[1] Ari hidep mah ngajar teh sing cocog jeung asas pangajaran anu bener.
[2] Lalaki anu geus karolot papatahan yen kudu nyaho ka diri, kudu nyaring pikir, kudu bisa nahan perasaan, bijaksana, bener nyekel kapercayaanana, nyaahan, tabah.
[3] Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,
[4] ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,
[5] kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.
[6] Barudak ngora papatahan yen kudu ngawasaan diri.
[7] Hidep pribadi kudu nyontoan hade. Sing suhud, sing tigin ngajar teh,
[8] kecap-kecapna kudu sing peryoga, ulah matak ngondang picawadeun, supaya anu ngamusuh ge eraeun lantaran teu manggih omongkeuneun, nepi ka teu bisaeun ngagogoreng ka urang.
[9] Anu kumawula papatahan yen kudu ngesto ka dunungan, sing matak pikaresepeun juraganana dina sagala perkara, mun diomongan ulah nyental,
[10] ulah ceceremed, sing kaciri hade watek jeung satia, sagala peta sing matak jadi puji kana piwulang hal Allah Jurusalamet urang.
[11] Sabab Allah teh geus nurunkeun nugraha-Na kersa nyalametkeun sakabeh manusa.
[12] Eta nugraha Mantenna teh ngadidik sangkan urang miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah,
[13] ngadago Poe berkah anu ku urang dicileuk, anu ngebrehkeun kamulyaan Allah urang anu agung jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus.
[14] Anjeunna geus ngurbankeun salira-Na pipaedaheun urang, supaya urang bisa disalametkeun tina sagala kajahatan, jadi umat suci kagungana-Na ku anjeun, umat anu rajin ngalampahkeun kahadean.
[15] Pek eta kabeh ajarkeun ku hidep. Ari ngajar, boh dina ngawawadian, boh dina ngaweweleh, kudu aya wibawa, ulah beunang dihahangu ku nu ngadengekeun.