[1] Jaman baheula Allah sering ngandika ka karuhun urang, make rupa-rupa cara, ditepikeunana ku nabi-nabi.
[2] Ayeuna, dina jaman ahir, ngandika-Na ka urang ku perantaraan Putra-Na, anu geus digadangkeun bakal diserenan hak kana saniskara hal. Allah ngajadikeun langit jeung bumi oge ku perantaraan Putra-Na,
[3] anu nyumiratkeun cahaya gumilang kamulyaan Mantenna, sarta anu kaayaana-Na nyeples Allah ku manten. Anjeunna murba ka sajagat raya ku kakawasaan pangandika-Na. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosana, Anjeunna linggih di sawarga, di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.
[4] Allah ngajungjung Putra-Na leuwih ti batan ka para malaikat. Jenengan anu dipaparinkeun ka Putra-Na leuwih agung ti batan ngaran-ngaran malaikat.
[5] Taya hiji malaikat anu ku Allah ditimbalan kieu, “Hidep Putra Ama. Ayeuna Ama jadi Rama Hidep.” Hal ngeunaan malaikat, Allah henteu ngadawuh, “Kami bakal jadi Rama-Na, Anjeunna bakal jadi Putra Kami.”
[6] Waktu Allah ngutus eta Putra cikal, Mantenna nimbalan kieu, “Malaikat Allah kabeh kudu nyembah ka Anjeunna.”
[7] Anu ngeunaan malaikat mah kieu timbalana-Na, “Malaikat-malaikat-Na ku Mantenna dijadikeun angin, abdi-abdi-Na dijadikeun seuneu hurung.”
[8] Ari ngeunaan Putra-Na, kieu dawuhan Allah, “Karajaan Hidep, ya Allah, pingadegeun salalanggengna. Hidep ngereh reujeung adil.
[9] Hidep mikasuka anu bener, mikagiruk anu salah. Eta sababna Hidep dipilih ku Ama, Allah Hidep, disukakeun ku harkat luhur, ngungkulan batur-batur.”
[10] Dawuhana-Na deui, “Ya Pangeran, mimitina Hidep ngajadikeun bumi, sarta ngajadikeun langit ku metakeun panangan.
[11] Eta kabeh bakal musna, bakal bobo cara lawon, demi Hidep mah bakal tetep aya.
[12] Sakuliah alam ku Hidep bakal ditilepan kawas pakean, bakal disalin lir ganti baju. Hidep mah moal barobah, bakal jumeneng salalanggengna.”
[13] Taya hiji malaikat-Na anu ku Allah didawuhan kieu, “Hidep geura calik katuhueun Ama, nepi ka musuh-musuh Hidep ku Ama dijieun jojodog tincakeun Hidep.”
[14] Lamun kitu, naon ari malaikat? Malaikat-malaikat mah roh anu ngawula ka Allah, anu ku Mantenna diutus pikeun ngabarantu jelema-jelema anu bakal nampa kasalametan.