Skip to content
Opens in a new window

[1] Inget dulur-dulur, kajadian anu keuna ka karuhun urang waktu maranehna nuturkeun Musa. Maranehna dijaga ku mega, salamet meuntasan Laut Beureum.

[2] Pikeun jadi umat asuheun Musa maranehna dibaptis di jero mega jeung di jero laut.

[3] Dalaharna kabeh sarua, roti rohani,

[4] ngarinumna kabeh sarua, inuman rohani anu bijil tina batu karang rohani, anu ngabarengan maranehna sapanjang jalan. Eta batu karang rohani teh Kristus ku anjeun.

[5] Tapi sanajan kitu, kalolobaanana mah maranehna teh ngalantarankeun Allah teu senang manah-Na. Balukarna maranehna tinggolepak maraot, mayit-mayitna balatak bacacar di gurun keusik.

[6] Eta kabeh jieun pieunteungeun, ulah mikahayang hal-hal anu matak doraka cara maranehanana,

[7] ulah nyarembah brahala kawas sabagian maranehanana. Kitab Suci nyebutkeun, “Eta jelema-jelema dariuk dahar nginum, tuluy marotah marabok inuman jeung igel-igelan.”

[8] Ulah nyieun kalakuan aeb kawas sabagian maranehanana, balukarna dua puluh tilu rebu urang ti maranehanana maraot di jero sapoe.

[9] Urang ulah ngadoja ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana maraot dipacok oray.

[10] Urang ulah gegelendeng ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana dibasmi ku Malaikat Maot.

[11] Eta kajadian-kajadian anu keuna ka maranehanana teh pikeun conto ka nu sejen, mepelingan ka urang anu hirup dina jaman ahir.

[12] Ulah rasa maneh geus nangtung ajeg. Anu boga rasa kitu kudu ati-ati bisi tigubrag.

[13] Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.

[14] Ku sabab kitu dulur-dulur, omat ulah nyarembah ka brahala.

[15] Pek ieu omongan sim kuring teh lalenyepan, da aranjeun teh jelema ngalarti.

[16] Waktu urang nginum anggur tina lumur dina Jamuan Gusti anu ku urang disukurkeun ka Allah, eta ciri urang kaserepan ku getih Kristus. Roti anu ku urang dipecah-pecah didahar dina eta Jamuan, ciri diri urang ngahiji jeung salira Kristus.

[17] Ku sabab roti anu didahar dina eta Jamuan teh tina roti anu sasiki, eta nyirikeun yen urang sanajan loba ge tunggal sahiji sabadan.

[18] Tengetkeun urang Israil: Anu dalahar kurban haturkeuneun ka Allah tina altar, nya eta jelema-jelema anu ngahijikeun hirupna kana eta altar.

[19] Naon ieu maksud sim kuring? Rek malibir nyebutkeun yen brahala atawa susuguhna aya hartina?

[20] Lain kitu! Maksud eta ucapan kieu: Kurban anu disuguhkeun dina altar umat brahala lain dihaturkeun ka Allah, tapi disuguhkeun ka roh-roh jahat. Sim kuring nyarek aranjeun ngahiji jeung roh jahat.

[21] Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.

[22] Kajaba ari rek mapanas ka Gusti mah! Lamun kitu, naha manusa teh leuwih kuat ti batan Anjeunna?

[23] “Urang mah kumaha ge meunang,” kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. “Kumaha ge meunang” -- henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.

[24] Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.

[25] Aranjeun meunang ngadahar masakan daging naon bae anu dijual di pasar, teu kudu curiga nanyakeun.

[26] Sabab ceuk Kitab Suci, “Bumi jeung sagala eusina kagungan Pangeran.”

[27] Upama diondang dahar ku anu henteu saagama sarta aranjeun nedunan pangondangna, naon susuguhna dahar ulah asa-asa, ulah nanyakeun naon-naon, teu kudu curiga.

[28] Tapi lamun aya anu ngaharewosan, “Ieu masakan urut nyuguh brahala,” eta masakan ulah didahar, tanda nganuhunkeun geus dibejaan jeung demi kayakinan;

[29] lain kayakinan sorangan, tapi kayakinan jelema nu ngabejaan. “Wah,” kitu meureun ceuk salah saurang, “kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku kayakinan batur?

[30] Ieu dahareun ku kuring geus disukurkeun ka Allah. Kuring geus muji sukur nganuhunkeun ieu rejeki ti Allah, naha make teu meunang ngadahar?”

[31] Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.

[32] Ku jalan kitu urang moal nepi ka ngalantarankeun batur labuh kana dosa, boh urang Yahudi, boh nu lain urang Yahudi, kitu deui jamaah Allah.

[33] Kitu sim kuring mah, hayang ulah ngaraheutan hate batur, dina sagala rupa hal sok ngaraskeun ka nu sejen, tara hayang senang sorangan, lantaran hayang nyalametkeun maranehanana.

1 Korinta — Chapters