna.

[25] Hal ieu sapagodos jeung anu disaurkeun ku Daud kieu: ‘Abdi ningal Gusti saban wanci, nu mawi moal galideur, reh ku Anjeunna diaping.

[26] Ku margi kitu abdi tansah bingah ati, biwir teu kendat mumuji. Najan abdi bakal maot, tangtos tengtrem ngantos di jero kuburan.

[27] Reh ku Gusti moal diantep di dunyana anu maraot; Gusti moal ngantep raga abdi-Na nu satia reksak binasa.

[28] Abdi dituduhan jalan kana hirup, nu sajati, diliputan kabagjaan, reh ku Gusti disarengan.’

[29] Dulur-dulur, sim kuring rek nyarita ka aranjeun terus terang hal Daud karuhun urang anu kamashur. Anjeunna pupus, pajaratanana aya nepi ka kiwari di tanah urang.

[30] Anjeunna teh nabi, ti anggalna geus uningaeun yen turunan anjeunna bakal aya saurang anu ku Allah bakal dijenengkeun raja sakumaha anjeunna, sabab Allah geus maparin jangji kalawan sumpah ka anjeunna.

[31] Kana hal anu bakal dipidamel ku Allah ka hareup, nya eta nanghikeun Kristus Jurusalamet ti nu maraot, anjeunna geus dipaparin uninga ti memehna, nu matak iasaeun nyarioskeun, kieu saurna: ‘Anjeunna moal diantep di dunyana anu maraot; salira-Na moal ruksak di jero kuburan.’

[32] Nya Yesus eta anu ku Allah ditanghikeun deui ti nu maraot teh, kaula sarerea saksina, anu naringal kajadianana.

[33] Anjeunna geus dijungjung luhur, kenging tempat di tengeneun Allah, Rama-Na, nampi Roh Suci anu dijangjikeun. Tah anu ayeuna keur kataringal jeung kadarenge ku aranjeun teh nya eta lungsurna Roh Suci ka kaula sarerea, hiji kurnia ti Anjeunna.

[34] Daud ku anjeun henteu munggah ka sawarga, tapi iasaeun nyaurkeun kieu: ‘Pangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Geura calik di katuhueun Kami,

[35] nepi ka musuh-musuh Hidep ku Kami dijieun jojodog titincakan Hidep.’

[36] Ku sabab kitu sakumna urang Israil perlu terang enya-enya, yen anu ku Allah geus dijenengkeun Gusti jeung Jurusalamet teh nya eta Yesus anu disalibkeun ku aranjeun tea.”

[37] Jalma-jalma anu ngabarandungan kabeh tinghareruk, tuluy ngaromong ka Petrus jeung ka rasul-rasul lianna, “Kedah kumaha kuring sadaya teh, para saderek?”

[38] Saur Petrus, “Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.

[39] Sabab hal eta dijangjikeunana ku Allah teh pikeun aranjeun saanak incu, jeung pikeun anu araya di tempat-tempat anu jarauh, cindekna pikeun sakabeh, anu bakal disalaur ku Pangeran Allah urang.”

[40] Kitu Petrus maparinna pertelaan ka jalma-jalma sarta rea-rea deui kasauranana mepelingan ka maranehanana, “Luputkeun diri aranjeun tina hukuman anu geus pasti bakal keuna ka ieu bangsa anu jahat!”

[41] Loba pisan jelema anu palercaya ka anu dipertelakeun ku Petrus, tuluy maranehanana dibaptis. Dina poe eta, jelema-jelema anu palercaya teh nambahan kira-kira tilu rebu urang,

[42] kabeh pada saregep kana piwulang rasul-rasul, kana samiuk kumpul, samiuk dahar, jeung kana samiuk neneda.

[43] Rasul-rasul pada mikahelok jeung pada mikaajrih lantaran sering ngayakeun hal-hal anu aheng.

[44] Jalma-jalma anu geus palercaya beuki silih raketan, kabeh raridoeun pangabogana dipake keur kaperluan sarerea.

[45] Barang-barang jeung harta bandana dijarual, duitna dibagikeun, gedena panta-panta nurutkeun pangabutuhna masing-masing.

[46] Unggal poe kumpulan di Bait Allah, dalaharna pindah-pindah imah bagilir dibarengan ku langsar hate

[47] jeung maruji ka Allah, tur dipikaresep ku jalma rea. Jumlahna saban poe nambahan bae, beuki loba anu disalametkeun.

Carios Padamelan Rasul-Rasul — Chapters