[1] Hal aranjeun rek ngumpulkeun duit sumbangkeuneun ka umat Allah di Yudea, pake cara anu ku sim kuring dipituahkeun ka Jamaah di Galata.
[2] Unggal poe Minggu aranjeun masing-masing kudu nyengcelengan sakadugana, nurutkeun pangala. Duitna kumpulkeun, supaya ari sim kuring datang duitna geus aya.
[3] Engke ari sim kuring geus di dieu eta sumbangan kari nganteurkeun ka Yerusalem, anu ngalanteurkeunana rek dibahanan surat.
[4] Bisi diperlukeun mah sim kuring oge daek ngabarengan indit.
[5] Pidatangeun sim kuring ka aranjeun teh sanggeusna ti Makedoni, sabab sim kuring arek make jalan ka Makedoni.
[6] Di aranjeun tangtu ngendek heula sawatara waktu, kawasna salila usum tiris.
[7] Jadi sim kuring lain ngan sakadar rek nyimpang, tapi hayang rada lila. Mugia Allah marengkeun.
[8] Tapi nepi ka poe Pentakosta mah rek di Epesus bae heula,
[9] sabab loba kasempetan pikeun ngajalankeun hal-hal anu parenting, sanajan loba anu bakal ngahalang-halang.
[10] Lamun Timoteus datang aku sing bener supaya betaheun, sabab manehna oge digawe pikeun Gusti cara sim kuring.
[11] Ku aranjeun ulah dimomorekeun. Dina waktu rek mulangna deui ka sim kuring ku aranjeun kudu dibantu. Ku sim kuring jeung ku dulur-dulur sejenna keur kacida diarep-arepna.
[12] Apolos geus sababaraha kali dijujurung manggihan aranjeun bareng jeung nu sejenna, tapi bingbangeun keneh. Ari geus rineh mah tangtu anjeunna ka dieu.
[13] Didoakeun aranjeun sing waspada jeung tetep percaya.
[14] Sakur anu dilampahkeun ulah tinggal ti kanyaah.
[15] Aranjeun tangtu warawuh ka Stepanus sakulawarga, urang Ahaya anu pangheulana jaradi Kristen, sarta geus ngabaktikeun dirina pikeun ngalalayanan umat Allah.
[16] Sing narurut ka anjeunna. Jelema nu kawas anjeunna, kitu deui anu ngabarantu ka anjeunna, memang pantes lamun diturut.
[17] Sukur aranjeunna, Stepanus, Portunatus, jeung Akaikus, geus araya di aranjeun. Sim kuring kacida bungahna lantaran asa kawakilan sabot sim kuring can datang.
[18] Aranjeunna lir panghurip pikeun sim kuring, kitu deui pikeun aranjeun. Jelema-jelema saperti aranjeunna pantes diajenan.
[19] Aya salam ti jamaah-jamaah di propinsi Asia. Salam ti Akwila jeung Priskila kitu deui ti anggota-anggota jamaah anu nyieun kumpulan di imahna.
[20] Salam ti sakabeh dulur-dulur sejenna. Sing silih bageakeun, silih pikasono, silih pidulur.
[21] Panambahna salam anu ditulisna ku sim kuring sorangan: Salam ti sim kuring, Paulus. *
[22] Saha-saha anu teu nyaaheun ka Gusti, mugia sing meunang hukuman ti Allah! Maranata -- Gusti, geura sumping!
[23] Mugi-mugi aranjeun dirahmat ku Gusti Yesus.
[24] Sakieu surat sim kuring, anu nyaah ka aranjeun ku karana Kristus Yesus. cl Wassalam, Paulus