Skip to content
Opens in a new window

[1] Jalma-jalma teh ingetan ku hidep yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara, ta'at tur siap ngalakonan sarupaning anu hade.

[2] Elingan yen ulah ngagogoreng batur, kudu runtut jeung someah, ka itu ka ieu kudu darehdeh.

[3] Urang sorangan ge bareto mah bodo, bantahan, sasar, jadi budakna hawa napsu jeung rupa-rupa kasukaan, hirup dikepung ku rasa timburu jeung dengki, batur ngewa ka urang, urang ngewa ka batur.

[4] Geus kitu datang kasaean jeung asihing Allah Jurusalamet urang,

[5] urang teh dijait disalametkeun. Tapi disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na, anu dilaksanakeunana ku Roh Suci. Rereged diri urang teh ku Roh Suci dikumbah beresih, nepi ka hirup urang jadi anyar.

[6] Allah ngalimpahkeun Roh Suci ka urang teh ku jalan Yesus Kristus Jurusalamet urang.

[7] Ku karana kurnia-Na eta, urang teh ku Allah diangken deui, sarta dimilikan hirup anu langgeng anu dicileuk ku urang tea.

[8] Ieu hal anu diomongkeun ku bapa teh sabenerna. Anu matak hal ieu pangpangna ku hidep kudu diterangkeun sing jentre, supaya anu palercaya ka Allah satekah polah migawe hal-hal nu hade, anu aya paedahna pikeun balarea.

[9] Tapi mun aya anu ngabantah ku alesan-alesan anu gejul, atawa mun aya anu nyabit-nyabit turunan, anu pasea atawa gelut ku hal Hukum Agama Yahudi, singkiran bae da taya gunana, taya untungna.

[10] Jelema anu mecah belah jamaah pepelingan sakali, dua kali, teu ngadenge keneh mah tinggalkeun ulah dideukeutan deui,

[11] sabab tetela ana kitu mah geus ingkar. Ciri yen manehna salah, kapan eta kalakuanana kitu teh dosa.

[12] Bapa arek ngajurung Artemas atawa Tihikus ka dieu; lamun geus datang, hidep sabisa-bisa kudu buru-buru nepungan ka bapa di Nikopolis, sabab bapa arek nganjrek di dinya satungtung usum tiris.

[13] Senas ahli hukum tea jeung Apolos, bantu sakuat-kuat supaya bisa bral ngayakeun perjalanan, urus bekelna sing cukup.

[14] Batur-batur urang saagama sina dialajar parigel kana panggawe hade, sangkan nyukupan anu enya-enya dipikabutuh. Harirupna ulah nepi ka teu guna.

[15] Aya salam keur hidep ti dulur-dulur anu reureujeungan jeung bapa. Salam deuih ti bapa ka dulur-dulur sakapercayaan. Mugia anu di darieu meunang berkah ti Allah. cl Wassalam, Paulus

Titus — Chapters