Skip to content
Opens in a new window

[1] Sakur imam agung dipilihna ti sasama manusa, diangkat pikeun jadi wawakil sasamana manusa ngalalayanan Allah, kapapancenan ngahaturkeun pangbakti-pangbakti jeung kurban-kurban panebus dosa.

[2] Ku sabab dirina oge rea kalemahanana, imam agung bisa lemah lembut ka jelema anu taya kanyaho jeung rea salahna.

[3] Ku sabab dirina ge sipat lemah, ngurbanna teh lain ngan pikeun nebus dosa jalma rea bae, tapi keur dirina oge.

[4] Imam agung teu aya anu ngajenengkeun maneh, sabab kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Harun contona.

[5] Kristus oge kitu, jadi Imam Agung teh henteu ngangkat anjeun, tapi dijenengkeun ku Allah. Kieu dawuhan Allah ka Anjeunna, “Hidep Putra Ama, poe ieu Ama jadi Rama Hidep.”

[6] Dina kasempetan sejen kieu dawuhan Allah, “Hidep jadi Imam langgeng saperti Imam Melkisidik.”

[7] Waktu keur jumeneng keneh di ieu bumi, Yesus sasambat bari medal cisoca ka Allah, anu iasa ngaluputkeun Anjeunna tina ancaman pati. Ku sabab rendah manah jeung ajrih, paneda-Na ku Allah dikabul.

[8] Yesus sanajan Putra Allah, tumut sarta sadrah nandangan sangsara.

[9] Ku sabab kitu sanggeus dijadikeun sampurna, Yesus teh jadi sumber kasalametan jelema-jelema anu aranut ka Anjeunna,

[10] sarta ku Allah diembarkeun jadi Imam Agung golongan Melkisidik.

[11] Hal Yesus jadi Imam Agung, loba anu perlu diterangkeun, tapi hese nerangkeunana, lantaran aranjeun kendor kana ngarti.

[12] Geus sakitu lilana dialajar dina hambalan kahiji pangajaran-pangajaran ti Allah, kuduna mah ayeuna geus jaradi guru tina hal eta. Ari pek masih keneh kudu diajar ku batur, can bisa meuweung anu teuas-teuas, kakara bisa kana susu.

[13] Anu disusuan keneh mah orok, anu tacan boga pangalaman, tacan nyaho salah jeung bener.

[14] Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.

Ibrani — Chapters