[1] Anjeun kudu ngawawadian Jamaah, supaya tunduk ka anu nyekel pingpinan, nurut kana pituduhna, sarta siap nohonan gawe nu hade.
[2] Ulah sok upat-sinuat ulah nyiar picekcokeun, hade tata hade basa ka itu ka ieu.
[3] Da urang ge tadina mah cupet, bantahan ka Allah, sasar, jeung jadi bujang kahayang, tukang ngumbar kasukaan, pikacuaeun batur bari silih pikangewa.
[4] Sukur, Allah, nu jadi Juru Salamet geus mintonkeun welas asih-Na,
[5] kersa nyalametkeun ka urang. Lain pedah urang hade laku; tapi eta mah, saestu ku karana sih piwelas-Na bae; Ari Mantenna nyalametkeun urang teh, nya eta ku jalan urang geus enya-enya narima baptisan anu ngalambangkeun yen urang teh geus ngajadi hiji jelema anu anyar dijurukeun sarta narima hirup anu salawasna dianyarkeun ku Ruh Allah.
[6] Eta Ruh Allah, dipaparinkeun ku Allah ka urang teh tanpa wates wangen, ku perantaraan Isa Al Masih, Juru Salamet urang.
[7] Ku berkahna sih kurnia Isa Al Masih, urang teh bisa nyorang hirup anu bener, tur aya hak meunang warisan tina hirup anu langgeng, anu keur diarep-arep tea.
[8] Ieu teh pasti, hamo gagal. Omat, hal ieu muga ditetelakeun enya-enya ku anjeun, sangkan anu keur aribadah teh suhud junun dina kahadean. Tanwande gede tur alus mangpa'atna.
[9] Ulah sina beunang kapancing ku anu niat ngajak padu sual berendelan ngaran-ngaran karuhun bari nyawalakeun ajaran Toret nepi ka matak parasea. Kalakuan kitu teh, siwah tur sama sakali taya gunana.
[10] Anu sok ngabengkahkeun mah, lamun geus teu beunang diingetan ku sakali dua kali, geus ulah dipirosea deui.
[11] Kama'lum ku anjeun ge, jelema kitu mah sasar, engke ge kahukum ku polahna sorangan.
[12] Upama utusan simkuring geus datang ka anjeun, duka Artemas duka Tihikus, sabisa-bisa anjeun kudu geuwat neang simkuring ka kota Nikopolis; sabab salila usum tiris mah, simkuring rek mukim heula di dinya.
[13] Pangnulungankeun Senas, ahli hukum tea, kitu deui Apolos. Sabisa-bisa, pangihtiarkeun sagala kaperluanana, sina maranehna buru-buru bisa mariang ngalakonan gawe.
[14] Dulur-dulur ge, ku anjeun nasehatan: Kudu dialajar digawe kituh, nyiar rejeki anu halal keur nyumponan pangabutuh sorangan, malar hirupna aya gunana.
[15] Dulur-dulur anu keur bareng jeung simkuring ayeuna, ngaririm salam. Pangnepikeun salam sono simkuring ka dulur-dulur saiman. Mugi-mugi rahmat Allah nyarengan ka saderek.