Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:16

[1] Tepikeun ku anjeun pangajaran anu sehat.

[2] Nu karolot, papatahan: Kudu rintih, asak jeujeuhan, make wibawa, mulus iman, nyaahan, jeung sabar.

[3] Kaum ibuna, papatahan: Kudu hirup sakumaha pantesna nu dipikolot, ulah upatan, ulah jadi budak inuman, kudu bisa mere pituah pupurieun,

[4] ngajar anu ngora sina nyaah ka salaki jeung ka anak,

[5] lantip, surti, jadi ibu rumah tangga anu utama, anu ngesto ka salaki, pikeun ngajaga supaya ulah aya anu ngagorengkeun kana pangandika Allah.

[6] Barudak ngorana kudu dididik sina harideng barisa mawa diri.

[7] Anjeun sorangan, kudu jadi picontoeun dina sagala hal. Mun ngawuruk, anjeun kudu jujur, enya-enya,

[8] basana sing ngaguluyur, ulah ngondang pibantaheun, sangkan nu niat ngalawan era sorangan tina teu manggih cawadeun ti anjeun.

[9] Anu karumawula, papatahan: Kudu nurut dina sagala rupa ka dunungan, ulah bantahan,

[10] ulah salingkuh, kudu beunang dipercaya salawasna, sagala pagaweanana kudu matak tambah jinungjungna ajaran Allah, Juru Salamet urang.

[11] Sabab Allah teh, geus maparin rahmat kasalametan ka sakumna manusa.

[12] Sih kurnia Mantenna teh ngandung pepeling, sangkan urang miceun lampah doraka jeung hawa napsu dunya; jaba ti eta, urang ge supaya nyaliksik diri, jujur, sopan, sarta ibadah dijaman kiwari;

[13] bari manteng kana pidatangeunana mangsaning rahayu, nya eta wanci ebrehna kamulyaan Allah jeung Juru Salamet urang Nu agung, Isa Al Masih.

[14] Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang, sangkan urang luput tina sagala nu jahat, ngajadi hiji umat anu geus disucikeun tina dosa, sarta rajin ngalampahkeun kahadean.

[15] Tah wurukkeun kitu. Dina mere sumanget jeung ngayakinkeun jelema, anjeun, sabisa-bisa kudu ngandung pangaruh; sangkan saha bae ge, ulah bisa ngajojore.

Titus — Chapters